LBNews.com. SOREANG, – Kasayagaan patugas Tim BPBD Kabupten Bandung katembong di Posko Rancabali BPBD nalika nulungan wisatawan anu ngalaman hipotermia alatan pangaruh suhu tubuh nurun sahandapeun normal, akibat kondisi cuaca, anu harita keneh langsung dirawat Tim Kasehatan, poe Rebo (2/4/2025) nak.
Nurutkeun Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama Bupati, wisatawan anu ngalaman hipotermia teh nyaeta Ahmad (17) jeung Sri (19) warga Kabupaten karawang Jawa Barat. Disebutkeun, hipotermia teh nyaeta kondisi medis darurat alatan nurunna suhu tubuh sacara dratis tur ngabahayakeun lamun henteu gancang-gancang dilakukeun upaya medis. Hipotermia nu paling umum dilantarankeun akibat lila teuing cicing di lingkungan anu suhuna kacida tirisna.
Disebutkeun oge, ieu dua wisatwan domestik asal Karawang teh, maksudna rek muru ka tempat destinasi wisata Gunung Patuha, “Mung ngadadak kabujeng ngalaman hipotermia,” jelas Uka Suska.
Uka Suska ngungkabkeun, petugas BPBD nu aya di Pos Pam Lebaran Rancabali samemehna kungsi ngayakeun tarekah darurat bareng jeung patugas nu ngokolakeun kawasan Kawah Putih, nyaeta ku cara dibalur kayu putih, dibahanan simbut jeung ngahaja ngayakeun durukan api unggun keur siduru supaya teu karasa teuing tirisna, jeung bisa ngahaneutkeun suhu awakna.
“Saterasna dilakukeun kominikasi call center panggilan darurat 112 kanggo dikirim ambulance,” pokna.
Sawatara, Bandung Dadang Supriatna sakmaha anu ditepikeun Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama nyebutkeun salila pengamanan Lebaran Idulfitri 1446 H/2025 M nepi ka poe Jumat ieu, teu aya kajadian musibah alam anu dilantarankeun tina kondisi cuaca.
inyana oge ngalaporkeun, nepi ka danget ieu, nincak poe kaopat lebaran pelaksanaan pengamanan Idulfitri 1446 Hijriyah taun 2025 Masehi di Kabupaten Bandung kaitung lungsur langsar, “Kondisina aman tur lancar,” pokna basa ditepungan di Posko Utama Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung, Soreang, Jumat (4/4/2025).
Salian ti ngayakeun evakuasi wisatawan anu ngalaman hipotermia, Uka Suska oge nnyebutkeun, pihakna kungsi narima laporan ngeunaan bantuan evakuasi warga di Desa Sayati, Kacamatan Margahayu alatan imahna kakeunaan. Korban dibawa ka imah keluara di Kacamatan katapang.
Pihak BPBD henteu cicingeun, gasik bae turun ka lapangan, mantuan warga anu kekeunaan banjir,” pungkasna.***