Rumpaka: Dadan Sungkawa
Radén Adipati Kusumadilaga (1874-1893 M.)
KINANTI
Umur teu bisa kaitung
Kaintip ku titis tulis
Basa wafat Dalem Bintang
Taya putrana kaselir
Katitis waris nagara
Alatan taya nu manjing
Kapanan jadi papayung
Lain jang diri pribadi
Tapi sakabéh rahayat
Saeusi-eusining nagri
Rahayat genah bumetah
Ayem tengtrem tagen tigin
Sabada ngécag ti ratu
Dalem Bintang gaduh wargi
Puguh punjul ti nu lian
Dijeneng jadi dipati
Dalem Kusumadilaga
Kanyaah lanceuk ka adi
SINOM
Dinasti putra kusumah
Pamatri para dipati
Pungkasna di Dalem Bintang
Kusumadilaga surti
Lain putra nu katitis
Jenengna pédah ku dulur
Sok sieun jadi matak
Hadé mun henteu ngalandi
Ganti ngaran, ku jujuluk henteu wajib
Wajibna nedunan tugas
Iklas bakti ka nagari
Ngolah nagara teu gampang
Perlu pisan sabar diri
Rapékan meres pikir
Hasil mingpin timbul maju
Ngahudang cita-cita
Nu dipingpin suka ati
Masing genah, nu mingpin jeung nu dipingpin
Dina mangsa paparéntah
Kusumadilaga ngijir
Ngayakeun patalimarga
Jalur rél karéta api
Ngabaladah ti mimiti
Nyambungkeun Bandung-Cianjur
Engkéna bras ka Jakarta
Ngangkut barang sangkan gampil
Geus teu kudu maké kuda moék-meuting
Tinekenan cita-cita
Terus ngabaladah deui
Nu dibuka jalur wétan
Angkutan kaum pribumi
Jalurna mah geus pasti
Kadituna muru Garut
Deukeutna Cicaléngka
Kasawang mun pulang anting
Bandung-Garut kawasna jalan ka cai◘