Kolom: LUKMAN HAKIM
Anapon ngeunaan Idul Fitri, aya tilu makna. Sakaol ulama aya nu ngamaknaan Idul Fitri téh, balik deui kana kasucian. Hartina satutas salila bulan Ramadhan umat Islam ngalatih diri, nyucikeun jasmani jeung rohanina, katut harepan dosa-dosana dihampura ku Allah SWT, mangka nalika nincak dina poé lebaran mah, maranehna geus suci deui scara lahir jeung batin. Sakaol deui ngamaknaan Idul Fitri téh, balik deui kana fitrah, atawa naluri réligius. Hal éta luyu jeung Alqur’an Surat Al-Baqarah, ayat 183, yén tujuan puasa téh, nyatana jalma nu ngalakonanna, jadi jalam nu taqwa, atawa ningkat kualitas réligiustas-na, Aya ogé nu ngamaknaan, Idul Fitri téh, nyéta balik deui, kana kaayaan, dimana umat Islam dimeunangkeun deui, tuang-leueut, dina wanci pabeubeurang, saperti biasana.
Kaol katilu makna kasebut bisa dicindekkeun yén dina nincak kana poé Idul Fitri, umat Islam diharepkeun ngahontal kasucian, lahir jeung batin, tur ngaronjatkeun kualitas réligiustitas-na Salah sahiji ciri manusa réligius mah, nyatana mibanda kapadulian kana nasib kaom nu leutik. Saperti diantarana dina Surat Al-Ma’un ayat 1-3, disebutkeun, nyatana, bohong upama aya nu ngaku-ngaku beragama, tatapi teu paduli ieuh kana nasib barudak yatim. Kecap barudak yatim dina ayat ieu, mangrupakeun réprésentasi tina kaom nu sangsara. Ku kukituna ku urang bisa dipahamkeun, yén umat Islam nu mampu, wajib masrahkeun zakat fitrah ka kaom fakir miskin. Tur pamasrahan zakat kasebut paling leuir kudu geus dipasrahkeun méméh shalat Idul Fitri. Ieu aturan ti Allah SWT téh, dimaksudkeun, ngarah, nalika masarakat Islam nu mampu sarukan-sukan, ulah aya kaom fakir miskin, nu malah sabalikna, saredih, juuh cimata, sabab teu bisa dahar-dahar acan. Dina seuhseuhanna mah agama Islam téh nekenkeun harmonisasi hubungan antar si kaya jeung si miskin. Nu baleunghar, diwajibkeun ngaluarkeun zakat mal (harta) pikeun dibagikeun ka dalapan asnaf (kelompok ), diantarana kaom fakir miskin.
Tina uraian di luhur, bisa dicindekkeun, yén Idul fitri téh mangrupakeun puncak tina hiji métode pendidikan méntal, nu lumangsung salila sabulan, pakeun ngawujdukeun profil manusa nu suci lahir batin. Tur mibanda kualitas, keberagaman nu luhur tur miara hubungan sosial nu harmonis.
Halal Bihalal Aya Makna Religiusitas-na?
Nurutkeun Dr. Quraish Shihab, halal bihalal téh mangrupakeun kecap majemuk, tina dua kecap bahasa Arab halala nu digondéng ku kecap penghubung ba dibaca jadi bi (Shihab 1992:317). Sok sanajan éta kecap asalna tina bahasa Arab, cenah mah masyarakat Arab na sorangan sok rungah-ringeuh, mun ditanya sual halal bihalal téh, enya, maksudna naha di Timur Tengah gé aya acara halal bilhalal siga di Indonesia? Jawabnya, henteu aya, cenah. Boro-booro halal bihalal, apan reres salat Ied gé tingarungkug wé, langsung ka imahna séwang-séwangan. Enya, sabab kecap jeung acara halal bihala mah, asli hasil krearivitas umat Islam Indonésia. Halal bihalal nyatana hasil pribumisasi tina ajaran islam ditengah tengah masyarakat urang, halal bihalal, mangrupakeun tradisi khas bangsa urang.
Sacara harfiah kecap halal bihalal, mibanda tilu makna. Kahiji “halal” mibanda harti dimeunangkeun, dina pengertian kahiji ieu, kecap “halal,” nyaéta lawan tina haram. Kadua, hartina “hadé.” Dina pengertian kadua, kecap halal, ogé aya kakaitanna jeung status kelayakan hiji kadaharan. Makna katiluna, kecap halal salawasna sok dihubungkeun kana kecap thayib (alus). Ngan baé teu kabéh nu disebut halal, salawasna maknana hadé. Cokot conto, talak, tina basa Arab thalaq = cerai. Sapeti nu ditegeskeun ku Rasullulah SAW : “Talak téh halal, ngan matak dipikangéwa ku Alloh.” Jadi dina lebah dieu, ukuran halal nu kudu dijadikeun padoman, lintang ti makna “dimeunangkeun,” ogé kudu aya hal-hal anu sipatna alus tur matak nyenangkeun. Tangtu aya panalekan, Sabage salah sahiji tradisi di Indonésia, naha halal bihalal, minbanda landasan théologis-na atawa réligiusitas-na? Dina Al-Qur’an Ali Imron: 134-135, diparéntahkeun, pikeun saurang Muslim, nu takwa, mun ngalakukeun kasalahan, paling henteu, kudu nyadar kana kalakuanna, tuluy ménta dihampura, kana kasalahanna, tur jangji moal deui-deui ngalakukan hal nu sarupa, sanggup nahan amarah, tur daék ngahampura, purun ngalakukeun kahadéan ka batur.
Tina ayat ieu, lintang ti aya makna nu kudu saling hampura, kaunggel ogé, yén halal bihalal téh, bisa dimaknaan sabagé hubungan antar manusa, pakeun sili interaksi ngaliwatan aktivitas nu teu dilarang, tur ngandung hal-hal anu matak ngagumbirakeun. Atawa bisa disebutkeun, yén satiap jalma téh, ditungtut supaya ulah ngalakukeun naon baé, iwal ti ngalakukeun hal-hal anu hararadé tur matak ngagumbirakeun hungkul. Atuh maknana anu leuwih lega deui, halal bihalal, sawadina mah, teu samata-mata ngan saukur lalambé hungkul, formalitas, tamba gado ngagayot, naha ngaliawatan lisan, dapon paantel reuma, atawa ngaliwatan, kartupos, SMS, telepon, facebook, twitter, what up, BBM, Instagram, atawa média sosial lainna. Kahayang mah, ulah ukur kitu, tapi kudu jeung prakna, enya-enya ngalakukeun kahadéan atawa ngagumbirankeun ka sasama. Muga muga. (TAMAT)****