Rabu, 18 Jun 2025
Ganda Mekar

Diajar ka Nagari New Zealand

Warna tatanen di nagari New Zealand. (Sumber photo: Net)***

Kolom: Dadan Sungkawa

Geura baé, sabagéan gedé daging, jeung susu nu beredar di pasaran, 70%-na masih hasil tina impor. Tah, salasahiji importir daging sapi, domba jeung susu sapi, diantarana New Zealand atawa Selandia Baru, nagara leutik nu pernahna di kiduleun nagara urang. Éta nagara nu padumukna asalna tina para imigran ti Inggris téh, kaasup réngking ka-2 nagri agraria jeung peternakan pangmajuna diantara 195 nagara makmur lainna di dunia. Rahasia suksés, atawa nu bisa dijadikeun eunteung ku urang, Sélandia Baru mah, pamaréntah jeung wargana sadar pisan kana poténsi nagarina, nyaéta géografis jeung iklimna nu teu bina jeung lemah cai urang. Padahal lega wilayah Selandia Baru, leuwih leutik ti nagara urang, da Selandia Baru mah ukur ngabogaan wilayah anu legana 268.680 Km 2.

Wondening kitu, éta nagara leutik, tapi sumber daya manusana unggul. Nya, hasil pertanian, perkebenan, peternakan jeung perikanan, mampuh jadi pemasukan dévisa nagara. Enya, sabab Sélandia baru mah luasna ceuk paribasana ukur satapak peucang, teu asup kana nagara maju, saperti Ausralia, tatanggana Selandia baru. Tapi Selandia Baru kaasup nagara nu makmur, nu ngandelkeun kana poténsi pertanian, peternakan jeung perikanan. Malah, hasil tatanénna jeung ingon-ingon sapi jeung domba, lauk laut diekspor ka nagara-ngara gedé, saperti ka Australia, Amérika Srikat, Inggris, Tiongkok, Jepang jeung Indonésia. Geura baé tanya ka para juru masak di hotél-hotél bintang lima di urang, bahan ajang katuangan (menu) istiméwa, saperti daging sapi atawa domba, labelna ti mana pasti maké label Sélandia Baru. Pon pilalagi di kios-kios bungbuahan, di mall-mall, tempat lainna, pasti apel, peer, anggur, ka cau-cau. Kitu deui, susu, mantéga, kiju, label na téh made in New Zealand. Naha nya, ari nagara urang, anu lahanna subur, lain daérah gurun pasir, malah lalendo lahan sawahna, subur ajang pakebonan, cai cur cor, tapi naha teu bisa kawas Sélandia Baru? Naha di urang mah, béas, daging, cabé, céngék jéngkol, hargana remen apeng-apengan alias mahal?

Mun urang kabiruyungan bisa ulin ka Sélandia Baru, geura mun pareng ngalanto ka daérah pilemburanna, ti mimiti titik paling kalér nepi ka titik paling kidul, da nu katingal satungtung deuleu téh, ukur runtuyan pager kawar berduri, nu ngawatesanana lahan jukut nu upluk-aplak, bari di jerona aya ratusan rébu sapi, atawa domba, mun dihijikeun mah jeug sakabéh lahan di Sélandia Baru, kana pasti jutaan ingon-ingon nu keur nyaratuan jukut. Mana pantes mun diékspor ka luar negri, jadi andelan dévisa nagara téh. Duka, da geuning rahayat Sélandia Baru mah resep pisan kana usaha ingon-ingon téh. Teu ngan sapi, domba hungkul nu diabur dina lahan jukut nu héjo ngémploh téh, tapi aya ogé ingon-ingon hayam, malahan mah ka burung unta ogé diternakkeun. Enya, apan éta daging unggas raksana téh, dagingna payu di réstoran-rértoran mahal di Éropa jeung Amérika. Aya ogé ternak rusa atawa uncal, mencek, nu husus di budidayakeun di daérah bagéan kidul.

Urang Sélandia Baru kawas umumna terah Éropa kaasup para pekerja keras. Warga anu sabagéan gedé usaha kana tani jeung ternak, digawéna soson-soson pisan, tisusut titungdung sasat lain ngan saukur babasan. Lagu peré rada lila téh, ukur dina Hari Natal, Paskah, Hari Buruh jeung Hari Ultah Ratu Inggris. Enya sok sanajan Sélandia Baru, nagara indenpéndén, tapi da, sarua jeung Australia, Malaysia, jeung sawatara nagri lainna, jadi anggota persemakmuran Inggris. Nyaéta kerjasama dina widang ékonomi, industri, budaya katut perjanjian keamanan bersama. Jadi di Sélandia Baru mah, buruh tani jeung ternak, dina sataunna peréna téh ukur opat poé. Tina getolna digarawé atawa ngangon sapi jeung domba, dadakuna domba, jumlahna domba di Selandia Baru dina sataun, ngaleuwihan jumlah penduduk Selandaia Baru. Contona dina 2007, hasil ternak domba ngahontal jumlah, 51.839.184 domba, ari populasi padumuk, 4.319.932 jiwa. Dina seuhseuhanna mah metodeu ternak domba, sapi potong jeung sapi perah, di Sélandia Baru teu bina kawas metodeu ternak di NTB (Nusa Tenggara Barat). Nyaéta, sabubuhan ternak téh sina laliar dina lapangan-lapangan jukut. Bédana di Sélandia Baru mah lapang-lapang téh dipager ku kawat maké aliran listrik tegangan rendah. Sapi atawa domba-domba téh sina nyaratuan jukut nu saleger kénéh,  bari ditambahan  jagong giling nu direcah ku mesin.

Unikna téh, husus domba, di Sélandia Baru mah  tara ieuh dikandangkeun, sina nyaratuan jeung, haréés ngararingkuk di lapangan jukut wé, padahal dina musim dingin nu suhu di sabudeureun peternakan, bisa ngahontal 5 darajat celcius.  Tapi da geus kauji, éta domba,  tara  ngahodhod tina tiisna hawa,  meureun domba Sélandia Baru nu bibitna ti Eropa,  buluna karandel jeung jalabrig. Malah dina waktu usum halodo éta bulu domba dicukuran ku mesin cukur listrik, nu engkéna, bulu domba Sélandia baru, ogé jadi komoditi ékspor ajang bahan kaén wol.

Kitu kamajuan pertanian jeung perternakan di Sélandia Baru mah, sugan jadi eunteung ka bangsa urang nu tepi ka ayeuna acan kénéh baé mampu swasembada béas, kacang kadelé, jeung swasembada daging, sapi, jeung domba. Protéin héwani téh geus kauji ku médis, nyatana sumber kacerdasan otak balita. Hiji nagara bisa maju, sabab generasi ngorana cerdas, ari bahan picerdaseun, nyatana tina dahar daging, susu, endog, lauk, sayuran jeung bungbuahan. Muga-muga baé atuh para patani di urang, pamayang, peternak, dina taun 2016 mah, manggih kamajuan. Dina seuhseuhanna mah, nya para pamingpin nagri nu kudu boga strategi bisa ngamajukeun ékonomi, dadakuna pertanian, jeung peternakan, saperti halna di Sélandia Baru tepi ka jumlah ternak dombana, leuwih gedé batan jumlah padumuk negri. Lemah cai urang geus lila boga paguron luhur nu ngajarkeun pertanian, perekonomian, jeung perdagangan. Atuh lulusan-lulusanna, teu saeutik nu cumlaude. Kitu deui, lahan lega, leuwih lega, batan Sélandia Baru. Naon atuh anu jadi rurubedna nepi ka hasil tatanén jeung ternak di urang mah hargana marahal baé. Bari jeung mahal téh, nguyang deuih ka nagara-nagara deungeun.***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *