Rabu, 18 Jun 2025
Masieup

Tabligh Akbar Silaturahmi Idul Fitri 1446 H, Al Ma’soem Group: Putra H. Ma’soem Wakafkeun Tanah TMA

Al Ma'soem Group ngalaksanakeun Tabligh Akbar Silaturahmi Idul Fitri 1446 H. di Dome Al Ma'soem Jalan Raya Cipacing Desa Cipacing Kecamatan Jatinangor Kabupaten Sumedang Jawa Barat, Senen (14/4/2025).***

LBNews.com. JATINANGOR, – Al Ma’soem Group ngalaksanakeun Tabligh Akbar Silaturahmi Idul Fitri 1446 H. di Dome Al Ma’soem Jalan Raya Cipacing Desa Cipacing Kecamatan Jatinangor Kabupaten Sumedang Jawa Barat, Senen (14/4/2025).

Tabligh Akbar dieusi caramah ti Prof. Dr. H. M. Asrorun Niam Soleh, MA., selaku Ketua MUI Pusat Bidang Fatwa. Smemehna, Al Ma’soem Group ngalaksanakeun runtuyan kagiatan dina raraga Haul Para Panaratas Al Ma’soem, nyaeta Haul ke-24 Almarhum Bapak H. Ma’soem, Haul ke-18 Ibu Hj. Aisyah, turta Haul ke-11 Bapak H. Nanang Iskandar.

Dina mapag acara, Ketua Yayasan Al Ma’soem Bandung Prof Dr. Ir. H. Ceppy Nasahi Ma’soem, M.S., ngucapkeun salam jeung syukur ke Hadirat Allah SWT,  nepi ka bisa ngalaksanakeun Tabligh Akbar Silaturahmi Idul Fitri 1446 H kalayan dibarengan ku rupa-rupa acara dina runtuyan kagiatan dina raraga Haul Para Panaratas Al Ma’soem Group.

Ceppy oge turut ngucapkeun salam hormat jeung ucapan bagea datang di Kampus Al Ma’soem ka Pangersa Prof. Dr. H. M. Asrorun Niam Soleh, MA., para tokoh agama, tokoh masyarakat jeung para tamu undangan, para Pengurus Yayasan, Komisaris jeung Direksi Al Ma’soem. Kaasup para pelajar di lingkungan Yayasan Al Ma’soem anu turut hadir dina kagiatan Tabligh Akbar anu dilaksanakeun kalayan khidmat.

“Alhamdulillah, danget ayeuna masih dina suasana Idul Fitri 1446H, atas nama pribadi sareng Al Ma’soem Group ngahaturkeun wilujeng Idul Fitri 1446 H, Taobbalallohu Minnaawaminkum Shiyaamanaa Washiyaamakum,” ceuk Ceppy.

Ieu Ketua Yayasan Al Ma’soem teh ngungkabkeun yen kagiatan tabligh akbar ngarupakeun salasahiji tina runtuyan kagiatan Haul para panaratas Al Ma’soem Groupm nyaeta almarhum H. Ma’soem, Hj. Siti Aisyah, H. Nanang Iskandar. Aranjeunna anu ti kapungkur naratas sareng tiasa eksis ngadegkeun ieu lembaga dugi ka danget kiwari, pokna nandeskeun.

“Runtuyan kagiatan Haul ieu teh dikawitan ti dinten Kamis 10 April 2025, mangrupi kagiatan  bhakti sosial, diantawisna masihan bantuan bingkisanka para dhuafa anu seueurna 580 urang sumebar di 14 Panti Asuhan, nu asalna ti daerah Rancaekek, Cicalengka, Majalaya Ujungberung, Jatinangor, Cipacing, Pangsor, Ciburaleng,” jelasna.

Saterusna disebutkeun, pihakna oge ngalaksanakeun kagiatan khitanan massal kalayan jumlahna 300 orang, pengobatan jeung cek gula darah anu diiluan ku 161 urang, pamariksaan mata diiluam lu 70 peserta, jeung ngayakeun donor darah  jumlahna 79 orang.

 

“Alhamdulillaah sadaya kagiatan tiasa dilaksanakeun kalayan lungsur langsar. Ngalangkungan ieu kagiatan Haul, anu dipiharep urang tiasa introspeksi diri sareng ngajaga sikep tumali sareng datangna titis tulis ti manten-Na anu baris kaalaman ku sakur nu kumelendang di alam dunya, kalebet urang sadaya,” pokna.

Ceppy mengungkapkan yen perjuangan para panaratas anu geus ngajadikeun Al Ma’soem Group saperti anu kasaksian ayeuna, geus sakuduna diajenan ku cara nembongkeun sikep-sikep lebah ngajaga jeung mulasara serta ngamekarkeun sakumaha anu geus ditaratas ti awalna mula.

“Al Ma’soem ngawitan ngadeg taun 1973. Danget kiwari dikokolakeun ku generasi kadua sareng katilu, neraskeun lacak Pa H. Nanang. Kanggo sim kuring salaku panerus, eksistensi baris teras dijaga sareng teras ngembang deui kalayan dibarengan ku sikep kakompakan sarang kaguyuban sapertos anu parantos dilakukeun ku pun lanceuk, pun bapa sareng biang,” pokna deui

Danget kiwari, Ceppy leuwih jauh nyebujtkeun yen masarakat Palestina masih ngalaman brakrakan jeung katalangsaraan akibat serangan Zionis Israel anu beki ngalajur napsu. Ku alatan kitu, hayu urang dukung MUI kanggo boikot produk anu aya afiliasina ka Israel.

“Pamungkas, beda pidua ti sadayana, pamugi Keluarga Besar Al Ma’soem tiasa istiqomah ngalaksanakeun kabiasaan almarhum ngayakeun jalan kasaean sareng mudah-mudaan ka payunna tiasa dilaksanakeun dina kondisi anu langkung sae deui,” pungkasna.

Dina kasempetan Tabligh Akbar teh, Keluarga Besar Al Ma’soem ngawakafkeun sawidang tanah pikeun ngalegaan Taman Makam Al Ma’soem di Kp. Kiarajegang RT 01 RW 02 Desa Mekarbakti Kec. Pamulihan Kab. Sumedamg.

Taman Makam Al Masoem (TMA) ngarupakeun area lahan pemakaman pikeun keluarga karyawan Al Masoem Group anu lega tanahna 4.262 M² pernahna di Kp. Kiarajegang RT 01 RW 02 Desa Mekarbakti. 

TMA ngarupakeun wakaf ti putra H. Masoem nyaeta H. Entang Rosadi Masoem, H. Dadang Mohamad Maosem, jeung H. Ceppy Nasahi Masoem. Dina ngayakeun lahan wakaf teh dilakukeun kalayan tahap demi tahap ti mimiti September 2017 jeung nu pangahirna dina September 2024 anu totalna legana ngahontal luas 4.262 m².

Lahan TMA diperkirakeun bisa nampung ± 1.200 makam, sedangkeun jumlah karyawan aktif nu kaasup peserta TMA ± 1.500 urang. Saupamana keluarga peserta nu dimakamkan di TMA minimal 2 urang, hartina kapasitas perlu ditambah minimal pikeun 3.000 makam.

Alatan kitu, panitia terus ngupayakeun lahan TMA bakal terus dilegaan. Danget ayeuna, salian ti lahan wakaf disiapkeun jang makam, tapi sabagean mah bisa keneh dimangpaatkeun jadi wakat produktif, boh keur tatanen atawa ingon-ingon anu dikokolakeun ku para mustahiq binaan LAZ Musa’adatul Ummah. (dsk)**

Tags:Al Ma'soem Group


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *