Selasa, 17 Jun 2025
Sangkuratu

Guguritan Dalem Bandung, Mieling Hari Jadi ka-384 Kabupaten Bandung (Bag. 7)

Rumpaka: Dadan Sungkawa

 

Radén Adipati Wiranatakusumah III (1829-1846 M.)

 

SINOM

Dinasti ragrag ka putra

Nu cikal umur geus manjing

Matuhna di Karang Anyar

Ngalaman géhgér sanagri

Diancam rajaning pati

Ulon-ulonna pangagung

Talajak teu ngaménak

Naranata malik dengki

Jaksa Bandung kapidangdung ngati-ngati

 

Sacongo buuk teu nyangka

Naranata belang ati

Kangjeng Dipati nalangsa

Talajak teu euih-euih

Dipocot téh sugan mikir

Kalah ka ngaberung napsu

Téga nelasan nyawa

Résidén nemahan pati

Kangjeng Dalem ngarasa tugenah ati◘

 

Tags:Dadan SungkawaDalem BandungGuguritanRadén Adipati Wiranatakusumah III


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *