LBNews.com. KOTA BANDUNG – Pemda Provinsi Jawa Barat nyiapkeun alokasi anggaran anu gedena ngahontal angka Rp2,4 triliun pikeun ngurus jalan provinsi turta ngaganti atawa ngayakeun rehabilitasi jambatan di jalan provinsi.
Ieu fokus pikeun taun ayeuna jeung taun hareup, ceuk Dedi Mulyadi sakumaha diucapkeun dina akun instragram pribadina.
Nurutkeun KDM –sebutan akrab Dedi Mulyadi, sanggeus jalan provinsi kabeh kaayaanana sampurna, pihakna oge bakal mere stimulus ka kabupaten kota anu teu boga kamampuan anggaran pikeun ngurus jalan jeung jambatan.
Sakali deui anu teu boga kamampuan anggaran pikeun ngawangun jalan, sangkan sagancangna nyampurnakeun pangwangunan jalan kabupaten kota. Ti dinya, inyana pasti bakal ngayakeun evaluasi ngeunaan anggaran anu aya, ceuk Dedi.
“Ulah nepi ka ari keur jalan ngeuleuweuh, ari jang kagiatan lain henteu ngangluh,” tambahna.
Sedengkeun pikeun jalan desa, nurutkeun Dedi, geus aya dana desa. Tapi lamun mah desa-desa teu boga kamampuan alatan wilayahna lega jeung alokasina henteu nyukupan, pihakna bakal mere stimulus kana pangwangunan jalan desa.
“Stimulus bakal diturunkeun kalayan catetan, dana desana geus bisa dilaksanakeun sacara optimal, jeung biasana teu boga kamampuan kauangan pikeun ngawangun jalan alatan anggaran anu kawates, pokna deui.
Anggaranana diupayakeun sacara babarengan antara pemerintah desa, pemerintah kabupaten kota jeung pamarentah provinsi Jawa Barat, turta pamarentah pusat, ucapna deui.
Disebutkeun kewenangan ngokolakeun jeung ngungkulan pasualan jalan di Jawa Barat, sakumaha kauni dina UU Nomor 2 tahun 2022 ngeunaan jalan kabagi jadi sababaraha tingkatan, nyaeta Pamarentah Pusat ngabogaan tanggung jawab ngayakeun rehabilitasi jeung miara jalan nasional
Pemdaprov Jabar sakumaha anu dijalankeun ku DBMPR Jabar ngabogaan tanggung jawab dina ngurusm boh ngome, boh miara atawa ngayakeun jalan provinsi, kitu deui pemda kabupaten kota ngabogaan tanggung jawab lebah ngurus jalan kabupaten kota.
Dinas BMPR Jabar oge boga tanggung jawab ngayakeun koordinasi jeung ngalaksanakeun kaberes-roesan jalan provinsi di wilayah Jawa Barat, sarta memastikan yen jalan-jalan provinsi sakabehna aya dina kondisi nu hade jeung aman jadi balawirina liliwatan.
sawatara, nurutkeun data tingkat kemantapan jalan di Jawa Barat karek ngahontal 86,44 persen dina tungtung taun 2024 jeung ditargetkeun bisa ningkat jadi 87,51 persen dina ahir 2025 ku cara ngayakeun rehabilitas jalan anu diperkirakeun panjangna ngahontal 272 kilometer.
Ised saeutik jeung nu bakal dipigawe atawa ditargetkeun taun 2025, dina taun 2024, Dinas BMPR Jabar geus ngarengsekeun 221 kilometer jalan jeung ngomean lima jambatan.***
Dadan Sungkawa/sumber Humas Prov. Jabar