Tanah ma’mur Pangaléngan
Mun ku urang dikuriling
Atawa ditingalian
Palih ti wétan ngadingding
Watesna Gunung Bedil
Gunung Wayang, Gunung Windu
Ngantay jadi sajajar
Jiga nu pairing-iring
Ceuk urang téh, badé arangkat ka mana?
(Iasana Anah, Pupuh Sinom Tanah Ma’mur Pangalengan, 1930: Beschrijving van Pangalengan en Omstreken)
LBNews.com. PANGALENGAN, – Destinasi wisata Pangalengan geus sohor ti taun 1930-an. Salasaurang tokoh anu ngayakeun promosi wisata mangsa harita, diantarana nyaeta Nyi Anah anu ku urang Walanda mah di jujuluk Zangeres Dihteres van Tjiandjoer, (Juru Tembang jeung Rumpaka ti Cianjur). Samalah salasahiji karyana, dijadikeun buku panduan pariwisata, nu jejerna. “Beschrijving van Pangalengan en Omstreken. Éta buku keur jamanna mah, geus dianggap karya hébat, sabab mangarupa panduan wisata tatar Sunda, nu direumbeuy ku poto-poto katut peta anu kawilang detil.
Danget kiwari, pariwisata di Kecamatan Pangalengan Kabupaten Bandung anu geus heubeul jadi puseur perhatiam para wisatawan ti sababaraha daerah. Kondisi alam jeung warisan sajarah para preanger planter geus ngirut para investor jeung pelaku usaha pikeun nguniangkeun deui sektor pariwisata katut usaha sejenna.
Pikeun ngembangkeun sector pariwisata teu bisa lesot tina di konsep 5A anu ngawengku: atraksi (attraction), aksesibilitas (accessibility), akomodasi (accommodations), amenitas (amenities), jeung ancillary (ancillary).
Kamekaran destinasi wisata di Pangalengan salasahijina dirojong ku aksesibilitas atawa ningkatna ajen infrastruktur jalan anu nyambungkeun ka sababaraha obyek tujuan wisata sakumaha nu jadi udagan para wisatawan.
Plt. Camat Pangalengan Vena Andriawan nyebutkeun, patali jeung konsep pengembangan 5A widang pariwisata, 4A-na nu aya di saluareun accessibility, yaitu attraction, accommodations, amenities, jeung ancillary, aspek accessibility kacida gede pisan pangaruhna.
Lamun mah akses jalan hade atawa infrastrukturna mulus, mangka secara otomatis loba nu hayang ngadon ulin ka tempat wisata di sabudeureun Pangalengan, ceuk Plt. Camat Vena basa ngahaja ditepungan Minggu (6/4/2025).
Inyana ngaku, ngarasa syukur ku kapamingpinan Bupati Bandung Dadang Supriatna, kondisi infrastruktur jalan anu nyambungkeun ka kawasan destinasi wisata di Pangalengan katembong aya beuki ningkat dina taun 2024.
Ku ngaronjatna infrastruktur jalan gede pangaruhna kana pangjugjugan para wisatawan nu datang ka Pangalengan. Misilna bae, aya sababaraha destinasi wisata di Pangalengan anu geus kabantu ku ngaronjatna aksesibilitas atawa infrastruktur jalan dina ningkatkeun jumlah jugjugan wisatawan ka Pangalengan, jelas Vena.
Nurutkeun Vena, ku ningkatna ajen infrastruktur jalan teh bisa nimbulkeun kalancaran pikeun para wisatawan waktu ngayakeun indit-inditan ka tempat distinasi sakumaha nu jadi tujuanana.
Dina taun 2025, insya Allah sababaraha titik akses jalan anu tacan karengsekeun, satahap demi satahap baris direngsekeun, loyog jeung program prioritas Pak Bupati Bandung rehna dina tilu taun nu bakal datang, sakabeh infrastruktur jalan di Kabupaten Bandung bakal sagancangna direngsekeun, ceuk Vena dina keteranganana.
Plt. Camat Vena miharep ngaliwatan program prioritas Bupati Bandung, hususnya di Kacamatan Pangalengan, sakabeh pangwangunan infrastuktur jalan bisa dianggeuskeun. Mangpaatna tangtu bae bakal bisa dirasakeun ku sakumna masarakat.
Inyana oge ngajelaskeun, yen ngaronjatna ajen infrastruktur jalan salian ti bisa ngaronjatkeun jugjugan wisatawan, oge gede pangaruhna kana sektor nu sejen, saperti sektor pertanian, peternakan jeung jasa usaha sejenna anu bisa ningkatkeun taraf hidup atawa karaharjaan ekonomi masarakat.
“Ku ngaronjatna karaharjaan ekonomi masarakat, mawa pangaruh kana turunna angka kamiskinan jeung angka stunting anu kawilang luhur di Pangalengan,” pokna.
Leuwih jauh, Vena ngabeberkeun yen ku ningkatna aksesibilitas atawa infrastruktur jalan kalayan meakkeun anggaran anu gede, tangtu bakal mangaruhan oge kana tingkat investasi di Pangalengan.
“Pikeun ningkatkeun infrastruktur jalan, tangtu lain biaya leutik-leutik, tapi pamarentah ngabogaan kawajiban pikeun ngalaksanakeun kawenanganana atawa tugasna pikeun ningkatkeun ajen infrastruktur,” pokna deui.
Saterusna, ngeunaan PAD (Pendapatan Asli Daerah) Kabupaten Bandung, hususna di Pangalengan, Vena nyebutkeun, sabada pihakna ngayakeun koordinasi jeung Bapenda di UPTD Wilayah 1, katingal ngaronjat tina target PAD.
Insya Allah target PAD Rp 6,9 miliar baris katedunan, malah bisa jadi ngaleuwihan, sabab dina waktu sabulan ieu, pihakna geus meunang tambahan kurang leuwih 48 wajib pajak anyar, nu tangtuna ge jadi potensi pikeun ningklatkeun PAD di Kacamatan Pangalengan.
Vena oge turut mere sorotan ngeunaan sumber daya alam nu luar biasa di kacamatan Pangalengan nyaeta ayana panas bumi, hasil pertanian, peternakan jeung nu sejenna. Kalayan potensi alam anu sakitu rohakana tur dirojong ku ningkatna infrastruktur nu hade baris ngagampilkeun akases pikeun masarakat anu rek ka Pangalengan atawa ka luar Pangalaengan.
Kalayan mibanda sumber daya alam nu luar biasa, ieu teh teu mustahil baris bisa ngaronjatkeun daya beli masarakat ku ayana jugjugan wisatawannu bakal datang ka Panglengaan pikeun ngayakeun wisata jeung balanja
Vena ge miharep, ku ningkatna infrastruktur atawa hal lainna bisa ngaronjatkeun tumuwuhna ekonomi masarakat Kacamatan Pangalengan.
Henteu leupas ti dinya, Vena miharep ngaronjatna ajen pendidikan, di mana insya Allah Pak Bupati Bandung baris ngarojong pangwangunan SMAN anyar di Pangalengan. Ku ningkatna ajen pendidkan ka hareupna bisa ngadorong kana ningkatna ajen hirup jeung hurip kalayan gembleng tur layak, jelasna.
Vena turut ngarasa reugreug ku ningal kamekaran investasi di Kacamatan Pangalengan, hususna di sektor pariwisata, kadieunakeun terus beuki undak ti waktu ka waktu.
“Boh pangsaha lokal atanapi pangusaha ti luar. Nguniangna ieu investasi teh kedah diimbangan atanapi dipageran ku aturan-aturan supados pangwangunan destinasi wisata leres-leres henteu ngaganggu lingkungan alam sareng merhatikeun pamulasaraan lingkungan, pungkasna. (dsk.)***