Sabtu, 15 Mar 2025
Ganda Mekar

Urang Barat Muji kana Kapinteran jeung Kawijaksanaan Masarakat Lokal

Konsep tata ruang paimahan kudu ngahiji jeung alamna, Buruan imah jeung tatangkalanana.***

Dadan Sungkawa

LBNews.com.- Ku ayana sawatara musibah alam di lemah cai urang di luar fénoména alam, saperti, gunung bitu, jeung lini, antukna mah sawatara paniten lingkungan alam cumeluk sangkan urang téh, inget deui kana kawijakan para karuhun urang, nyaéta nu remen disebut-sebut “kaaripan lokal” téa.

Kaaripan Lokal, sajatina mah tarjamahan tina para paniten lingkungan hidup di Barat, nu nga –istilahkeunana téh, Genius Local jeung Wisdom Local. Geura éta coba, lenyepan, kosa kecap genius anu dina basa urang mah, hartina téh, “kacida pinterna,” atuh wisdom hartina “wijaksana.”  “Pinter pisan jeung wijaksana,” kitu cindekna urang Barat muji ka bangsa urang. Naha urang teu reueus dipuji ku urang Barat, nu nota béné, bangsa nu réa manggihan téknologi?

Tapi kanyataanana, urang kawas nu haré-haré kana kearifan lokal bangsa sorangan téh, sabab nganggapna, samodél kawijakan nu geus tingaleun jaman. Malah sabalikna sabagéan gedé masarakat urang keur kataji ku téknologi Barat. Enya bener, rupa-rupa téknologi Barat geus réa ngungkulan masalah-masalah alam, diantarana prédiksi gunung bitu, geuning aya alat nu bisa ngadeteksi getaran gunung, anu terus dirilis atawa iber ka masarakat, yén éta gunung, aya dina bahaya tahap waspada, atawa geus undak kana tahap bahaya pisan. Pon kitu deui lini di tengah laut, bisa diprediksi tur diitung sacara pisika géologi, naha ngandung poténsi kana bahaya datangna lambak tsunami atawa henteu?

Para élmuwan Barat, dadakuna ahli lingkungan alam, kataraji ku kaarifan lokal ti bangsa-bangsa timur téh, dadakuna kearipan lokal Nusantara, sabab leuwih loba ragemna. Enya sabab, ampir di unggal propinsi di urang aya nu disebut kaaripan lokal. Naon atuh sajatina nu disebut genius local jeung wisdom local téh?

Numutkeun para paniten kaaripan lokal, Putu Oka Ngakan, Andi M. Akhmar jeung Syafudin, ngécéskeun, kaaripan lokal téh, mangrupakeun tata niléy atawa perilaku, jeung tata-titi kahirupan masarakat lokal dina enggoning ngayakeun interaksi (hubungan sapopoé) jeung lingkungan tempat ngalanjrekna masarakat, kalawan ku cara nu wijaksana (arif). Ku kituna ceuk éta tilu pakar lingkungan, kaaripan lokal, henteu sarua dina tempat jeung wanci nu béda-béda, tur sélér nu ogé béda-béda. Geus kitu dikersankeunna Ku Nu Murbéng Alam, Nu Maha Kawasa, nagara urang mah dirangkéy ku réa pulo, jeung réa adat-istiadat, rupa-rupa agama jeung darigama, kaasup kaaripan lokalna gé, béda-béda.

Puguh gé nagara jeung bangsa urang mah mungguhing unik pisan. Enya, tina rupa-rupa pulo, aya rupa-rupa adat-istiadat, rupa-rupa kasenian, kuliner, katut rupa-rupa agama jeung darigamana. Béda jeung Jepang, éta nagara sarua mangrupa réa kapuloan, tapi, sélér bahasa jeung adat-istiadatna sarua, kasebut sélér Nippon atawa bangsa Jepang.

Ari ayana perbédaan kaaripan lokal di antara réa wewengkon di lemah cai, ku lantaran tangtangan alamna nu béda-béda deuih, ku kituna kabutuhan hirup sapopoéna ogé béda. Mangka kitu tina pangalaman nu turun tumurun, dina nohonan pakumbuhanna, geus nyiptakeun rupa-rupa pangaweruh, boh nu aya kakaitanna jeung lingkungan hirupna, boh nu aya hubunganna jeung masalah sosial. Sedengkeun pakar lainna, Keraf, nétélakeun. Kaaripan lokal téh, nyatana sakabéh pangaweruh, kayakinan, pamahaman, atawa wawasan, jeung adat kabiasaan atawa etika anu nungtun perilaku manusia dina kahirupan dina komunitas ekologis (kasaimbangan alam) Kabéh kaaripan lokal téh, ceuk Keraf deui, dihayati atawa dilenyepan, dipraktékkeun, diajarkeun malah diwariskeun turun tumurun, ti generasi ka generasi, anu sabagéan gedé dibungkus dina tata-titi ritual.

Sedengkeun ahli lianna, Francis Wahono, méré défénisi, yén kaaripan lokal, nyatana kapinteran jeung strategi-strategi ngokolakeun alam semesta dina raraga ngajaga kasaimbangan ékologis nu geus mang-abab-abad kauji ku sagala rupa bencana alam, naha tina kahayang alam atawa tina paktor human érror atawa kasalahan manusa.***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *