Selasa, 17 Jun 2025
Saridaya

Rambat Kamale Revitalisasi Pasar Ciparay Kab. Bandung

Illustrasi Gb. Pasar Ciparay, Kabupaten Bandung.***

LBNews.Com, KAB. BANDUNG – Pasar Ciparay kaasup salasahiji pasar tradisional nu geus lila ngadeg jauh ti samemeh dimekarkeun jadi tilu desa, nyaeta Desa Ciparay, Desa Sumbersari jeung Desa Sarimahi. Sabada misah, desa anu tadina ngahiji teh, danget kiwari mah geus baroga PAD sewang-sewangan. Atuh otomatis, Pasar Ciparay mah jadi kawenangan Desa (Induk) Ciparay.

Kira taun 1980-an, Pasar Ciparay geus jadi sentra ekonomi masarakat di wilayah Kacamatan Ciparay. Nu daragang jeung nu mareulina teu kahalang ku status ekonomi jeung latar etnis. Pasar Ciparay bener-bener ngajalankeun transaksi ekonomi ti bawah pisan.

Ari nu jadi pangeusina, aya nu nyicingan kios, grosir, padagang eceran, padagang kaki lima, padagang keliling, malah aya deuih padagang emperan, sabab teu mampuh mayar sewa kios.

Nu jelas, ku ayana pasar teh, geus bisa ngahirupan rupa-rupa kalangan masarakat, jadi andelan keur nyambungkeun kahirupan rakyat ngawangun ekosistem pasar tradisional. Dina ekosistem pasar tradisional teh, salian ti padagang jeung pembeli, aya deuih para kuli pasar, tukang parkir, padagang asongan, patugas kaberesihan, pangamen nepi ka tukang jajaluk jeung nu baroga kapentingan sejenna.

Lila ti lila, kaayaan bangunan pasar geus mimiti loba nu ruksak. Ninggang teh dina usum hujan, hateupna balocor, jero pasar barecek katambah deui bau tina tumpukan runtah anu teu gancang-gancang diakut, tangtuna we matak jadi gangguan lingkungan anu henteu pikabetaheun.

Teu salah lamun tea mah, boh pihak padagang atawa warga Ciparay lainna miharep sangkan pihak pamarentah desa merhatikeun kaayaan lingkungan pasar sangkan kaayaan leuwih pikabetaheun jeung tumaninah katingalina.

Sabenerna pihak pamarentah geus ngupayakeun Revitalisasi Pasar Ciparay. Nurutkeun sawatara catetan, rencana revitalisasi Pasar Ciparay geus dirarancang ti taun 2018, mung dina taun 2020 mandeg sabab aya pasyaratan anu kudu diuruskeun.

Disebutkeun ieu Program Revitalisasi Pasar Ciparay teh geus asup kana RPJM Desa Ciparay tahun 2019-2025. Dina tahap rarancang RPJM Desa, perwakilan Pedagang Pasar Ciparay oge dilibetkeun dina proses pangwangunanana. Tapi anehnya, kalolobaan padagang malah teu apal sama sakali.

Kakara ditindak deui dina taun 2022. Tegesna dina bula Mei 2022 diayakeun riungan para padagang anu dilaksanakeun di Aula Desa Ciparay. Satuluyna, Erik Roeslan Fauzi salaku Ketua Badan Pengawas FK3I Jawa Barat ngabeberkeun rarangka ngeunaan Teknis kerja proyek BGS dina tanggal 01 Oktober 2022

Disebutkeun Skema BGS nyaeta rampak gawe pihak pamaranetahan desa Ciparay jeung pihak pemodal atawa pengembang, pikeun ngalaksanakeun Revitalisasi Pasar Ciparay, anu baris garap PT Pradasa.

Nurutkeun DPMD, skema rampak gawe BGS ieu mere kawenangan sagemblengna ka PT Pradasa pikeun ngokolakeun Revitalisasi Pasar Ciparay. Kaasup nangtukeun harga kios jeung lapak. Harga nu ditawarkan keur meuli hak sewa kios teh biayana Rp 19,3 Juta/m2 jeung harga lapak biayana Rp 18,4 Juta/m2 sadada ngayekeun riungan jeung organisasi warga pasar Ciparay anu diwakilan oleh IWPC.

“Jadi kaliru lamun aya anggapan, harga kios jeung lapak ditangtukeun ku Pemdes Ciparay,” pokna.

Revitalisasi anu ditaratas ti mangsa pamarentahan Desa Ciparay dipingpin H Dahya sempet ngabentuk Tum Revit, ngan hanjakal jabatan H. Dahya kaburu beak.

Kepada Desa Ciparay Dedi Jumhana anu jadi gagantina, teu ngengkekeun deui langsung ngayakeun eksukusi program Revitalisasi Pasar Ciparay. Dimimitian ku ngayakeun sosialisasi tanggal 19 Juni 2024, ngeunaan relokasi pasar sementara anu geus disiapkeun nyaeta di Lapang Cijagur.

Sanajan pasar relokasi geus disiapkeun di Pasar Cijagur, teu saeutik para padagang anu daek mindahkeun barang daganganana. Malah leuwih milih tetep di Pasar heubeul. Padahal geus pihak pengembang geus ngawangun TPPS sementara di Lapang Cijagur.

Disebutkeun biaya ngawangun TPPS Pasar Ciparay di Lapang Cijagur lain biaya saeutik, tembus di angka Rp 2,2 M. anu digolontorkeun PT Pradasa salaku pangembang keur panampungan para padagang anu nempatan 1330 kios jeung lapak. Hanjakal, sanggeus dibangun henteu bisa kapake nungguan para padagang pindah.

Kapaksa nepik tanggal 28-30 November 2023 ngaliwatan komunikasi jeung pihak berwenang, Pasar Heubeul Ciparay dipager sakurilingna ngagunakeun pager seng. Sajeronung kagiatan mager teh, bareng jeung relokasi pasar dilakukeun intens. Tapi dina salila dua poe kagiatan mager teh, malah aya keneh anu mugen pindah, ngabelaan kakepung heula ku pager. Lokasi pasar anu dpegar teh legana sahektar.

Pangna para padagang nolak direlokasi teh sabab nurutkeun anggapanana arinya nyekel kana HGP (hak guna pakai) anu masih  berlaku nepi bulan Oktober 2025. Sedengkeun SK Bupati Bandung tanggal 10 Juni 1997 No. 511.2/SK.205A- Dippas/1997 tentang penetapan hak guna pakai. Hak guna Pakai para pedagang pasar ciparay berlaku sampai Oktober 2022.

Nurutkeun data Pasar Ciparay ngabogaan 1.330-an kios atawa tegesna 630 kios jeung 700 lapak kalayan lumangsung geus puluhan taun. Para padagangna lolobana dilakukeun sacara turun-tumurun ti mimiti ngadegna Pasar Ciparay. (Gun.)**

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Pasar CiparayRevitalisasi


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *