Jumat, 14 Mar 2025
Susul Tepus

Lantaran Euweuh Anggaran, Terminal Majalaya Teu Kaurus, Keumeuh tur Pasolengkrah lir Jarian

Korlap terminal majalaya, Asep Rustandi SM, Staff Terminal Majalaya, Kertandi Taufik, anggota Kiman, Admin Andri Satia Nugraha.***

LBNews.Com, Majalaya. – Terminal Bus Majalaya Kabupaten Bandung Jawa Barat, salasahiji fasilitas umum pamarentah anu sakuduna enya-enya dipiara, dikokolakeun kalayan rapih, tartib, tur bersih, tapi katembongna henteu kitu. Malah kawas nu geus salin jinis, antara pasar jeung terminal jiga nu pahili. Hiji kaayaan anu kawilang prihatin.

Adegan wangunan pager pembatas anu dibangun kira taun 2018, keur ngageulisan terminal, kiwari geus henteu katingali, sabagean ilang tan laratan.  Bisa jadi, nu jadi gara-garana akibat parobahan fungsi jadi kios semi permanen, disewakan ke para pedagang pakaian, yang mirip kandang domba. Jaba ti kitu teh, runtah amalayah di jero area terminal Majalaya kalayan bauna nusuk kana irung.

Terminal Majalaya, terminal nu ngahubungkan transportasi umum kalayan sababaraha trayek moda angkutan, diantarana Bus Damri Jurusan Majalaya – Leuwipanjang, Bus Majalaya-Cicaheum dan angkutan umum (angkot), trayek Majalaya – Cileunyi, Majalaya -Ibun, Majalaya – Ciparay, Majalaya – Lembur Awi, jeung Majalaya – Cicalengka Kabupaten Bandung. Ironisna, para sopir angkot, meh ti sakabeh trayek teu enya ngagunakeun terminal, malah leuwih ngetem di sambarang tempat, di sababaraha terminal bayangan.

Munculnya terminal bayangan kawasna bae alatan terminal henteu bisa nampung angkot.sabab tempat pikeun rute angkot malah dijadikeun pasar, pinuh ku kios jeung jongko. Faktor lain, para calon panumpang ge kawas nu males ka terminal. Leuwih milih nungguan di terminal bayangan ataea nungguan di sisi-sisi jalan.  

Hal ieu teh alatan angkutan umum sejenis elf jurusan Majalaya – Bandung, ngetemnya jauh dari terminal Majalaya, termasuk angkot jurusan Majalaya – Lembur awi dan jurusan Majalaya – Ciparay standby-nya di hareupeun Gedung Bank BNI

Rencana Pamarentah Kabupaten Bandung ngabebenah terminal Majalaya, malah disambut Kepala Terminal/Korlap jeung staffna ku sikep anu pesimis. Alesanana, lahan terminal statusna milik PT. Perusahaan Jawatan Kereta Api. Samemeh dijadikeun terminal, tadina urut stasiun Majalaya.

Sawatara nurutkeun Kepala Terminal Majalaya/Korlap ,Asep Rustandi SM  ngaliwatanj salasaurang  Staffna, Kertandi Taufik nerangkeun ieu terminal teh legana 2000 meter2, jauh kana lega terminal anu ideal, “Kedahna mah langkung ti 5000m2. Ieu mah mung ini hanya 2000m2 legana teh. Margi rencanana bade didamelkeun terminal anu refresentatif, supados sadayana jalur tiasa lebet. Mung, lahan henteu memadai, ngahiji sreng lokasi pasar,” walon taofik, jubir Kater Majalaya basa ditepungan di kantorna, Salasa (11/3/2025)

Hubunganana jeung PT KAI, Taufik ngajelaskeun, memang baheula aya MOU dina taun 1994 yen terminal ditunjuk pikeun ngajaga asset ku PT KAI. Disebutkeun, “Jadi kanggo perawatan pembangunan terminal, kedahna milik pemda. Matakna terbengkalai. Soalnya tidak ada anggaran,” Ucap Asep nandeskeun.

Leuwih jauh Asep ngajelaskeun, “Taun 2017 diputus ku PT KAI teh margi DISPERINDAG henteu mayar. Ceuk orang hukum KAI. Mangkana ti dinya masalah ngawitan timbul. Tah, ayeuna PT KAI bade aya Kerja sama, nanging teu acan dilanjut. Janten fokusna ka Pasar Majalaya anu dikokolakeun ku Diperindag. (GUN)***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *