Selasa, 17 Jun 2025
Sangkuratu

Hari Jadi ka-384, Bupati Bandung Fokus Tingkatkeun Kualitas SDM jeung Kawalatraan Infrastruktur

Pidato Bupati Bandung Dadang Supriatna dina upacara peringatan Hari Jadi Kabupaten Bandung ka-384 jeung Hari Kartini ka-146 di Lapangan Upakarti, , Senen (21/4/2025).***

LBNews.com. SOREANG – Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Bandung ngagelar upacara peringatan Hari Jadi Kabupaten Bandung ka-384 jeung Hari Kartini ka-146 di Lapangan Upakarti, anu kiwari katembong robah, lebih mewah tur estetik sabada direnovasi, Senen (21/4/2025).

Acaran khidmat milangkala Hari Jadi Kabupaten Bandung ke-384 lain ngan saukur mieling sajarah panjang Kabupaten Bandung, tapi deuih ngukuhkeun komitmen pikeun terus lumengkah demi nyorang mangsa ka hareupna Kabupaten Bandung nu leuwih Bedas.

Ieu acara milangkala Hari Jadi Kabupaten Bandung ka-384 taun teh ngangkat tema: “Dengan Semangat Bandung Lebih BEDAS 2025, Kita Wujudkan Pemerataan Kualitas SDM dan Infrastruktur dalam Menunjang Pelayanan Publik yang Optimal”. 

Ieu tema teh ngeunteung kana komitmen kuat pamarentah daerah pikeun ngawujudkeun pangwangunan sacara walatra, adil tur terus-timerus. SDM jeung infrastruktur jadi fondasi utama dina ningkatkeun layanan publik nu optimal pikeun sakumna lapisan masarakat.

“Dinten ieu, di umur 384 taun, urang sadayana neraskeun estafet perjuangan winangun karya nyata ngalangkungan rupi-rupi program pangwangunan. Daya saing daerah kedah langkung kiat kalayan kualitas SDM nu langkung ningkat, disarengan infrastruktur kanggo ngarojong layanan publik nu langkung optimal,” ceuk Bupati Bandung dina pidato sambutanana.

Bupati Dadang Supriatna ngeceskeun danget kiwari Kabupaten Bandung geus ngahontal rupa-rupa hasil pangwangunan anu kudu ditarima ku rasa syukur jeung dijadikeun tatapakan pikeun bagerak leuwih gancang tur cindek di mangsa nu bakal datang.

Inyana netelakeun sakur hasil pangwangunan anu geus kahontal kalayan fenomenal nepi ka taun 2024. Diantarana, tingkat IPM Kabupaten Bandung geus bisa ngahontal angka 74,59 poin, meningkat 0,56 poin tinimbang 2023 nu ngahomntal di angka 74,03 poin.

Bupati nyebutkeun, ningkatna IPM alatan kontribusi indeks pendidikan 65,89 poin, indeks kesehatan 84,97 poin sarta indeks pangaluaran (daya beli) 74,12 poin.

Jaba ti kitu teh, Pemkab Bandung oge geus hasil nurunkeun tingkat kamiskinan jadi 6,19%. Laju pertumbuhan ekonomi (LPE) ngahontal 5,04%. LPE pangluhurna dibandingkeun jeung LPE nasional jeung provinsi.

Sawatara tingkat angka nu ngaligeuh (pengangguran terbuka) turun jadi 6,36%. Realisasi Pendapatan Daerah ngahontal 96,21% tina target atawa Rp 6,93 triliun ti nu ditargetkan nyaeta Rp 7,2 triliun rupiah.

“Alhamdulillah, Pendapatan Asli Daerah (PAD) Kabupaten Bandung tiasa ngaronjat janten Rp 1,4 triliun nu asalna Rp 960 miliar. Insya Allah dina taun 2025 ieu, target PAD anu ageungna Rp 2,03 triliun, tiasa kahontal,” ceuk Kang DS.

Di widang infrastruktur, Pemkab Bandung geus ngawujudkeun pangwangunan 5 RSUD anyar jeung ningkatkeun persentase jalan mantap tina 68,60% dina taun 2023 jadi 76,38% dina taun 2024.

Bupati nyebutkeun, pihakna nargetkeun dina 2025 jalan mantap Kabupaten Bandung insya Allah baris ngahontal 89,73%. Pamarentah geus nyiapkeun nggaran Rp 400 miliar per tahun pikeun rehabilitasijeung ningkatkeun infrastruktur jalan. Insya Allah dina tiga tahun sakabeh jalan di Kabupaten Bandung mulus, pokna.

Lintang ti dinya, program rehabilitasi rumah tidak layak huni (rutilahu) di Kabupaten Bandung  geus liwat ti target, ti nu ditargetkeun 7.000 unit sataun. Tapi salila kurun waktu 2021–2024, geus ngalaksanakeun 29.347 unit rutilahu, leuwih tina target anu geus ditetepkeun.

Di sektor pendidikan, Pemkab Bandung geus ngayakeun 27 SMP anyar jeung nerapkeun tilu muatan lokal di TK, SD, dan SMP di sakabeh sakola di Kabupaten Bandung.

Disebutkeun dina taun 2023, Pemkab Bandung geus ngarealisasikeun insentif pikeun ustadz-ustadzah, takmir jeung marbot masjid kaasup bantuan BPJS Ketenagakerjaan kalayan total anggaran Rp 109 miliar per tahun.

Pemkab Bandung oge terus nembongkeun komitmenna dina tata kelola pamarentahan nu bener. Hal ieu dibuktikeun ku meunangna pangajen Opini Wajar Tanpa Pengecualian (WTP) salila 8 kali kalayan noron.

Bareng jeung kagiatan milangkala Hari Jadi ke-384, oge sakalian mieling Hari Kartini ka-146. Bupati Dadang Supriatna nepikeun apresiasi tina sakur kontribusi kaom wanoja dina pangwangunan.

Kang DS oge ngalungsurkeun program “Bandung BEDAS Nyayah ka Indung” jeung program Sekolah Rakyat pikeun ngarojong akses pendidikan masarakat kurang mampu.(**)

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Bupati BandungDadang SupriatnaHari Jadi Kab. BandungPemkab Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *