LBNews.com.KAB BANDUNG – Bupati Bandung Dadang Supriatna ngangkat 6.900 PPPK jeung CPNS formasi taun 2024 di lingkungan Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Bandung di venue Indoor SOR Si Jalak Harupat, Rebu (21/5/2025).
Dina pamapagna, Bupati Dadang Supriatna nepikeun yen dina taun 2024, Pemkab Bandung meunang jatah formasi ASN anu lobana 6.929 urang kalayan wincikanana, guru 5.894 urang, tanaga kasehatan (nakes) 615 urang, jeung tenaga teknis 439 urang.
Disebutkeun ku Bupati Bandung Dadang Supriatna, dina acara pangangkatan jeung kedal ucap sumpah pikeun 6.929 urang PPPK teh, nu hadir langsung di venue Indoor Si Jalak Harupat mah ngan 2.896 urang PPPK, sedengkeun nu 4.033 urang hadir sacara daring di tempat unit kerja/sakola sewang-sewangan.
Dina eta kasempetan teh hadir oge 59 uran PNS nu bakal dilantik jeung nempatan jabatan fungsional, ngawengku jabatan auditor, pembina industri, perencana, instruktur, analis SDM, penata kelola penanaman modal, penata perizinan, penyuluh sosial, guru jeung pengawas penyelenggaraan urusan pemerintahan daerah.
Bupati Bandung oge nepikeun apresiasina ka pihak BKPSDM anu geus ngagelar ieu agenda minangka runtuyan tina proses ngayak ASN formasi taun 2024. Seug komo deuih geus dilengkepan meunang katetepan nomor induk pegawai dan SK pengangkatan.
Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna nyebutkeun, proses ngayaan ieu ASN teh dilakukeun kalawan dibarengan ku rasa tanggung jawab sacara integritas, kajujuran jeung transparansi ngagunakeun metode Computer Assisted Test (CAT BKN) nepi ka hasilna kompetensi ngarupakeun murni tina niley anu kacangking ku para pamion seleksi sewang-sewangan.
Acara kedal ucap Sumpah jeung masrahkeun Petikan SK Bupati Bandung teh dilakukeun sacara simbolis nyerahkeun Petikan SK pengangkatan PPPK dan CPNS formasi 2024 ka Sugandi, salaku PPPK anu yuswana pangkolotna jeung Irsan Ramadhan salaku CPNS anu ngabogaan niley pangpunjulna.
Nurutkeun Bupati tarekah ngayaan deui ASN teh ngarupakeun implementasi tina visi ngawujudkeun Kabupaten Bandung Leuwih Bedas, maju jeung terus lumangsung ngahontal Indonesia kaemasan taun 2025, sakumaha kauni dina misi ka-4, nyaeta pikeun ngoptimalkeun tata kelola pamarentahan anu hade guna ngawujudkeun layan public nu partisipatif, transparan jeung akuntabel.
“Sarengna deui, ieu teh ngarupikeun salasawios lengkah strategis pamarentah daerah enggoning ngudarkeun sakur pasualan pagawe honorer anu salami ieu masih keneh kajantenan,” ceuk Kang DS.
Kang DS oge papadon sangkan sakumna ASN atawa PPPK leuwih kesit jeung iatna ngalaksanakeun pancen gawe anu dibarengan ku hate, sumanget jeung nembongkeun rasa tanggung jawab sakumaha tufoksina sewang-sewangan.
“Tembongkeun kinerja sahade-hadena sabab aranjeun sakabeh kaasup jalma pinilih. Tunjukkeun dedikasi jeung loyalitas dina ngalaksanakeun pancen gawe pikeun ngayakeun ajening kualitas pangladen ka masarakat,” tandesna.
Satuluyna Bupati ge peupeujeuh sangkan teu eureun diajar ngasah diri jeung ngembangkeun potensi sarta inovasi sabab tugas jeung tanggung jawab anu diemban ka hareupna bakal leuwih beurat, tambah Kang DS.
Inyana miharep hadirna ASN anyar di lingkungan Pemkab Bandung beuki nambah mere warna anu poritif di unit kerjana sewang-sewangan.
Kang DS oge meredih malar sakumna jajaran bisat nguatkeun sinergi serta gawe rancage nu cerdas, tuntas tur ikhlas demi ngawujudkeun Kabupaten Bandung leuwih bedas.
“Ka sukumna CPNS, PPPK sareng PNS anu parntos kedal ucap ngayakeun sumpah sareng nampi SK pangangkatan, sim kuring ngahaturkeun wilujeng. Nu janten harepan, pamugi ieu amanah teh tiasa dilaksanakeun ku rasa tanggungjawab,” pungkasna. (**)
Editor: Dadan Sungkawa