Jumat, 14 Mar 2025
Balabar Kawat

Launching Zakat Istana jeung Balanja Gratis Bareng Barudak Yatim, BAZNAZ Kab. Bandung Dirarancang Jadi Pusat Kajian jeung Diklat Zakat Nasional

Bupati Bandung nalika ngalaksanakeun Launching Zakat Istana dan Belanja Gratis Bersama Anak Yatim atawa anak hebat kalayan ngahadirkeun 100 urang di Gedung Baznas Center (GBC) Lt. I, Jl. Gading Tutuka Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, Kamis (13/3/2025).***

LBNews.com. SOREANG, – Bupati Bandung Dadang Supriatna turut ngadungakeun barudak hebat atawa barudak yatim,  mudah-mudahan dina poe jaga sing meunang kabarokahan ti Allah SWT . Allah SWT baris ngajamin sakur nu iman jeung taqwa ka manten-Na.  

Ieu hal diungkabkeun Bupati Bandung nalika ngalaksanakeun Launching Zakat Istana dan Belanja Gratis Bersama Anak Yatim atawa anak hebat kalayan ngahadirkeun 100 urang di Gedung Baznas Center (GBC) Lt. I, Jl. Gading Tutuka Kecamatan Soreang Kabupaten Bandung, Kamis (13/3/2025).

Ieu Kagiatan diinisiasi ku  BAZNAS (Badan Amil Zakat Nasional)  Kabupaten Bandung. 100 urang barudak yatim nu asalna ti Kecamatan Soreang, Cangkuang, Katapang dan Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung atawa wilayah Soreang Raya.

“Sim kuring ngaraos bingah, margi BAZNAS Kabupaten Bandung tiasa ngayakeun parobahan nu kalintang signifikan. Ti ngawitan proses nyalurkeun sareng nu sanesna,” ceuk Bupati Bedas.

Kang DS, landihan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna negeskan, rehna BAZNAS  Kabupaten Bandung geus robah tina zona nyaman, anu kiwari geus hadir di tengah-tengah masarakat.  

Disebutkeun, bareng jeung Bupati Bandung BAZNAS remen ka lapangan. Tina zakat, infaq, shodaqoh nu ditarima teh dipulangkeun deui ka masarakat. Kaasup kamari, tina kajadian waktu pasca musibah lini di Kertasari Kabupaten Bandung, Ti ASN kurang leuwih kakumpul dana Rp 900 juta-an dititipkan ngaliwatan BAZNAS. BAZNAS langsung ka lapangan jeung diserahkeun ka para korban musibah nu imahna burakrakan alatan katarajang musibah lini. Turta loba deui kagiatan lianna.

Tangtuna, Kang DS neruskeun deui, panarimaan (zakat, infaq, dan shodaqoh) beuki ningkat  ti nu samemehna. Awalna, Rp 6 miliar jeung ayeuna ngahontal Rp 12 miliar per tahun.

“Koncina kajujuran jeung terbuka. Insya Allah umat bakal nurut. Tapi, dimana BAZNAS henteu terbuka,  ulah miharep BAZNAS bisa maju,” pokna.

Eta hal teh ditepikeun Kang DS ka Ketua BAZNAS Kabupaten Bandung H. Yusuf Ali Tantowi jeung pihak jajaranna.

Saterusna Kang DS nyarita panjang lebar, “Naha? Sim kuring bakal era saupamina sim kuring meredih sareng nginstruksikeun ka para ASN jeung para pangusaha katut Aghnia.  Tapi, BAZNAZ nu ngokolakeunana amburadul.  Pasti sim kuring era. Tapi saat ieu, BAZNAS Kabupaten Bandung tos barobah, mgajalankeun kahadean jeung bisa dirasakeun ku masarakat,” pokna semu reugreug.

Kang DS oge ngabuhunkeun ka para pihak nu hadir harita. Inyana nyebutkeun, kagiatan nu dilaksanakeun BAZNAZ ngarupakeun lengkah nu luar biasa.

“Mangka siap-siap wae, BAZNAS Kabupaten Bandung baris nampa amanah nu lngkung ageung. Nu tangtosna ti para aghnia, engkena baris sounding oge.  Sim kuring parantos kempel sareng kirang langkung 137 pausahaan, malah 150 pausahan. Kalebet jumlah total meh dugi ka 5.000 pausahaan. Engke tiasa diarahkeun tempat wisata sareng tempat-tempat perhotelan. Urang mekarkeun, Urang kembangkeun, Syaratna, salurkeun sakumaha mistina sareng sakumaha hakna,” pokna  deui mitutur.

“Tapi dimana nyengcang, hampura sim kuring moal bade miluan ngarekomendasi. Itu konci. Sarengna deuih, wangkid ayeuna, dinten ieu, parantos kabuktian sareng tadi parantos kadangu langsung ti sajumlah pihak anu nitipkeun, zakat, infaq sareng shodaqohna ka BAZNAS Kabupaten Bandung. Itu dicatat minangka ladang amal sareng dipaparin pahala ti Allah SWT. Aamiin yra,” tambahna..

Kang DS nyebutkeun yen barudak hebat (barudak yatim) nu ngalaksanakeun balanja teh, dipiharep bisa nambahan kabungah barudak yatim.

“Margi kabungahna barudak yatim jadi salasahiji panto kanggo urang lebet ka surgana Allah SWT,” pokna.

Inyana miharep ieu program teh henteu ngan saukur saharitaeun, tapi manjang.

“Insya Allah simkuring baris salawasna masihan support kangggo BAZNAS Kabupaten Bandung. Simkuring siap kanggo tiasa salamina masihan jalan terbaik kanggo murangkalih hebat,”pungkasna.

Sawatara, Ketua BAZNAS Kabupaten Bandung H. Yusuf Ali Tantowi, miharep ka hareupna kagiatan zakat istana jeung balanja gratis bareng barudak yatim atawa barudak hebat leuwih masif deui. Harepanana sakumna barudak hebat sa-Kabuopaten Bandung engkena bisa ka-akomodir ku BAZNAZ Kabupaten Bandung.

“Panuhun do’na ti sadayana,” pokna miharep.

Yusuf nyebutkeun barudak hebat nu hadir dina ieu kasempetan teh jadi penerus di Kabupaten Bandung. Mampu mawa kabupaten Bandung jauh leuwih berkah tur leuwih sajahtera deui.

Inyana nerangkeun ieu kagiatan mawa barudak yatim balanja bahagia pikeun kalengkepan Idulfitri, sangkan dina datang prungna idul fitri, arinya ngarasa bungah lantaran geus kacumponan bubutuh lebaran, baju anyar jeung sapuratina.

Yusuf nyaritakeun kagiatan balanja bareng jeung barudak hebat di Zakat Istana teh dijadikeun moment soft lounching, sanggeus aya komunikasi jeung BASAZ Pusat. Pihakna miharep ieu tempat teh dijadikeun BAZNAZ jadi tempat pelatihan jeung pendidikan zakat aawa pusat kajian zakat.

“Sekupna lain kabupatenBandung, tapi sekupna nasional. Hartina, ieu jadi  pilot project ti BAZNAS Pusat, kajian zakat di Kabupaten Bandung jeung dijerona aya  UMKM Center jeung nu lain. “Mudah-mudahan prosesna bisa lungsur langsar sareng piduana bae ti sadayana. Naon anu janten rencana sareng program turta naon anu parantos dilaksanakeun sing ngajantenkeun amal sholeh di payuneun Allah SWT,” pokna.

Yusup ngajelaskeun taun 2024, BAZNAZ Kabupaten Bandung henteu ngan saukur ngahontal target, tapi deuih mampuh ngaronjatkeun target. Tina target Rp 12 milyar, tiasa dugi ka hontal 12,2 milayar. “Tangtos ieu moal tiasa ngawujud saupamana tanpa aya dukungan ti pamarenah daerrah dina hal ieu Bapa Bupati Bandung,” tandesna.

Lounching Zakat Istana jeung jeung balanja gratis bareng barudak yatim turut hadir BAZNAZ Provinsi Jabar, Jajaran Forkopimda Kabupaten Bandung, jajaran Organisasi Perangkat Daerah Kabupaten Bandung, Forkopimcan Soreang, sajumlah pangusaha jeung pihak lainna.***

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *