Rabu, 18 Jun 2025
Lingkung Lembur

Kabandang Kaendahan Alam Rancabali, Camat Kankan: Primadona Pangjugjugan Wisatawan di Kabupaten Bandung Ngahasilkeun Milyaran Rupiah

Camat Rancabali Kankan Taufik Barnawan, S.I.P., nyebutkeun kunjungan wisatawan salila liburan lebaran idul fitri 1446 Hijriyah ka kawasan destinasi di Rancabali jeung sabudeureunana.***

SINOM RANCABALI

Mumunggang ombak-ombakan

Pakebonan nutup pasir

Alam endah panineungan

lingkung lembur lemah asri

Paningtriman tiis pikir

Loba pisan nu ngajugjug

Kaheroy ku alamna

Gunung paselang jeung pasir

Daun enteh ngampar sapasir salamping

(Dadan Sungkawa: Guguritan Nu Tugur di Tatar Ukur)

 

LBNews.com. RANCABALI – Sababaraha kawasan wisata di Kacamatan Rancabali Kabupaten Bandung masih jadi ikon destinasi wisata populer di Jawa Barat Indonesia.

Seug komo akses wisata Rancabali kiwari kaasup jalur alternatif lalu lintas wisatawan anu rek ka basisir pakidulan Jawa Barat, kayaning Kabupaten Grut, Cianjur, Sukabumi, Tasikmalaya jeung Pangandaran. Kaendahan basisir laut kidul ngabogaan daya magnet keur para wisatawan, hususna para wisatawan domestik.

Camat Rancabali Kankan Taufik Barnawan, S.I.P., nyebutkeun kunjungan wisatawan salila liburan lebaran idul fitri 1446 Hijriyah ka kawasan destinasi di Rancabali jeung sabudeureunana.

Dina jero saminggu libur Lebaran Hari Raya Idulfitri 1446 Hijriyah, tangtuna gede pangaruhna kana kahirupan ekonomi masarakat, husuna para pelaku usaha UMKM (Usaha Mikro, Kecil dan Menengah). Lanataran loba wisatawan anu ngadon reureuh jeung jarajan di warung-waerung anu nyadiakeun oge produk-produk ekonomi kreatif (ekraf) anu ngahaja dipasarkeun, ceuk Kankan basa ditepungan poe Minggu (6/4/2025).

Camat Kankan oge nyebutkeun, ramena kunjungan wisatawan ka kawasan Rancabal, tangtuna mangaruhan ka masarakat leutik anu turut ngadon usaha neangan rejeki tina sektor pariwisata.

“Kalayan nawarkeun kaayaan alam anu masih keneh alami, asri tur endah, seueur anu kabandang ngajugjug ka Kawasan Rancabali. Tangtosna ieu teh aya pangaruhna kana tingkat jugjugan wisatawan sareng ekonomi masarakat,” ceuk Kankan.

Inyana ngungkabkeun kaayaan alam Rancabali anu relative masih keneh weuteuh, masih cukup jadi daya tarik pikeun para wisatawan ti sababaraha daerah di Jawa Barat, nya kitu ti saluareun Jawa Barat.

“Ieu ngabuktikeun, yen saleresna, dina enas-enasna mah sing saha bae pasti masih keneh mikasono kana suasana alam nu endah tur asri. Kitu deui kaendahan basisir laut, pagunungan, pasir sareng mumunggang anu katingalna ombak-ombakan tur mayakpak hejo, matak linduh iuh kana titingalan. Di dieu peryogina urang sadaya ngarumat alam,” pokna nambahkeun.

Inyana ngungkabkeun nepi ka danget ieu, Kawasan wisata Rancabali masih jadi primadona wisata alam pikeun para wisatawan. Di Rancabali, destinasi wisata anu masih jadi pangjugjugan wisata teh, diantarana saperti Kawah Putih, Air Panas Walini, jeung tempat-tempat wisata alam nu lainna.

Nurutkeun pangakuan Camat Kankan, salila liburan lebaran idul fitri 1446 Hijryah para wisatawan anu ngajugjug distinasi wisata ka daerah Rancabali kacida rame jeung haneueun. Jeung pastina ngahasilkeun puteran kauangan anu henteu bisa dianggap enteng, “Dina lebet saminggu aya kirang langkung samilyaran rupiah, artos anu kaputerkeun di kawasan wisata Ranmcabali sareng sabudeureunana,” jelas Kankan.

Camat Kankan ngungkabkeun, putaran kauangan anu ngahontal akang milayaran henteu ngan saukur di kawasan destinasi wisata wungkul, para pelaku usaha UMKN oge tangtuna kacepretan rejekina.

Disebutkan, di Kecamatan Rancabali kacatet aya sakitar 2.400 pelaku usaha dumasar data NIB (Nomor Induk Berusaha) anu dikaluarkeun ku Pemkab Bandung.

Tumali jeung obyagna jugjugan wisatawan, Kankan ngungkabkeun yen para palaku usaha ngabogaan kawajiban pikeun ngolah jeung ngokolakeun runtah kaasup tempat-tempat runtah.

Disebutkeun ku inyana, pangaruh tina euyeubna kadatangan wisatawan anu ngahaja ngadongdon tempat wisata, geus pasti nimbulkeun amalayahna runtah. Pikeun nyinglar tumpukan runtah, nya wayahna kudu nungtut diropea jeung dikokolakeun sangkah henteu nepi ka ngahunyud atawa patulayah dimana wae.

“Mudah-mudahan ka payun, program Pa Bupati Bandung dina numpur-ludeskeun runtah tiasa karealisasi saenggalna,” ucapnya.

Kankan oge miharep ka para palaku usaha pariwisata atawa UMKM konsisten yen Rancabali kaasup kawasan wisata anu jadi jugjugan utama di Kabupaten Bandung Rancabali lantaran kondisi alamna anu memang unik tur alami.

Kaendahan alam Rancabali perlu terus dijaga. Ulah nepi ka lantaran demi factor rupiah jeung syahwat ngabangun tempat-tempat wisata, lingkungan wisata Rancabali henteu luyu kana ramah lingkungan. Kalestarian alam tetep kudu dijaga jeung dipulasara, pokna.

Camat Rancabali oge nganuhunkeun ka para wisatawan anu geus ngajadikeun Rancabali jadi pilihan atawa tujuan utama pikeun ngalaksanakeun kagiatan wisatana. Tapi, inyana oge meredih ka para wisatawan sangkan babarengan rumawat kana lingkungan alamna. Sabalikna, inyana oge sasadu patali jeung kamacetan anu remen jadi hahalang kana kalancaran di jalanna. Harepanana, mudah-mufahan ka hareup biasa aya solusi supaya leuwih nyaman deui.

Camat Kankan oge ngingetan ka para palaku usaha di Rancabali sangkan tetep ngajaga tur mulasara alam Rancabali.

“Rancabali jadi pangjugjugan alatan kabandang ku kaendahan alamna. Upama lain karana karamahan lingkungan, Rancabali pinasti bakal ditinggal ku para wisatawan,” ceuk Camat Kankan ngingetan.

Inyana miharep ka para palaku usaha sangkan nedunan kawajiban mayar pajeg tina kagiatan usahana.

“Ulah hiulap, sasih payun disetorkeun pajegna, malar pangwangunan di Kabupten Bandung tiasa langkung ningkat sareng para wisatawan langkung betah,” pungkasna. (ds-k)***

Tags:Destinasi WisataKankan Taufik BarnawanKecamatan Rancabali


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *