Rabu, 18 Jun 2025
Masieup

H. Wawan Sofwan Dewan Syuro PKB: Momentum Hari Jadi ka-384 Komitmen Ngawujudkeun Kabupaten Bandung Leuwih BEDAS

H. Wawan Sofwan, Dewan Syuro DPC PKB Kabupaten Bandung.***

LBNews.com. KAB. BANDUNG, – Dewan Syuro DPC PKB Kabupaten Bandung H. Wawan Sofwan ngucapkeun syukur alhamdulilah lantaran danget kiwari Kabupaten Bandung geus nincak deui kana momentum Hari Jadi ke-384.

Dina umur ka-384 taun Kabupaten Bandung, tangtuna geus loba mere mangpaat jeung kaberkahan pikeun masarakat. Ti taun ka taun, boh pamarentah boh masarakat teu eureun ngayakeun kolaborasi, babarengan jibaku ngawangun kabupaten Bandung nu leuwih BEDAS (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis dan Sejahtera).

“Dina hal eta pisan, ieu momentum Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung teh bisa dijadikeun lelengkahan ngawujudkeun Kabupaten nu leuwih bedas tur maju sacara terus-tumerus ngahontal Kabupaten nu Baldatun Thayyibatun Wa Rabbun Ghafur, mapag mangsa Indonesia kaemasan 2045,ceuk H. Wawan dina pituturna, Jumat (18/4/2025)

Wawan Sofyan anu oge Anggota DPRD Kabupaten Bandung turut nepikeun apresiasi tina hal ningkatna infrastruktur anu dibarengan deuih ku ningkatna ajen kualitas SDM ku mesatna tungtutan jaman digitalisasi jeung globalisasi kasajagatan.

Loba program-program strategis anu salila ieu terus dibagulirkeun ku pihak pamarentah Kabupaten Bandung dina kapamingpina Dadang Supriatna, diantarana 13 program prirotas Bupati Bandung. Sakabeh ieu program teh wujud tina komitmen pamarentah nu leuwih mihak ka masarakat, pokna.

Wawan Sofwan nyebutkeun tina 13 program anu geus karealisasikeun Bupati Bandung, nindak kana BEDAS jilid 2 (periode kedua) pastina diteruskeun deui. Malah ditingkatkeun deui ngaliwatan program-program strategisna dina upaya ngaronjatkeun kesejahteraan masyarakat .

“Ieu hal teh  minangka upaya hadirna pamarentah atawa negara di tengah-tengah masyarakat,” pokna. (K)**

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Dewan Syuro DPC PKB Kabupaten BandungH. Wawan Sofwan


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *