LBNews.com. KAB. BANDUNG – Pemerintah Kabupaten (Pemkab) Bandung kalayan inisiasi Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung gelar Job Fair Bandung Bedas Expo Taun 2025 dina runtuyan Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung di Jalan Al Fathu Soreang, Kemis (24/4/2025).
Dina ieu Job Fair Bandung Bedas Expo 2025, Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung ngayakeun kolaborasi jeung 30 pausahaan enggoning ngajalankeun kamitraan jeung Pemkab Bandung.
Tina panalingaan di lokasi Job Fair, warga kacida antusias ngamangpaatkeun ieu kesempatan lolongkrang gawe di sajumlah pausahaan anu fasilitasna dibantu ku pihak pamarentah satempat.
Bupati Bandung Dadang Supriatna sakumaha anu ditepikeun Kepala Dinas Ketenagakerjaan Kabupaten Bandung Rukmana nyebutkeun yen dina kagiatan Job Fair Bndung Bedas Expo taun 2025 anu dilaksanakeun teh ngalibetkeun 30 perusahaan di Kabupaten Bandung. Kagiatan Job Fair dilaksanakeun salila tilu poe, ti poe Kemis (24/4/2025) nepi ka poe Sabtu (26/4/2025).
“Gitik rata mah 300 urang sadinten atanapi 1000 urang lempengna nu baris nampi kasempetan tiasa damel di pausahaan,” ceuk Rukmana dina lolongkrang kagiatan Job Fair.
Saenyana, ceuk Rukmana, kagiatan Job Fair bisa dilaksanakeun sacara hybrid. Hartina, sakur nu hayang boga gawe di sajumlah pausahaan teu kudu ngantri, bisa wae ku cara cukup scan barcode.
“Engke mah teu kedah ngantri. Cekap ku scan barcode. Langsungg wawancara anu dilaksanakeun ku pihak pausahaan,” pokna.
Rukmana nyebutkeun dina Job Fair anu dilaksanakeun teh cukup loba widang kaahlian anu disiapkeun di sajumlah pausahaan pikeun para calon pagawe. Diantarana, widang teknik energi terbarukan, teknik geodesi, jeung widang lainna. Kaasup dina widang tekstil, garmen atawa produk tekstil lainna. Salian ti aya deuih widang geothermal. Malah aya nu mawaran pelatihan gawe ka Jepang, Korea jeung nu lainna.
“Intina, ti ngawitan lulusan SMP, SMA, dugi ka Sarjana, dina acara Job Fair ieu, aya lolongkrang sareng kasempetan kanggo nu hoyong milari damel,” pokna deui.
Nurutkeun inyana, salian ti nu geus boga pangalaman, aya oge anu masih keneh polos can boga pangalaman gawe, “Ieu teh minangka salasahiji tarekah kanggo ngupayakeun nepungkeun panempatan para calon pagawe sareng kabutuh pausahaan anu tos ngayakeun komitmen sareng pihak pamarentah Kabupaten Bandung,” pokna deui mere kajelasan.
Rukmana ngungkabkeun, yen pausahaan nu geus ngayakeun komitmen jeung pihak Kabupaten Bandung teh, dina taun 2025 ieu bisa nyerep 8.000 urang pikeun merenahkeun para tanaga kerja.
Disebutkeun ku Rukmana, nurutkeun sawatara anu kacatet, danget kiwari karek 1.500 urang tanaga anu geus meunang panempatan, anu engkena bisa nepi ka ngahontal 8.000 urang anu katarima ku pausahaan, pokna.
Inyana ge nyebutkeun, henteu sakabeh anu ditarima gawe teh ngaliwatan tina kagiatan Job Fair, tapi aya oge anu langsung ngaliwatan pausahaan anu geus ngayakeun kamitraan jeung pihak pamarentah Kabupaten Bandung, hususna dina panempatan pagawe jeung nu sejenna.
Leuwih jauh deui Rukmana nyebutkeun, yen pamarentah geus nyiapkeun sistem anyar, nyaeta keur nu sakur siap gawe, bisa asup gawe atawa ngaliwatan heula pelatihan. Target Bupati Bandung dina taun ieu 10.000 urang bisa muka lapangan pagawean jeung nempatkeun tanaga pagawe.
Disebutkeun jumlah angka nu ngaligeuh di Kabupaten Bandung dina taun 2024 ngahontal angka 6,36 persen. Anu dipiharep dina taun 2025 busa turun 5 persen nepi ka 5,96 persen.
“Hartina, lamun targetna 10.000 urang panempatan tanaga pagawe, itungan matematikana ku udagan target angka 10.000 bisa ngurangan sakitar 0,8 persen angka nu ngaligeuh. Lamun 0,8 persen tina 1,8 nepi ka 1,9 persen, aya sakitar 10.000 urang leuwih tanaga pagawa anu kudu kaserep. “10.000 urang nu kaserep dina lapangan pagawean bisa ngurangan sacara angka jumlah nu ngaligeuh ngahontal 0,8 persen,” jelasna.
Rukmana nandeskeun, Job Fair nu dilaksanakeun dina kagiatan Milangkala Ka-384 Kabupaten Bandung ini, ngabuktikeun yen pamarentah hadir dina upaya ngurangan angka nu ngaligeuh di Kabupaten Bandung.
“Pak Bupati nandeskeun, yen salasahiji program Pak Bupati di widang ketenagakerjaan, nyaeta pikeun nurunkeun jumlah angka nu ngaligeuh di Kabupaten Bandung. Jadi, tangtuna ngarupakeun skala prioritas Pamarentah Kabupaten Bandung dina terakah pikeun nyiptakeun Kabupaten Bandung nu leuwih Bedas. ceuk Rukmana mere kajelasan.
Ditambahkeun deui, lamun diantara nu masih keneh lengoh ku pagawean jeung boga kamaheran, pihak pamarentah moal deuk cicingeun nyiapkeun cukup loba tempat pelatihan. Lamun mah hayang ditempatkeun, pamarentah geus ngayakeun komitmen jeung pausahaan, tandesna.(K)***
Editor: Dadan Sungkawa