Selasa, 17 Jun 2025
Lingkung Lembur

Wacana Revitalisasi Alun-alun, Pemdes Majalaya Boga Peran Penting Nyalametkeun Kawasan Heritage Majalaya

Pangwangunan Alun-alun Majalaya kaasup salasahiji infrastruktur wangunan anu ngabogaan ajen sajarah. Diwangun kira taun 1930-an katompernakeun. Meh bareng jeung ngadegna Masjid Agung Majalaya anu kiwari geus ditetepkeun jadi salasahiji situs cagar budaya di Kabupaten Bandung. (Photo: Temanews.id)***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Henteu loba kacamatan di Kabupaten Bandung, dalah di Jawa Barat, anu ngabogaan alun-alun. Ieu tata ruang puseur pamarentahan warisan budaya Mataram teh, ukur aya di sababaraha kacamatan. Salasahijina, Alun-alun Majalaya.

Pangwangunan Alun-alun Majalaya kaasup salasahiji infrastruktur wangunan anu ngabogaan ajen sajarah. Diwangun kira taun 1930-an katompernakeun. Meh bareng jeung ngadegna Masjid Agung Majalaya anu kiwari geus ditetepkeun jadi salasahiji situs cagar budaya di Kabupaten Bandung.

Pikeun sabagean masarakat Majalaya jeung sabudeureunana, Alun-alun Majalaya teh beunang disebutkeun titinggal sajarah anu kudu dirumat sailaharna bagean tina kawasan heritage Majalaya.

Alun-alun Majalaya, masing kalah kumaha oge jadi saksi kamekaran ti mangsa ka mangsa, hususna di wilayah Kabupaten Bandung.

Wajar lamun tea mah Pamarentahan Kabupaten Bandung, kaasup pamarentah kacamatan Majalaya, danget kiwari keur meujeuhna haget ngararancang tur nataharkeun panataan kota kawasan Majalaya, diantarana ngawacanakeun revitalisasi Alun-alun Majalaya. Hanjakal, ari waktuna mah can enya ditangtukeun, tacan aya kapastian anu jinek.

Tumali jeung wacana revitalisasi Alun-alun Majalaya, Kepala Desa Majalaya H. Ate Saepudin ngungkabkeun harepanana. Soalna, lokasi Alun-alun Majalaya kawengku wilayah Desa Majalaya. Malah bisa disebutkeun minangka jantungna jeung puseur karamaean masarakat Majalaya jeung sabudeureunana. Palebah dieu, Pamarentah Desa Majalaya mibanda peran penting enggoning nyalametkeun Kawasan heritage Majalaya.

Ate Saepudin miharep sangkan pihakna dibere kawenangan pikeun ngokolakeun Alun-alun Majalaya minangka ruang public pikeun pusat kaiatan social, budaya jeung ekonomi masarakat.

“Pami dipasihan kawenangan ku Pemkab Bandung atanapi Pamarentah kacamatan Majalaya kanggo ngokolakeun Alun-alun Majalaya, supados henteu kagok dina ngalakukeun kagiatan di Kawasan Alun-alun Majalaya. Mana kawenangan Kepala Desa atanapi pamarentah Desa dina ngokolakeun Alun-alun Majalaya?” ceuk Ate Saepudin.

Inyama nyebutkeun yen dina ngokolakeun Alun-alun Majalaya teh samemehna kudu jelas heula tufoksina. Samemehna memang aya katangtuan anu dikaluarkeun ku pihak kacamatan jeung kabupaten pikeun mastikeun saha anu ngokolakeun Alun-alun Majalaya.

Kepala Desa Majalaya oge miharep panataan Alun-alun Majalaya bisa wae nyonto ka Alun-alun Kota Bandung. Bagean handapna dijieunkeun jang lahan parkir kandaraan, boh sapeda motor atawa mobil.

Ari bagean luhurna bisa digunakeun jang lapangan upacara atawa rupa-rupa area kaulinan  jeung tempat pamungpungan masarakat nu aman tur nyaman keur tempat pangbeberah jeung pangberag warga.

“Ku ayana panataan sapertos kitu, supados parkir kendaraan henteu liar. Sapeda motor sareng mobil tiasa parkir di basement Alun-alun Majalaya,” ceuk Ate Saepudin.

Konsep penataan Alun-alun Majalaya kawas kitu, nurutkeun inyana ngarupakeun bagean tina inovasi panataan ingrastruktur prasarana umum.

Disagedengeun panataan Alun-alun Majalaya, Ate Saepudin oge turut nepikeun aspirasina dina panataan jalan, boh jalan desa atawa jalan kabupaten henteu ngan dicor atawa dibeton, tapi deuih bagian luhurna dihotmixm supaya jalan bisa leuwih tahan lila jeung kuat. Tangtu lebah upaya ningkatkeun infrastruktur jalan nu jadi prasarana/sarana publik kudu aya dukungan ti Pemkba Bandung, pokna. (K)***

Editor: Dadan Sungkawa

Tags:Kacamatan MajalayaKawasan Heritage MajalayaPemdes Majalaya


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *