Selasa, 17 Jun 2025
Ganda Mekar

Nu Kateug ka Tanah Suci

Gb, Illustrasi (Sumber Net)***

Kolom: Dadan Sungkawa

Saban taun, jutaan kaum muslim ti sadunya nuju ngalaksanakeun ibadah haji di Tanah Kangjeng Nabi Ibrahim. Tanah Mekah AL Muqaromah. Sakur jalmi anu parantos tiasa ngalaksanakeun ibadah haji, tangtosna hiji anugrah. Kapanan , teu sadayana jalmi ti kalangan kaum muslim tiasa ngalaksanakeun ka Tanah Suci  nyumponan ieu rukun Islam ka-5, anging kanggo nu mampuh sareng kasinugrahan, anu tiasa miang ka Tanah Suci.  Geuningan, seueur anu mampuh, nanging teu dikersakeun. Teu sakedik deuih, umat Muslim ti kalangan biasa-biasa, tiasa miang ka Tanah Suci ku hasil kekempil, turta panceg patékadan.

Lebah dieu mah, tétéla geuning, ngalaksanakeun ibadah haji téh, tiasa disebatkeun ibadah anu kawilang ahéng, gumantung kana takdir sareng nanasiban. Parantos aya gurat-Na. Parantos aya ti ajali-Na. Anging Allah Nu Maha Uninga sareng Nu Maha Ngersakeun. Wallahu ‘alam bisawwab.

Ngalaksanakeun ibadah haji, kitu deui umroh henteu tiasa ku cara maksa-mirusa. Angot dugi ka sagala cara dilakonan. Kajantenana, bakalna téh sapertos rupi-rupi kasus katipu ku travel. Maksad téh, calon jamaah haji atanapi umroh Indonésia anu kateug ka Tanah Suci Mekah, bet  kalah bolay. Dugi ka kedah ngalaman nasib kadungsang-dungsang.  Niat suci ka tanah Suci bet kalah janten balai.

Da bongan kabobodo, kabongbroy ku pangbibita para pangusaha travel haji swasta. Paribasa banyak jalan menuju roma, dina ibadah haji mah, teu tiasa kitu. Kantos kapanan taun pengker mah 700 urang Kaom Muslim Indonésia anu ngalaman kadungsang-dungsang di nagara Filipina, kedah dijantenkeun conto sangkan urang sadaya langkung ati-ati. Atuh dina taun ieu oge deuih bet aya anyarm nyaeta haji furoda. Ratusan atanapi rebuan calon jamaah haji ngalaman nasib nu sarua. Teu cios miang Tanah Suci Mekah.  Alatan Pamaremntah Saudi teu ngaluarkeun visa haji furoda. Tah, ningal kajantenan kitu mah, rupina masarakat kedah ati-ati. Ulah dugi ka melak cabé jadi bonténg, maksud hadé jadi goréng. Kasabaran sareng katawekalan urang kedah ngajantenkeun pamatri kana kaimanan urang sadaya.

Atuh tina tacanna urang tiasa miang ka Tanah Suci, teu kedah leutik hate, Islam teu weléh maparin lolongkrang ibadah sanésna, anu niléyna ngagaduhan ajén anukacida luhungna, nyaéta ku ngalaksanakeun ibadah qurban.

Ibadah qurban dina seuhseuhanana mah ngandung hikmah anu kalintang jerona, henteu ngan saukur diniléy tina gedéna atanapi mahalna héwan qurban. Nanging, aya rupi-rupi pangorbanan nu disarengan ku rasa ikhlas binarung rasa kaimanan nu taya kendatna.

Upama nilik tina jihat sajarahna, waktos Kangjeng Nabi Ibrahim dipiwarang ngurbankeun nu janten putrana, Kangjeng Nabi Ismail anu sakitu dipikanyaah sareng dipikameumeutna, saha sepuhna anu baris téga kedah ngurbankeun beuheung putrana dina seuseukeut pedang? Hiji ujian anu kalintang abotna anu kedah dijalankeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim sareng putrana, Kangjeng Nabi Ismail.  

Tina ieu kajantenan sajarah hikayat Nabi Ibrahim, aya niléy-niléy anu ku urang tiasa dijantenkeun patokan enggoning nyumponan pancén agama, nyaéta niléy kaikhlasan diri kana rupi-rupi ujian anu parantos dipaparinkeun ka umat manusa.  Ku rasa ikhlas sareng sikep sumerah diri  kalayan disarengan ku kaimanan sareng katawakalan, éta ujian téh malah ahirna mah janten jalan ngipuk kahadéan, ngajantenkeun sarana ibadah kanggo langkung ngaraketkeun diri ka Allah SWT.

Tah, patali sareng éta hal, danget kiwari bangsa Indonésia masih kénéh remen diuji ku rupi-rupi musibah. Gunung bitu, banjir motah dimana-mendi, tabrakan lalu lintas, aya nu tiwas karuag ku urug, tangtosna ieu ujian téh, kedah dijantenkeun intropéksi diri . Makna qurban, sanés hartosna ngantep nyawa manusa tingkalayang janten korban rupi-rupi musibah. Seug komo éta musibah téh dilantarankeun bongan urangna sorangan talobéh. Cag!

 

Tags:Dadan SungkawaKolom


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *