LBNews.com. KAB. BANDUNG BARAT, – Cuaca hegar di langit Kacamatan Ngamprah, Bandung Barat, dak-dumadak aleum ngirimkeun jutaan jarum halus ka taneuh nu pasrah, jeung diantarana ngabelesat eunteup di sabudeureun Pondok Pasantren Riyadhul Huda.
Poe Jumat, 14 Maret 2025, sabada ngalakonan shalat Ashar, kira-kira 1.300 urang santri jeung santriwati, minuhan rohangan lega aula pesantren, neuleumkeun pikir jeung rasa ngabandungan acara Rihlah Ramadhan 1446 H Pesantren Literasi, nu digagas PC Nahdhatul Ulama Kab. Bandung Barat.
Dina pamapagna, perwakilan ti Pontren Riyadhul Huda, kalintang ngabageakeun ku ayana gagasan kagiatan Pasatren Literasi anu disebutna jadi wahana panglipur jeung edukatif pikeun para santri, para pengajar, oge para pangurus PCNU KBB.
“Para santri nu biasana ngabakutet diri nyuprih bagbagan keagamaan, bisa reureuh sakedapan nyaksikeun pidangan nu beda ti nu biasa, nyaeta macakeun wirahma puisi dina wangun anyar, sarta carita pondok religi, hususna Ramadhan jeung lebaran iedul fitri, sarta pudangan lagu religi jeung dakwah anu matak sejuk kana hate,” kitu kasauran Ketua PCNU Kabupaten Bandung Barat, KH. Yusuf Abdul Qodir.
”Aya harepan tina ieu kagiatan teh bisa terus-tumerus jadi agenda rutinan saban taun. Kagiatan samodel ieu, teu cukup ku sakali, kudu terus ditindak deui malar sumanget literasi tumuwuh di lingkungan pasanten jeung masarakat luas,” pokna nambahkeun deui.
Dina pagelaran kahiji, tampil Gusjur Mahesa nu mawakeun puisi tema puasa dina beberan nu ngahudang rasa. Wangun puisi panjang ngeunaan hakikat puasa nu dibacakeun penyair wedelan gedong Isola IKIP (ayeuna UPI) Bandung teh mampuh nyirep hadirin nepi ka jempling sakedapan, terus tingalingsreuk bangun manggih katugenah ku kasedih. Malah katingalina ieu sang penyair oge kabawa rasa, da juuh ku cimata.
Gusjur Mahesa ngaku inyana ngarasakeun suasana anu beda tur magic satutasna macakeun puisina jeung bisa disebutkeun jadi pangalaman nu munggaran. Bisa jadi alatan nyambungna tingkat apresiasi para santri anu ditembongkeun ku hadirna nepi ka rebuan anu nandakeun ayana antusias yen ieu kagiatan boga daya pangirut.
“Saya sangat terharu berada di sini, dan ini merupakan pengalaman saya yang pertama membacakan puisi di depan ribuan santri. Mungkin karena suasana di sini sangat senyap dan apresiatif, membuat saya tak bisa membendung air mata,” omong Gusjur Mahesa, dosen STKIP Siliwangi anu oge dipikawanoh actor teater, jeung penulis puisi.
Di sela-sela acara, sastrawan nu ngarangkep direktur penerbitan Magma Insan Prima, Eriyandi Budiman, ngajelaskeun yen dina kaitan ieu acara, inyana ngawanohkeun oge sisi sejen tina giksi religi, nyaeta karya-karya cerpen anu jejerna Ramadhan jeung lebaran.
“Dina ieu buku Surat Cinta Langit, kapendak sababaraha cerpen nu sae tur inspiratif, turta leubeut ku beberan tina warna-warni kahirupan manusa tumali jeung problem sosial jeung kaagamaan, diantarana disaat Ramadhan datang sarta aneka kajadian jeung suasana nalikaa lebaran. Mudah-mudahan pedaran nu singget ieu bisa ngahudang para santri bisa ngalahirkeun karya cerita religi nu lianna. Mungkin bae dina hiji saat mah, bisa diteraskeun kana pelatihan nulis carita bari ngahaslkeun karya buku hasil karya para santri,” ceuk Eryandi Budiman anu lian ti pengamat sastra, oge salaku pengamat seni lukis.
Pedaran inspiratif oge ditepikeun KH. Ma’mur Saadie, anu ngadadarkeun yen kagiatan para santri di pasantren saenyana geus kaasup leuwih ti literatif, “Ti awal mula para santri tos dibiasakeun ku nadoman atawa ngalagukeun risalah kaagamaan turta bagi-bagi elmu ka-Islaman. Para santri tos biasa maca jeung nulis. Boa-boa tradisi literasi di Indonesia mah, nya asalna ti kalangan pasantren. Literasi geus ruket dalit jadi budaya pasantren
Mung, danget kiwari, aya saena diwanohkeun wangun kreatif lain tina ngamekarkeun literasi, nyaeta ngalamggamkeum nadom dina versi syair nu anyar, serta lagu tina puisi atanapi nu dimusikalisasi, ceuk salasaurang pangasuh Maidan Al Fikrah di saputaran Cangkorah, Batujajar, Kab. Bandung Barat.
Dina pidangan, sabada KH. Ma’mur Saadie macakeun puisi hasil karyana anu dijudulan Uang Jajan, laju disusul ku lantunan lagu anu dibawakeun ku Nada jeung Zein, kalayan pirigan aransemen digital dina midi elektone.
Dua lagu lain anu temana Ibu jeung risalah rasul, dilantunkeun dua penyanyi binaan KH. Ma’mur Saadi oge mampuh nyirep para hadirin nepika suasana barobah pinuh rasa geter-peter, ngerik peurih pacampur jeung kasedih anu teu puguh alesanana. Da puguh pacampuhna sora-sora jiwa.
Ieu pidangan teh dipungkas ku shalawat Syi’ir Tanpo Waton atawa atawa nu leuwih popular disebut “Sholawat Gus Dur”, Ieu lagu teh ngandung pesan hikmah, sekaligus makna nu cukup jero pikeun sing saha bae nu ngalenyepanana.
Ieu Sholawat teh salasahiji karya KH Moh Nozam As Sofa atawa nu akrab ku sebutan Gus Nizam, pengurus Pondok Pesantren Ahlus Shofa Wal Wafa, Kabupaten Sidoarjo. Gus Nizam ngarupakeun incu K.H. Sahlan, ulama besar ti Krian anu kajojo ku amalan-amalan wirid tarekat.
“Mari kita kenang Gusdur, guru bangsa kita yang telah memberikan banyak wejangan serta Langkah nyata yang inspiratif,” pungkasna bari terus macakeun shalawat anu dituturkeun ku sakumna hadirin anu ngajadikeun acara jadileuwih khusuk.
Rengse sakabeh runtuyan acara, panitia nindak kana ngabagikeun bantuan 50 paket baju lebaran ti Mutif Corp. ka para santri yatim piatu atawa dhuafa, serta paket buku hadiah pikeun perpustakaan Pontren Riyahul Huda.
“Semoga bantuan pihak sponsor ieu teh bisa terus dilajeng. Salian ti nyalurkeun infak jeung sodaqoh para pengusaha, ieu kagiatan bisa silikuatkeun hususna dina medan amal jeung dakwah kalayan tetpat sasaran,” ceuk H. Aceng Mukmin, ketua Lazisnu PC NU KBB.
Sawatara, Ketua LP Maarif NU Bandung Barat, H. Aang Suryana selaku koordinator acara, katingal reueus turta ngapresiasi kana ieu kagiatan, “Alhamdulillah sesi kahiji lumangsung kalayan lancar sareng khidmat. Pamugi bae tiasa ngajantenkeun berkah ka ujrang sadayana,” pokna dibarengan ku rasa ngangres jeung reueus .***
Naskah: PC NU Kab. Bandung Barat
Diropea ku Dadan Sungkawa