LBNews.com. SOREANG, – Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung sosialisasikeun tips nyanghareupan usum halodo. Ieu tips teh kacida pentingna dipikanyaho ku sakuma masarakat enggoning ningkatkeun kasayagaan awal pikeun ngurangan resiko ku ayana pangauh usum halodo entak-entakan.
Nurutkeun informasi ti BMKG (Badan Meteorologi, Klimatologi dan Geofisika), danget ayeuna keur aya dina mangsa pancaroba, nyaeta barobahna musim tina usum ngijih maju ka halodo. Aya tanda-tanda anu bisa kabaca, diantarana hawa panas ti mimiti isuk-isuk anu ditema ku curna datang hujan sacara ngadadak. Ieu teh bisa kabaca dumasar kana catetan prospek cuaca mingguan 8-14 April 2025.
Bupati Bandung Dadang Supriatna netelakeun sakumaha anu ditepikeun ku Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama pada Sabtu (12/4/2025). Dijelaskeun, aya sababaraha tips pikeun nyanghareupan usum katiga entak-entakan, hususna tumali jeung kasiapan mapag usum katiga.
Kahiji, neundeun cadangan cai bersih saloba-loba pikeun kabutuhan sapopoe. Kadua, pariksa deui pipa-pipa cai boh bisi aya nu bocor. Katilu siapkeun sakur pakakas keur ngirit cai, saperti shower jeung wastafel nu hemat air.
Saterusna, pikeun ngirit cai, nurutkeun Uka Suska, nu kahiji gunakeun cai saperluna dina kagiatan sapopoe. Kadua, tutup keran lamun geus teu digunakeun. Katilu, gunakeun cai hujan jang kaperluan non konsumsi.
BPBD oge turut ngajelaskeun tips nyanghareupan usum kagaringan. Kahiji, melak tatangkalan nu tahan kagaringan jang hemat cai. Kadua, gunakan mulsa (material panutup tanah dina budi daya pepelakan, anu gunana ngajaga kalembaban tanah, nyinglar hama, jeung ngahalangan bijilna gulma) pikeun ngurangan kaserepna cai tanah alatan hawa panas. Katilu, siapkeun sumber cai alternatif, sapeti sumur atawa bak panampungan cai.
Sedengkeung pikeun ngajaga kasehatan dina usum halodo, nurutkeun Uka Suska, kahiji ngajaga kaberesihan awak jeung lingkungan pikeun nyinglar bibit panyakit. Kadua, nyinglar tina dehidrasi anu ngabutuhkeun loba acai. Katilu, siapkeun obat-obatan pikeun ngubaran kasakit nu bisa wae mucul dina usum halodo.
“Kalayan ngalakukeun sareng ngayakeun sagala tarekah pikeun ngahemat cai, urang tiasa langkung siap sareng aman mayunan sagala kamungkinan nu baris tumiba dina usum halodo,” pokna.
Uka Suska ngawawadian ka sakumna masarakat pikeun nyinglar kabakaran leuweung atawa lahan sangkan ulah sambarangan miceun runtah dimana wae brona jeung ngaduruk runtah bari jeung cul leos. Temahna bisa bisa ngadatangkeun bahaya kabakaran dimana wae
“Ieu rupina kedah janten perhatosan urang sadayana kanggo ngaminimalisir sareng nyinglar kajantenan kabakaran leuweung sareng lahan dina usum halodo tarik,” pokna ngawanti-wanti sangkan tetep ngajaga sikep ati-ati tur tarapti,” pingkas Uka Suska. (dsk)***