LBNews.com, BOJONGSOANG, – Aya sawatara hasil kajian dina taun 2021, 14 kecamatan, 127 desa jeung deui 8 kelurahan di Kabupaten Bandung ngabogaan lolongkrang jeung nyumponan kalayakan pikeun dimekarkan. Eta halt eh kaungkab dina acara sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa dan Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 1 tahun 2017 tentang Penataan Desa.
Kagiatan sosialisasi nu dilaksanakeun Pamarentah Kabupaten Bandung ngaliwatan Dinas Pemberdayaan Masyarakat dan Desa (DPMD) lumangsung di Gedung Serbaguna Desa Lengkong Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung, poe Kemis (6/3/2025) nak. Ieu kagiatan teh ngarupakeun acara roadshow kaopat poe. Samemehna, kagiatan nu sarua dilaksanakeun di Kacamatan Cangkuang, Margahayu, jeung Kacamatan Banjaran Kabupaten Bandung.
Aparat desa ti Kacamatan Bojongsoang, Solokanjeruk jeung Kecamatan Cimenyan Kabupaten Bandung hadir langsung dina kagiatan sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa dan Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 1 tahun 2017 tentang Penataan Desa.
Ieu lagiatan Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa dan Peraturan Menteri Dalam Negeri RI No 1 tahun 2017 tentang Penataan Desa teh ngahadirkeun para Kepala Desa jeung Sekretaris Desa, Ketua BPD, Sekretaris BPD, jeung dua urang dusun saban desa di Kecamatan Bojongsoang, Solokanjeruk dan Cimenyan.
Salila acara sosialisasi lumangsung, euyeub ku kagiatan tanya jawab atawa diskusi antara Kepala DPMD Kabupaten Bandung Tata Irawan Subandi jeung para perangkat desa, kitu deui BPD. Hal ieu teh geus ngajadikeun tangara yen acara sosialisasi arah kebijakan penataan desa meunang pangbagea nu hade. Utamana ku perangkat desa anu jadi sasaran pamekaran desa atawa parubahan status desa jadi kalurahan.
Bupati Bandung Dadang Supriatna diwakilan Kepala DPMD Kabupaten Bandung Tata Irawan Subandi nyebutkeun yen DPMD dina poe nu kaopat, Kamis (6/3/2025) ngalaksanakeun sosialisasi tumali jeung arah kebijakan penataan desa.
“Syukur alhamdulillah, sadayana perangkat desa anu ngiring kana ieu kagiatan kalintang antusiasme sapanjang lumangsungna acara sosialisasi kasebut. Seueur ti para pamilon sosialisasi nu hadir, nandakeun rasa antusiasme. Reureg pisan ku ningalna ge,” ceukTata Irawan sarengsena sacara sosialisasi.
Antusiasme ti para pamilon sosialisasi, disebutkeun Tata Irawan, dina waktu sajam lilana ngadadarkeun arah kebijakan penataan desa, nurutkeun pangakuanana, dina jero waktu sajam lilana oge, acara diskusi lumangsung kalayan daria sabada lobana panalekan ti perangkat desa nu ngarasa panasaran tumali acara sosialisasi.
Ieu teh saluyu jeung dipikaharep. Sangkan naon? Nu kahiji, pikeun nyinglar kasalahan dina tahapan. Saterusna, nu kadua, para perangkat paham ngeunaan pamekaran jeung kamana arah tujuanana, jelasna.
Satuluyna, Tata Irawan nambahkeun, lamun tea mah ieu geus jadi kasapukan sarerea, mudaha-mudahan bisa ngagancangkeun jeung ngamuluskeun jalan tumali jeung kagiatan rararancang pamekaran desa.
Kepala DPMD kungsi ngungkabkeun rehna perangkat desa sempet ngarasa kaget waktu dilaksanakeun sosialisasi arah kebijakan penataan desa teh, utamana geuning bet nyabit-nyabit kana pamekaran desa.
Loba nu nanyakeun, naon dasarna? Nya sanggeus dijelaskeun yen nurutkeun sawatara hasil kajian dina taun 2021, aya14 kecamatan geus layak dimekarkan, jeung aya 127 desa layak dimekarkan, jeung deui aya 8 kelurahan nu boga kalayakan pikeun dimekarkan.
Tata Irawan oge deuih nyebutkeun yen pihakna baris narima sakur ayana panalekan anu sakirana perlu disawalakeun sacara leuwih gamblang deui. Pihak DPMD tangtuna ngahiap kana sakur pangladen konsultasi sangkan ieu program bisa kalasanakeun sahade-hadena.
Leuwih jauh Tata Irawan ngungkabkeun dina prungna aya pamekaran desa atawa parobahan status desa jadi kalurahan, tangtu bakal ngadatangkeun parobahan kana identitas atawa administrasi kapendudukan.
Satiap parobahan pasti bakal nimbulkeun resiko. Tapi, eta resiko teh kudu satekah polah dieliminasi, saleutik-leutikna. Diantarana ngayakeun koordinasi jeung Dinas Kependudukan dan Pencatatan Sipil (Disdukcapil) Kabupaten Bandung katut pihak sejenna. Ti mimiti bukti e-KTP, akta atawa nu lainna. Jeung deuih, engkena bakal ngarembet kana pasualan SIM atawa STNK jeung bukti kapemilikan tanah, ceuk Tata ngajelaskeun.
Tapi sabenerna, Tata Irawan nyebutkeun, parobahan identitas kependudukan bisa diteangan jalan keluarna. Engkena baris perelu dijeujeuhkeun sahade-hadena ulah nepi ka masarakat ngarasa apatis. Maklum masarakat mah embung ribet, eta nu kudu disinglar, pokna.
Disebutkeun, aya 127 desa nu jadi sasaran pamekaran, tapi DPMD ningal heula respon ti para pihak, ngaliwatan acara sosialisasi.
Mangkana danget ayeuna dilaksanakan sosialisasi kalayan secara maraton di 9 kacamatan di Kabupaten Bandung. Nunggu respon, mana nu responna positif jeung mana nu nepikeun informasi jawaban tumali jeung kasiapan pemekaran jeung mana anu acan. Keur nu acan, engke diulem deui. Naon nu jadi pasualanana jeung lebah mana masalahna. “Ieu kedah aya solusina,” pokna.
Kepala DPMD miharep yen taun ieu sababaraha phak geus tatan-tatan tur iatna ngalaksanakeun hanca pagawean. Samemeh lebaran atawa Hari Raya Idul fitri 1446 Hijriah/2025 M, Tata Irawan oge miharep para pamilon sosialisasi ti masing-masing pamarentah desa geus bisa mere keputusan pikeun diayakeun rekapitulasi.
Ieu teh kudu geus aya kaputusan, Naha rek dimekarkeun atawa moal. Mana nu siap maju mana nu can siap. Nu can siap, engkena rek diolah deui, naon nu jadi halangan jeung harunganana. Proses pamekaran desa teh aya tahapan nu cukup panjang jeung merelukeun proses. Pikeun kepala desa perlu persiapan we. Copelna sataun. Pihak pemkab baris konsultasi ka pamarentah pusat, naha memang sataun atawa dikurangan lamun mah enya desa tacan enya siap, ceuk Tata.
Sabada ngaluuhan acara sosialisasi, Tata Irawan miharep ka para perangkat desa, kahiji, nindak kagiatan sosialisasi satuluyna jeung kadua ngalaksanakeun musyawarah desa (musdes). “Tumali sareng kagiatan musdes, naha bade dimekarkan atanapi teu acan,” pungkasnya.**