Rabu, 18 Jun 2025
Lokatmala

Perjalanan Suci Prabuguru Aji Putih ka Pasisian Muhara Cimanuk

Salasahiji latar pasisian walungan Cimanuk kaayeunakeun, napak lacak laalampahan Prabuguru Aji Putih.

LBNews.com, – Kacaturkeun, salasaurang putra Praburesiguru Wretikandayun, pamingpin karajaan Galuh anu katelahna Prabu Guru Aji Putih, dina mangsa abad ka 8 ngahaja ngayakeun perjalanan suci minangka salasahiji tradisi kulawarga Karaton enggoning ngajalankeun dasaperpakti.

Prabu Guru Aji Putih téh taya lian buyutna Prabu Wretikandayun putra ti Aria Bima Raksa atawa anu leuwih katelah Ki Balangantrang, Resi Agung nu ngarangkep jabatan Senapati karajaan Galuh. Ari ibuna nyaéta Dewi Komalsari.

Prabu guru Aji Putih nikah ka Dewi Nawangwulan, kalayan gaduh opat putra, nyaerta Prabu Tajimalela, Aji Saka, Haris Darma jeung Langlang Buana.

Dina waktu keur ngayakeun perjalanan suci, Prabu Guru Aji Putih antukna anjog di wewengkon pasisian muhara Cimanuk, tempat anu tadina aya dina kakawasaan Prabu Agung Cakrabuana.

Kadatangan Sang Praburesi ti Galuh téh lila-lila mah mawa pangaruh parobahan kana tata cara kahirupan masarakat satempat. Saeutik-saeutik, dusun-dusun nu aya di sapanjang walungan Cimanuk téh dibébérés tur diiket ku struktur pamarentahan jeung kamasarakatan. Nepi ka antukna mah ngadeg nagara anu dibéré ngaran Karajaan Tembong Agung. Anu puseurna di kampung Muhara, desa Leuwihideung, kacamatan Darmaraja ayeuna.

Prabu Guru Aji Putih puputra Prabu Tajimaléla, tokoh sakti tina alatan gentur tatapa. Anu saterusna dinobatkeun jadi Raja Témbong Agung ngaganti ramana. Karajaan Témbong ngabogaan pangaruh gedé sabab didukung ku karajaan Galuh. Dina jaman harita pangaruh kakuasaan karajaan Témbong Agung mampuh ngahijikeun wilayah-wilayah sabagéan Majaléngka jeung Kuningan.

Sabada Prabuguru Aji Putih wafat, karajaan Témbong Agung diteruskeun ku putrana, nyaéta Prabu Tajimaléla atawa anu katelah Batara Tunglang Buana. Basa rék ngécagkeun kalungguhanana, ngaran karajaan diganti jadi Sumedanglarang. Saméméhna, Prabu Tajimaléla kungsi ngaganti ngaran karajaan Témbong Agung, jadi Himbar Buana.

Istilah Sumedang asalna tina kalimat ingsun medal, ingsun madangan, kaula bijil, kaula nyaangan. Éta kalimah téh diucapkeun basa Prabu Tajimaléla waktu masrahkeun kakuasaanana ka putrana nyaéta Prabu Gajah Agung.***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *