Rabu, 19 Mar 2025
Saridaya

Pengurus TPS Pasar Ciparay di Cijagur Kateter, Pihak Pengembang Kurang Antisipatif

Tim Tehnik Pengembang waktu nerangkeun denah TPS Pasar Ciparay di lapang Cijagur, anu diduga henteu saluyu jeung di lapangan.***

LBNews.Com. CIPARAY, – Pasar rakyat ngarupakeun sumber ekonomi karakyatan anu nyoko kana bagulirna perputaran cuan antara pembeli jeung pedagagang nu ahirna jado motor bagerakna ekonomi karakyatan. Hiji pola ekonomi anu geus matuh lila ti rakyat, ku rakyat, keur rakyat.

Sejen deui lamun swalayan, minimarket, toserba, mall atawa supermarket anu nota bene milik investor badag atawa korporasi, disebutna ekonomu stagnan, sabab ngan saarah, ti rakyat ka pangusaha/korporasi, teu mulang deui ka rakyat. Kauntunganana kakonci semet korporasi. Nyaliarana ngan ukur kapitalisasi, dugdeg dimana-mana nepi ka pilemburan, meupeuhan warung-warung anu henteu walakaya.

Teu kudu disalahkeun, da dunia usaha memang kompetitif. Nu hade, nya bebenah, kumaha sangkan nu meuli bisa balanja suka betah. Timbulkeun daya pangirut nu leuwih narik ati. Salasahijina ngarobah kaayaan atawa kondisi pasar katut sarana fasilitas sejenna.

Eta pisan nu keur dilakukan para pengelola pasar Ciparay. Pasar Ciparay memang hayang bebenah. Udaganan jadi salasahiji pasar rakyat dina tampilan modern, pasar nu lingkunganana bersih tur katingalina sehat. Ulah nepi ka diantep dina kaayaan, kotor, rujit, bau tingpeledek, geuleuh keumeuh, digembrong laleur jeung sajabana. Citra pasar rakyat samodel kitu geus sakuduna gancang dirobah. Konotasi kabersihan jeung kasehatan lingkungan pasar rakyat, ulah nepi ka jiga kitu.  Citra positif pasar rakyat sawadina kudu geus jadi tungtutan para pengelola pasar Ciparay.

Sawatara upaya rehabilitasi pasar keur digarap, makah muncul rupa-rupa pasualan. Ti mimiti aya nu pro jeung kotra, terus teh status kepemilikan pasar, masalah tempat panampungan sementara (TPS) para padagang anu biasa geus kagenahan nyicingan lapak, urusan jeung pangembang ka hareupna, katut masalah-masalah sejen. Dalah, nepi ka Bupati Bandung Dadang Supriatna turun tangan alatan ku geus lila teuing. Anu dipikahariwang ku Bupati ulah nepi ka mandegna ekonomi masarakat Ciparay lantaran terus paguntrengan.

Pasar Ciparay memang unik. Pasualan terus silih baganti. Nu anyar, pasualan muncul di pasar Tempat Penampungan Sementara (TPS). Sabagean para pedagang ngangluh lantaran di sabagean tempat dagangna  remen kadatangan cai nguyumbang. Wajar lamun tea loba nu komplein.

Ditepungan di imahna, Jum’at (14/2025),  Pjs ketua Bumdes/Pengurus TPS Cijagur, Asep  Winarya ngajelaskeun, pikeun warga pasar, lamun datang hujan kalawan debet caina badag, TPS memang keuna imbasna.  Salaku pangurus pasar, Asep ngarasa teu bere nyaho ti samemehna, lamun debet cai keur gede terus ngalir ka jero pasar nepi ka cai ngeuyeumbeu, lantaran Asep teu apal jalur gorong-gorong nu mana anu kudu dibuka. Lamun mah denah atawa gambar TPS aya di pangurus pasar, pasaulan cai nu ngeyeiumbeu teh bisa gancang direngsekeun, ceuk Asep ngajelaskeun.

Asep oge netelakeun, yen pihak Bumdes atawa pangurus TPS Pasar Ciparay, memang samemehna teu dibere apal ngeunaan gambar denah lokasi Revitalisasi Pasar Ciparay di TPS Cijgagur, kitu deui sualna RAB na ku Pangembang PT Pradasa anu diwakilan ku Sandi. Sawatara nurutkeun sumber, pikeun biaya revitalisasi Pasar Ciparay di TPS Cijagur meakkeun biaya Rp 2,2 milyar.

Tumali jeung eta hal, sababarah kali pihak PT Pradasa teu ngajawab waktu dipenta konformasina ngaliwatan seluler. Malah aya kesan bangun nu hare-hare atawa cuek.

Lintang ti kitu, pihak pangurus geus mimiti dipusingkeun ku ayana beban pembayaran listrik di TPS Cijagur anu terus nombok tiap bulanna ngahontal angka jutaan, tegesna Rp 8juta. Biasana sok dikaper  ku pengembang,  danget ayeuna mah malah dibebankeun ka pihak pangurus pasar, alatan ayana persetuan ti pihak pemerinatha desa Ciparay.

“Itu ngajadikeun pangurus pasar ngarasa kateter,” ceuk Asep.

Sawatara retribusi pasar henteu maksimal, teu saeutik lapak nu aya, anu ngabogaan lapak leuwih ti hiji, malah nepi jadi opat lapak, ari mayarna ngan salapakkeun. Padahal nurutkeun hasil ketetepan mah, geus sapakat gedena retribusi lapak teh Rp 2000,- per lapak. Sedengkeun nurutkeun sawatara data nu asup, 1200 lapak anu kadaptar, ngan 331 lapak nu aktif mayar retribusi.

Jeung nu panglobana dikeluhkeun ku warga pasar teh, boh pedangan atawa nu meuli anu ditepikeun ka pengembang ngeunanaan konsep pangwangunan TPS Pasar Ciparay di Lapang Cijagur.

Contona wae kamari- kamari ieu, aya keluhan boh ti pedang boh ti pembeli,  si pedagnag ngarasa ngangluh alatan si pembel; henteu asup jalan ka tukang. Tadina, konsepna teh Pan TPS dikuriling ku jalan. Jadi kesenna sakabeh  jongko atawa lapak henteu samodel ayeuna. Di luar gambaran awal. Ieu Hal teh alatan pangwangunan TPS henteu ngalibatleun warga pasar, ceuk Utep nambahan.(Gun)***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *