LBNews.com., – Tanggal 8 Mei 1579, kacutat minangka runtagna atawa burakna karajaan Pakuan Pajajaran. Sabada ngosongkeun karaton Pajajaran, Prebu Raga Mulya Suryakancana ngalolos ninggalkeun puseur pamaréntahan.
Kituna téh, ogé deuih bari jeung ngutus opat kapercayaanana, sakaligus para panglima perang tanggoh, nu katelah Opat Kandaga Lanté téa. Opat kapetengan téh, nyatana, Sanghyang Hawu (aya nu nyebut Sayang Hawu) alias Jaya Perkosa. Pancar Buwana atawa nelah nénéhna Kondang Hapa, Nanganan jeung panglima nu nu dibére jujuluk Térong Péot Sang Katong, Prebu Raga Mulya masrahkeun simbul Pajajaran nu katelah Makuta Binokasih atawa Sanghyang Paké, supaya disumputkeun, tur kudu dipasrahkeun ka hiji karajaan, urut bawahan Pajajaran, nu katelah Sumedanglarang. Ceuk Sang Katong, Sumedanglarang, anggap wé panerus Pajajaran, supaya Pajajaran ulah carem, tapi nga-regenerasi.
Éta sapasang makuta, ajang raja jeung praméswari nu dijieun tina emas téh, dikawal ku opat kandaga lanté nu sarakti. nya antukna hasil tepi ka Sumedanglarang. Anapon raja nu keur maréntah Sumedanglarang harita, nelah Ratu Pucuk Umun. Tutas makuta Binokasih Sanghyang Paké dipasrahkeun ka Pucuk Umun, opat panglima Pajajaran tuluyna mah babakti di Sumedanglarang jeung karajaan-karajaan bawahan sejenna. Kaasup karajaan-karajaan nu aya di wilayah Kabupaten Bandung.***
Naskah: Dadan Sungkawa
Diropéa tina sawatara sumber