LBNews.com. SOREANG, – Bupati Bandung Dadang Supriatna melaksanakeun inspeksi mendadak (sidak) ka Kantor Samsat Soreang, ngajeueung sacara langsung proses mayar ‘pemutihan’ pajeg kendaraan nu dilakukeun masarakat Kabupaten Bandung.
Dina ngayakeun sidak di Kantor Samsat Soreang, aya hal anu matak jadi puseur perhatian inyana salila ngabandungan proses layanan. Hal anu jadi sorotan teh utamana ngeunaan antrean nu panjang alatan ngabludakna nu rek mayar ‘pemutihan’ pajeg kandaraan. Kasaksian kaayaan di loket pembayaran jeung petugas panggesekan kendaraana nu diniley dina kaayaan masih keneh kawates
Dina kasempetan ngalakukeun sidak, katingali bupati ge ngayakeun dialog langsung jeung masarakat nu rek mayar tunggakan kendaraan.
Kalayan sabar jeung tulaten. Kang DS merhatikeun rupa-rupa bangbaluh jeung kakesel warga tumali jeung pangladenan nu aya di Kantor Samsat Soreang.
Nurutkeun pamanggih inyana, tetela mayoritas warga ngarasa ngangluh ku panjangna antrean pelayanan nepi ka masarakat wayahna kudu meakkeun waktu nungguan antrean anu panjang dina salila proses mayar ‘pemutuhan’ pajeg kendaraan.
Bupati ge kacida apresiasina ku ayana animo masarakat anu sakitu antusiasna ngarengsekeun pasualan perpajakan kendaraanana.
Ningali galagat kitu mah, Bupati Bandung Dadang Supriatna, gasik bae nyiapkeun solusi jitu pikeun masarakat, anu harepanana bisa ngudar jeung ngurangan antrean panjang di bagean loket pembayaran. Jeung nu utamana deui bisa meakkeun anu singget.
Jenis solusi anu ditawarkeun pihak Pamkab lu cara nambah tilu lokasi tempat ajangkeuneun ngalancarkeun proses pembayaran pajeg pemutihan.
Aya tilu tempat anu geus disiapkeun, nyaeta di areal parkir RSUD Otista, areal Gedung Baznas jeung areal Gedung PIM Soreang, pokna ngungkabkeun kalayan optimis ku ayana tambahan lokasi tempat mayar pajeg kendaraan
Seug komo, meh saban poe rebuan wajib pajag teu weleh minuhan Kantor Samsat Soreang. Henteu jarang deuih, antrean panjang kandaraan ngalantarankeun arus lalu lintas nyandet di kawasan jalan Gading Tutuka.
Tujuan tina tambahan lokasi tempat mayar pajeg ‘pemutihan’ sangkan masarakat ngarasa leuwih sugema jeung gancang. Lokasi geu disiapkeun, tinggal nambahan persolilna ti Samsat jeung Polresta Bandung, ceuk Bupati dibarengan ku someah.
Sawatara Wakil Ketua Umum Apkasi geus ngayakeun koordinasi langsung jeung Kapolresta Bandung Kombespol Aldi Subartono, kitu deui Pj Kepala Bapenda Jabar pikeun meredih tambahan patugas anu bisa ditempatkeun di tilu lokasi anyar anu geus disiapkeun.
“Komo pan warga Kabupaten Bandung kalebet pangseueurna kadua di Jabar. Wajib pajagna oge kaetang ageung deuih. Ieu, solusi kanggo ngagampilkeun layanan nu sahade-hadena kanggo masarakat. Otomatis lokasina kedah ditambih,” Bupati Bandung netelakeun alesanana.
Bupati Dadang Supriatna malah geus langsung nugaskeun Kepala Bapenda Kabupaten Bandung Akhmad Djohara pikeun ngalakukeun panalingaan kalayakan lokasi anu rek disiapkeun. Lamun tea mah bisa dilaksanakeun jeung personelna geus siap, Bupati Dadang Supriatna nnepikeun pamentana sangkan nataharkeun lokasi sagancangna dibuka pikeun ngaladenan masarakat.
Bupati oge deuih, nepikeun pamentana ka pihak Dishub pikeun ngatur parkir kandaraan sangkan henteu jadi gangguan arus lalu lintas.
Disebutkeun ku inyana, animo masaralat kana program ngabebaskeun dengda pajeg kandaraan nu dikaluarkeun tina kawijakan Gupernur Jawa Barat, pangaruhna luar biasa, pokna nandeskeun.(**)
Editor: Dadan Sungkawa