LBNews.com. SOREANG, – Bupati Bandung Dadang netelakeun yen kaom nonoman salaku agen parobahan. Boh pamuda KNPI atawa Karang Taruna nu teu boga inovasi jeung teu boga kahayang pakeun barobah, “Itu bukan pemuda yang kreatif,”
Ieu kritikan peureus pikeun sakumna kaom nonoman teh ditepikeun Bupati Bandung Dadang Supriatna nalika muka acara Diskusi dan Silaturahmi Ramadhan Pemuda bersama Bupati Bandung di Gedung Mohamad Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Senen (17/3/2025) sore.
Kegiatan nu dilaksanakan Karang Taruna Kabupaten Bandung jeung DPD KNPI Kabupaten Bandung. Turut hadir ngaluuhan ieu acara, nyaeta Ketua DPD KNPI Kabupaten Bandung Rifki Fauzi, Ketua Karang Taruna Kabupaten Bandung Yuli Yuliana, jajaran Dinas Pemuda dan Olahraga, Dinas Sosial jeung para pihak lainna.
Saterusna disebutkeun, nu ngaran pamuda atawa kaom nonoman aya nu nyamuni jeung ngabogaan pamikiran hayang barobah. Hayang ngalakukeun parobahan jeung hayang ngayakeun lengkah-lengkah inovasi demi kamajuan bangsa jeung nagara, ceuk Dadang Supriatna.
Bupati Dadang Dupriatna negeskeun, yen KNPI anu salila ieu dipikawanoh jadi kawah candradimuka. Beda halna jeung Karang Taruna, sabab Karang Taruna Lahir dina raraga mantuan pamarentah bagerak dina widang social.
“Wajib jeung kudu, saha wae bupatina, Karang Taruna wajib solid jeung fokus turta facun ka bupati,” pokna.
Beda jeung KNPI, disebutkeun ku Bupati Bedas, ngariung, ngumpul jeung dihijikeun pikeun nyumbangkeun pamikiaran-pamikiran pikeun ngabedah jeung nepikeun informasi-informasi naon kudu dilakonan pikeun bangsa jeung nagara.
“Mangka KNPI jadi kawah candradimuka. KNPI henteu pernah ngabahas hiji hal. KNPI lain ngabahas isu-isu, itu lain KNPI. Conto, Kabupaten Bandung banjir terus, KNPI kudu prak jeung ngabedah eta pasualan,” tandesna.
Kang DS – landihan akrab Dadang Supriatna – sempat ngalempar pertanyaan, naha pasualan banjir teu anggeus-anggeus, urug di mana-mana jeung kamacetan masih keneh nyaliara? “KNPI kuduna nyieun kajian ngeunaan eta hal. Naha nyusun kajianana rek saminggu sakali atawa dua minggu sakali,” ceuk Kang DS mere salasahiji gambaran.
Inyana ngungkabkeun, yen jalan-jalan nu aya di Kabupten Bandung teh, henteu sakabehna jadi kawenangan jeung tanggung jawab pamarentah kabupaten Bandung samata-mata. Aya nu jadi tanggung jawab provinsi jeung aya nu jadi tanggung jawab nasional.
Ari Karang Taruna, ceuk Kang DS, Karang Taruna organisasi sosial nu dibentuk husus pikeun mantuan pamarentah daerah.
“Mangka saha wae bupatina, Karang Taruna kudu facun,” jelasna.
Bupati Bandung miharep ka KNPI jeung Karang Taruna pikeun nepikeun keretegna tumali jeung bahasan RPJMD (Rencana Pembangunan Jangka Menengah Daerah), “Meungpeung danget ayeuna keur dina proses pembahasan keneh,” ceuk bupati.
Inyana ngarojong pisan kapentingan generasi milenial atawa Gen Z. Naon nu salila ieu dikemu henteu kakedalkeun, sok padungdengkeun, Diskusikeun. Engke hasilna tepikeun ka Bapperida Kabupaten Bandung sangkan diakomodir dijadikeun rekomendasi ti OKP, pokna deui.
Inyana oge nyorot pasualan ngungkulan banjir di Kabupaten Bandung anu taya tuntasna. Sawatara tanggap darurat terus-terusan dijieun jeung tangtuna dibiayaan.
“Kumaha pikeun ngurangan lokasi banjir. Walungan jebol, padahal jambatan geus diluhuran. Keur ngungkulan banjir, lain ku carita, tapi realita,” ungkabna.
Bupati nu tempat padumukanana di Tegalluar teu weleh kabanjiran dina saban taun teh meredih ka Karang Taruna jeung KNPI pikeun ngayakeun pangawalan dina pananganan musibah banjir di Kabupaten Bandung.
Tumali jeung program 100 poe gawe Bupati Bandung, pihakna rek ngabuktikeun Kawasan Cidawolong Kacamatan Majalaya henteu banjir. Masalah banjir di Majalaya, kaasup di Dayeuhkolot, Sapan Kecamatan Bojongsoang kudu gancang direngsekeun.
Disebutkeun, pihakna rek turun tangan langsung. APBD memang moal cukup, kudu ditarekahan sacara pentahelix. KNPI jeung Karang Taruna ulah cicingeun. Milu turun. Milu ancrub. Seug komo Karang Taruna bagerak dina widang sosial. Ka hareup, oge dibutuhkeun rumah singgah jang pananganan banjir, pokna deui.
Kang DS ge miharep, boh ka KNPI boh ka Karang Taruna mere input jeung informasi dina periode kadua atawa Bedas Jilid 2, tumali jeung 57 rencana aksi nu dilaksanakeun ka hareup dina program 100 hari kerja Bupati Bandung.
Kang DS sepakat jeung anu ditepikeiun ku Ketua Karang Taruna Kabupaten Bandung, Karang Taruna jeung KNPI ulah ngan saukur jadi panongton. Tapi leuwih keuna mun jadi subyek pangwangunan.
Danget kiwari Presiden Prabowo keur nguniangkeun deui sumanget ngadegkeun Koperasi Desa Merah Putih, tangtu we ngabutuhkeun SDM nu professional.
“Ketua jeung pangurus koperasi nu mibanda kemampuan pikeun ngurus jeung ngokolakeun koperasi pikeun kamajuan bangsa jeung nagara. Koperasi mudu diurus ku SDM nu ngabogaan kamampuan. Ieu lolongkrang teh bisa digerakkeun ku Karang Taruna jeung KNPI, nu siap ngurus jeung ngalaksanakeun ieu program. Siapkeun personalna nu mibanda kamampuan di widang koperasi,’ Kang DS panjang lebar nyabit ngeunaan koperasi Desa anu salila ka tukang-tukang loba nu ancur. Bisa jadi alatan kurang professional tea.
Di hareupeun para kawula muda, Kang DS nyebutkeun yen pihakna kiwari bakal nyiptakeun 10.000 wirausaha muda jeung lapangan pagawean. Naha rek nyiar gawe ka Jepang atawa hayang jadi wirausaha, karyawan pabrik, mike up artis jeung nu lainna.
Dina pamungkasna bupati omat-omatan ka OKP ulah nepi ka ngaganggu inventasi. Sabab ngaganggu investasi hartina moal aya pangwangunan. Anu dibutuhkeu restoran jeung hotel mana anu tacan mayar pajeg sangkan dibantu disadarkeun, supaya mayar pajegna. Pihakna nargetkeun, tilu taun ka hareup, sakabeh jalan kabupaten mulus. Insyaallah, utamana dina widang kapamudaan bakal diciptakeun pamuda enterpreneur. Ti mimiti poe ieu, dina program 100 hari kerja ieu masing bisa kahontal, pungkasna.***