LBNews.com. IBUN, – Masarakat Desa Mekarwangi Kecamatan Ibun Kabupaten Bandung Jawa Barat miharep pisan pangwangunan sakola anyar, mangrupa sarana/prasarana Pendidikan, boh SMAN atawa SMKN. Seug komo lamun ngingetkeun ieu wewengkon desa teh pernahna di pasisian tepis wiring, di antara pasir jeung pagunungan, wates antara Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Garut, anu nepi ka danget kiwari ngarasa kasulitan lebah rek neruskeun Pendidikan ka tingkat SLTA negeri, da tacan aya bangunan sakola SMAN/SMKN di wewengkonna.
Nurutkeun pangakuan Kepala Desa Mekarwangi H. Endut Suratman, Masarakat Desa Mekarsari memang enya miharep pisan ngadegna sakola anyar, boh SMAN atawa SMKN. “Seueur lulusan SMP anu miharep tiasa neraskeun sakola ka jenjang anu langkung luhur atanapi ka SMAN atanapi SMKN,” pokna basa pareng tepung poe Sabtu (5/4/2025).
Kepala Desa Mekarwangi teu cicingeun. Satekah polah inyana terus merjuangkeun jeung nepikeun aspirasi katut harepan masarakat ka pihak pamarentah, utamana meredih ka pihak pamarentah provinsi Jawa Barat ngaliwatan Pamarentah Kabupaten Bandung.
Disebutkeun, pangwangunan sakola anyar SMAN/SMKN teh ngarupakeun kawenangan Pamarentah Provinsi jawa Barat. Jeung geus aya kana taunna pihak Pemdes Mekarwangi teu putus harepan, terus merjuangkeun. Ieu hal dilakukeun demi nyalametkeun generasai warga Desa Mekarwangi anu tetep sumenget hayang neruskeun sakola ka jengjang anu leuwih luhur, henteu ngan cukup nepi ka SMP. Nya, salasahijina pihak Pemdes Mekarwangi kudu bisa mantuan ngawujudkeun kahayang nu jadi masarakatna.
Anapon sakur tarekah jeung upaya anu geus dilakukan teh, salian ti ditepikeun dina babadamian jeung para angota BPD, oge ditepikeun langsung ka Bupati Bandung Dadang Supriatna anu harita dibarengan jeung jajaran OPD (organisasi Perangkat daerah) Kabupaten Bandung.
Harita, meh sataun katukang lilana, cindekna poe Salasa 17 September 2024 nu geu kalarung dina acara Rempug Bedas anu kabeneran tempatna di Desa Mekarwangi, pihak pamarentah Desa Mekarwangi disaksian ku masarakat ti rupa-rupa unsur nepikeun aspirasi ngeunaan aspirasi masarakatna ka Bupati Bandung tumali jeung harepan ayana pangwangunan sakola anyar SMAN/SMKN di Desa Mekarwangi.
Pikeun nguatkeun asapirasi masarakat anu kudu diperjuangkeun, Kepala Desa Mekarwangi H. Endut Suratman jeung Ketua BPD Mekarwangi Iwan Ardiansyah mingpin dilaksanana musawarah desa dina lolongkrang acara Rempug Bedas. Ieu kagiatan diluuhan ku sakumna unsur masarakat, nyaeta para ketua RT/RW, Perangkat Desa, LPMD, Linmas, kader PKK, tokoh masarakat, tokoh agama, tokoh pemuda, katut unsur sejenna.
Nurutkeun Endut, pihak Pemdes ngarojong saupamana pangwangunan sakola anyar SMAN/SMKN bisa ngawujud, jeung pihakna oge geus nyiapkeun lahan carik desa anu legana 42 hektare di kawasan Pasir Pogor atawa anu disingget ku sebutan Kawasan Paspor, 958 mdpl.
Tina lahan sakitu teh, keur pangwangunan sakola anyar SMAN/SMKN bisa dina lahan anu legana sahektar. Rencana pemanfaatan lahan carik desa pikeun pangwanguna sakola anyar SMAN/SMKN geus aya kasapukan ti sakumana masarakat sakumaha hasil musdes anu geus dilaksanakeun. Jadi, sual pemanfaatan lahan jang wangunan sakola SMAN/SMKN, tinggal dimanfaatkeun, pokna.
Endut miharep pangwangunan sakola anyar SMAN/SMKN bisa aya progress ka hareupna. Komo ayeuna nyanghareupan taun ajaran baru 2025/2026, pihak Pemdes Mekarwangi ngarasa perelu ngasakkeun boh dina wacana boh udagan rarancang pangwangunan sakola anyar anu sakirana bisa karealisasikeun.
Wacana ngadegna SMAN/SMKN di Desa Mekarwangi, salian ti jadi harepan masarakat, oge pikeun kawalatraan Pendidikan generasi di Kawasan pasisian tepis wiring anu salila ieu mindeng kaluli-luli. Sualna, nepi ka danget kiwari di Desa Mekarwangi atawa Kacamatan Ibun tacan aya SMAN/SMKN.
Endut nyebutkeun aya keneh bangbaluh yen para lulusan SMP anu rek neruskeun sakola ka jenjang Pendidikan SMAN/SMKN kudu nyorang perjalanan nepi ka puluhan kilometer. Kiwari, SMAN atawa SMKN ngan karek aya di kacamatan Majalaya jeung Solokanjeruk Kabupaten Bandung. Endut miharep, naon nu jadi harepan masarakat pikeun kalumangsungan Pendidikan di daerahna meunang perhatian ti sakumna pihak.
Aspirasi jeung harepan masarakat Desa Mekarwangi, Kacamatan Ibun saenyana henteu disebut mahiwal sabab geus dijamin dina Undang-Undang Nomer 20 taun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional (Sisdiknas) anu ngatur pasualan wajib belajar 12 taun. Diantarana kauni, tujuan pamarentah nerapkeun wajib belajar 12 taun teh nyaeta pikeun ngalegaan akses Pendidikan menengah jeung akses layanan pandidikan kalayan walatra. (ds-k)***