Sabtu, 26 Apr 2025
Saridaya

Bandung Bedas Expo 2025: Suguhan Pesta Rakyat Masarakat Kabupaten Bandung Nanjeurkeun Sektor Karajinan & UMKM

Bupati Bandung Dadang Supriatna sacara resmi muka kagiatan “Bandung Bedas Expo 2025”, mangrup kagiatan Pesta Rakyat dina runtuyan Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung di Jalan Al Fathu Soreang, Kemis (24/4/2025). ***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna sacara resmi muka kagiatan “Bandung Bedas Expo 2025”, mangrup kagiatan Pesta Rakyat dina runtuyan Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung di Jalan Al Fathu Soreang, Kemis (24/4/2025).

Ieu kagiatan Bandung Bedas Expo 2025 teh ngarupakeun inisiasi Dekranasda Kabupaten Bandung anu mayeng dilaksanakeun dina taun anu katiluna. Salian ti Job Fair, aya deuih Pesta Durian jeung helaran kasenian rakyat Kampung Sunda, jadi suguhan pangirut ieu kagiatan Pesta Rakyat masarakat Kabupaten Bandung.

Dina prungna kagiatan, Dekranasda Kabupaten Bandung memang henteu sosoranganan, tapi ngayakeun kolaborasi jeung sababaraha Organisasi Perangkat Daerah (OPD) Kabupaten Bandung, nyaeta, Dinas Perdagangan dan Perindustrian, Dinas Koperasi dan Usaha Kecil dan Menengah (UMK), Dinas Ketenagakerjaan, Dinas Pertanian, dan Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Bandung.

Dina ieu kasempetan teh oge dilaksanakeun kagiatan acara ngukuhkeun pangurus Dekranasda Kabupaten Bandung periode 2025-2030 anu dilantik langsung ku Ketua Hj. Emma Dety Dadang Supriatna, disaksian  langsung Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb sarta jajaran Forkopimda Kabupaten Bandung lainna.

Hadir deuih dina ieu acara pelantikan pangurus Dekranasda Kabupaten Bandung teh, Pengurus Dekranasda Provinsi Jawa Barat jeung kabupaten/kota lainnya lianna. Kasup deuih ti Rekor MURI, para Asisten, para Staf Alih, Kepala OPD, para Kabag, para Camat, Dirut BUMD, para palaku UMKM atawa ekonomi kreatif jeung pihak lainna.

Sarengsena acara seremonial ngukuhkeun pengurus Dekranasda Kabupaten Bandung jeung bubuka kagiatan Bandung Bedas Expo 2025, para panggiat seni jeung budaya Sunda turut nembongkeun kamonesan hasil kreasi seni, ti mimiti kasenian lisung, badawang, barongsay, reak, engrang jeung kesenian Sunda lainna.

Bupati Dadang Supriatna nyebutkeun Dekranasda hadir dina raraga pikeun jadi fasilitator jeung ngayakeun konsolidasi jeung para palaku ekonomi kreatif.

Sapamadegan jeung Ketua Dekranasda Kabupaten Bandung, Bupati Bandung Dadang Supriatna nugaskeun Kepala Dinas Koperasi dan UKM pikeun sagancangna ngawujudkeun Koperasi Kerajinan Kabupaten Bandung minangka wadah anu bisa ditembongkeun ka public.

Komo deui dina danget ayeuna, pamarentah Kabupaten Bandung geus mere fasilitas pikeun para kepala desa sa-Kabupaten Bandung kaasup jeung biayana ngabentuk koperasi desa/kaluraha merah putih sa Kabupaten Bandung,

“Insya Allah rengse. Koperasi Kerajinan Kabupaten Bandung saenggalna didamelkeun sareng tiasa dikawitan,” pokna

Kang DS, landihan akrab Dadang Supriatna nyebutkeun yen Kabupaten Bandung ngabogaan para pengrajin nu pohara luar biasa, ti mimiti pangrajin sapatu, pengrajin bambu, jeung pangrajin nu lainna.

Inyana nyebutkeun aya 147 jenis bambu. Kang DS geus ngayakeun komunikasi jeung Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi anu engkena bakal nindak kana kaluarna surat edaran ti gupernur yen sakabeh kabupaten kota sa Jawa Barat diwajibkeun melak awi. Bisa jadi ieu teh salasahiji ikon. Mungkin deuih ka hareupna tina awi ieu bisa jang gaganti besi beton. Aya kontruksi bangunan anu henteu ngagunakeun plat besi beton, sakabehna ngagunakeun bahan awi, jelasna.

Kang DS miharep, ieu hal teh dilakukeun ku para pangrajin awi. Tina bahan awi bisa dijadikeun naon bae. Malah bisa dijieun kaen. Kitu anu dijelaskeun ku Ketua Dekransda Kabupaten Bandung dina nepikeun model ATM (Amati, Tiru dan Modifikasi) anu kudu loba ngeunteung ka China. China kaasup salasahiji nagara nu bisa ngalakukeun modifikasi jeung harga barangna leuwih murah, jelasna.

Nurutkeun Bupati, tangtangan Dekranasda kumaha pikeun bisa ngimplementasikeun naon nu sakirana jadi harepan urang sakabeh. Inyana ge ngingetan, diantara OPD ulah deuk ngabogaan sikep ego sektoral.

Sakabeh OPD kompak. Sakumna OPD masing kompak mantuan jeung milu ngembangkeun Dekranasda Kabupaten Bandung, ceuk Bupati . (*)

Tags:Dekranasda Kab. Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *