Rabu, 18 Jun 2025
Balabar Kawat

Walikota Bandung Muhammad Farhan Inisiasi Wisata Pasawahan jeung Urban Farming di Tengah Kota

Wali Kota Bandung Muhammad Farhan bakal ngembangkeun kawasan wisata pasawahan jeung urban farming jadi bagean tina strategi keur ningkatkeun niley tambah sektor pertanian.***

LBNews.com., KOTA BANDUNG –  Wali Kota Bandung Muhammad Farhan inisasi konsep pertanian modern berbasis pariwisata ku cara ngembangkeun Kawasan wisata pasawahan jeung urban farming minangka bagean tina strategi keur ningkatkeun niley tambah sektor pertanian.

Farhan ngungkabkeun ngeunaan visi jeung misina dina ngembangkeun lahan tatanen jadi kawasan wisata edukatif jeung rekreatif di jero kota. Ieu hal teh ditepikeun Farhan nalika dilaksanakeun kagiatan Panen Raya Serentak sacara daring di 14 provinsi.

Farhan sacara husus nyaliksik potensi lahan di lelewek sabudeureun Stadion Gelora Bandung Lautan Api (GBLA) anu legana kira 25 hektar.

Inyana nyebutkeun, lahan anu deukeut jeung GBLA teh bisa dikembangkeun lain ngan saukur jadi area produksi pare, tapi deuih bisa dijadikeun destinasi wisata kalayan basisna pertanian.

“Ti batan jadi sawah biasa, bisa pan dikokolakeun jadi tempat wisata di sisi pasawahan bari jeung henteu ngaganggu gawe patani, tapi para wisatawan ge bisa ningali amparan pare. Jigana ieu bisa jadi pangirut anu kawilang unik di Kota Bandung,” pokna, Senen (7/4/2025)

Inyana oge nyabit ngeunaan konsep urban farming jeung wisata pasawahan. Nurutkeun Farhan bakal ngalibetkeun sababaraha, ti mimiti DKPP, Dinas Kebudayaan dan Pariwisata, BBWS, geus puguh ari masarakat di sabudeureunana mah.

Tujuanana nyaeta nyiptakeun kolaborasi multipihak pikeun ngamaksimalkeun potensi lahan pertanian, ningkatkeun panghasilan petani sarta ngajaga ketahanan pangan nu adaptif kana dinamika ekonomi global.

“Ieu inisiatif teh baris nguatkeun identitas Kota Bandung salaku kota kreatif nu mampuh ngokolakeun potensi pertanian jadi kakuatan ekonomi anyar,” jelasna.*** 

Dadan Sungkawa

Tags:Muhammad FarhanWali Kota Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *