Rabu, 19 Mar 2025
Sambunglayang

Komitmen Yayasan Itikurih Hibarna Nanjeurkeun Pangwangunan Pendidikan di Ciparay Kabupaten Bandung

Yayasan Itikurih terus ngembangkeun Pendidikan. Sabada ngalaksanakeun rehabilitasi jeung ngokolakeun Gedong SD Gadis 1 & 2 dina mangsa 1998, Danget kiwari geus ngawujud, sababaraha sakola, ti mimiti SMP, SMU atawa SMK anu pernahna di kecamatan Ciparay kabupaten Bandung.***

LBNews.com. CIPARAY, – Sanggeus bubuara kurang leuwih 32 taun lilana ka luar daerah, dak-dumadak bet ras inget kana amanat nu jadi akina, “Poma ulah poho ka lembur, ka bali geusan ngajadi. Mun dipareng geus mampuh ku pakaya, mulang heula ka lembur, bangun jeung majukeun sarakan sorangan,” kitu meureun pibasaeun bayang-bayang nasehat nu jadi akina. Manggih jeung parengna, kira taun 1992 panungtung, Hj Tien Esa Amongpradja pulang kampung, ka lembur nu kungsi jadi pamatuhan, ka sarakan lembur Ciparay.

Nu munggaran, nya ngadeg SPBU keur lelengkah usaha. Ninggang dina hiji saat, dikersakeun aya riungan di gedong SDN Ciparay 1 jeung 2. Kareret sakuriling bangunan sakola, anu katingalina perlu rehabeun, lantaran geus loba nu ruksakna. Mehmehan deuk runtuh bakat ku geus lila umurna, jeung teu enya-enya kapirosea. Malaur picalakaeun, boh ka murid boh ka guru, gasik bae Hj. Tien ngayakeun rarancang, timbul niat ngarehab gedong SD kalayan permanen jeung representative.  

Kakara satutasna rengse ngadegkeun SPBU, tuluy deg bae nindak kana ngayakeun rehabilitasi gedong SDN Ciparay. Dina jero satuan, ti taun 1997 nepi ka 1998, pangwangunan sakola SDN Ciparay rengse kalayan dilengkapan ku sarana prasarana anu kawilang cukup. Padahal dina mangsa harita, kaayaan nagara jeung masarakat keur meujeuhna harengheng tur werit ku pasualan moneter. Tapi pangwangunan sakola mah terus jalan nepi karengsena kalayan meakkeunanggaran anu kawilang rohaka, kurang leuwih aya kana samilyarna.

Hiji bangunan SD anu kawilang tohaga jeung agreng dina mangsana. Kungsi jadi Sakola percontohan Gentramasekdas (Gerakan Cinta Almamater Sekolah Dasar) di Jawa Barat. Bangunana ngajengleng, dua lantai, ngadeg dina lahan anu legana 850m2. Kabehna 24 lokal dilengkepan tempat upacara, tempat paekir 252 perangkat KBM, perangkat audio, peralatan olahraga, fasilitas telepon jeung daya listrik 4400 watt. Sasat jadi sakola anu mibanda standar internasional dina mangsa harita.

Dina prungna serah tarima hibah lahan sakola jeung bangunanana, atuh puguh diluuhan ku para gegeden, aya bupati Bandung H.U Hatta Djatipermana, hadir oge gegeden ti Jakarta, aya Menteri, pejabat nagara, saperti DR. Gunariah Kartasasmita (istri Ginanjar Kartasasmita, Prof. Sri Hardjoko (Kepala Balitbang Departemen P & K ), Achyar Musa ( Asmenko Wasbang & PAN ), Ir Qoyum Tjandranegara jeung Drs Wisnu Suhardono. Jeung tangtunage Hj Tienanu harita nepikeun ucapan panuhunnatina ayana dukungan ti sababara pangusaha konglomerat anu geus teu bireuk deui, nyaeta Ir Arifin Panigoro (Medco Group), Drs Wisnu Suhardono ( PT Indhasana ), Ir Djan Faridz (PT Priamaya), Ir Triyono, Ir Hairiyati, Yusuf Kuswoyo (PT Yuan Sejati), Ir Susinto ( Algasindo Co).

Harita, lintang ti acara ngaresmikeun sakola jeung serah tarima bangunan sakola, oge dilakukeun prosesi “penandatanganan” sababaraha pihak anu kompeten nyaluyuan kana eusining berita acara serahteriam sakola, saperti ngaran sakola nu dibangun teh dibere ngaran SDN Gadis 1 & 2,. jeung bangunan sakola diasuransikeun. Yayasan Itikurih Hibarna milu tanggung jawan pikeun ngokolakeun jeung miara salila 10 taun. Ti dinya nindak kana acara mere santunan ajuangkeun 200 urang murid sakola anu kolotna kurang mamph

 Dina pamapagna acara harita, Hj Tien Amongpradja nembrakkeun rasa bathinna kana dunya Pendidikan: “Makin hari makin banyak sekolah dasar yang reyot bahkan sampai roboh, sehingga anak anak kehilangan tempat belajar, yang justru pada saat saat awal memperoleh dasar dasar pembentukan manusia Indonesia yang sehat, jujur, bertakwa, berdisiplin dan beriman untuk mendapatkan kualitas pengetahuan dasar yang kuat “.

Sekretaris umum yayasan Itikurih Hibarna, Drs Sukomah Djoko Triadi nyebutkeun komitmen dina ngayakeun resolusi enggonong ngalaksanakeun MoU anu geus jadi kasapakatan enya-enya dijaga.  Misilna bae, pihak Yayasan geus ngaluarkeun dana operasional ratusan juta rupiah. Terus deui ngayakeun renovasi lantaran suhunananana bocor alatan kirang kontrolna renovasi.

Komitmen dina widang Pendidikan anu sakitu kuatna, Yayasan Itikurih terus ngembangkeun Pendidikan. Danget kiwari geus ngawujud, sababaraha sakola, ti mimiti SMP, SMU atawa SMK anu pernahna  di kecamatan Ciparay kabupaten Bandung. (Gun )***

Diropea:  Dadang Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *