LBNews.com, BOGOR – Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi, umajak ka sakumna Bupati/Walikota sa-Jabar pikeun ngayakeun sinergi dina pangwangunan daerah ngaliwatan kagiatan “Jabar Ngariung” nu lumangsung di di Auditorium Setda Kabupaten Bogor, Kemis (13/3/2025).
Ieu kagiatan teh ngabogaan tujuan pikeun nguatkeun koordinasi antar pamarentah daerah dina nyanghareupan rupaning halangan jeung harungan pangwangunan di Jawa Barat.
KDM -landihan akrab Dedi Mulyadi- ngungkabkeun sababaraha pasualan badag nu keur meujeuhna dianghareupan Jawa Barat, diantarana kamiskinan, pangwangunan sakola rakyat, turta pangololaan Program Keluarga Harapan (PKH) kalayan ngabogaan basis kinerja masarakat nu dibantu.
Lintang ti eta, KDM ge nepikeun yen inyana geus tepung jeung Menteri Kesehatan pikeun ngabahas pasualan pasca banjir jeung mitigasi dampak kasehatan nu remen muncul sanggeus musibah banjir.seperti panyakit nu narekab, angka stunting, diabetes, gagal ginjal, hipertensi turta kasus wapatna indung jeung anak nu masih keneh luhur angkana.
“Sakabeh rangkeyan ieu pasualan kudu disusun dina rancangan kinerja nu leuwih lengkep, sangkan Jawa Barat bisa ngahontal tujuan pangwangunan nu optimal,” pokna.
KDM ge nekenkeun pentingna peran Kabupaten Bogor dina sajarah jeung pangwangunan Jawa Barat.
Nurutkeun KDM, Bogor salaku puseur sajarah Karajaan Sunda, jeung sing saha wae nu nyieun kahadean di Bogor bakal mawa pangaruh pasitif pikeun daerah sejenna. Pangna kitu Bogor bakal dijadikeun puseur rupaning pangwangunan jeung rehabilitasi lingkungan di Jawa Barat.
Seterusnya, KDM ngadadarkeun sakur tarekah penting nu keur dilakukeun Pemda Provinsi Jawa Barat pikeun ngungkulan masalah lingkungan, salasahiji na ngaliwatan evaluasi moratorium tumali jeung peraturan Gubernur nu ngalarang alih fungsi lahan hutan, perkebunan, jeung tanah-tanah kaintar lainna.
Eta moratorium geus kaverifikasi Kementerian Kementerian Dalam Negeri, jeung Kementerian Perumahan dan Pemukiman oge bakal sagancangna ngaluarkeun izin nu sarua.
Rencana lainna nyaeta ngabebaskeun lahan-lahan walungan anu danget kiwari dikawasa ku individu atawa pihak lain jeung mindahkeun pikein kapentingan nagara jeung masarakat. Ieu ngarupakeun bagean tina sinergi jeung Kementerian ATR turta Kementerian Pekerjaan Umum (PU) nu baris ngayakeun prosesna sagancangna.
Jawa Barat geus ngayakeun gawe sacara terorkestrasi jeung para Menteri, kaasup Menteri PU. Kalawan harepan bisa ngajadikeun kahadean pikeun masarakat boh dina hal ngungkulan runtah atawa enggoning ngokolakeun lingkungan alam subudeureun, ceuk KDM.
KDM oge ngajelaskeun rencana reboisasi jeung normalisasi walungan nu bakala dilaksanakeun di sababaraha daerah aliran sungai jeung nambahan jero tur lebarna walungan. Sarta melakkeun deui tatangakalan endemik sakumaha karakteristik daerahna sewang-sewangan.
“Pangwangunan anu kakoordinasi ieu, dipiharep bisa ningkatkeun karaharjaan masarakat Jawa Barat sacara gembleng tur terus-tumerus, sarta ngajadikeun Jawa Barat jadi provinsi nu leuwih maju jeung ramah lingkungan,” KDM nandeskeun.***
Dadan Sungkawa/Sumber: Diskominfo Kabupaten Bogor