Rabu, 18 Jun 2025
Sangkuratu

Rampak Gawe Pemdaprov Jabar – TNI AD Ngalaksanakeun “Karya Bakti Skala Besar” dina Pangwangunan Sagala Widang

Gupernur Jawa Barat Dedi Mulyadi jeung Kepala Staf TNI AD Jenderal Maruli Simanjuntak, nanda tangan naskah kasapukan kerja sama anu tajukna 'Sinergi TNI AD Manunggal Karya Bakti Skala Besar untuk Pembangunan Daerah di Provinsi Jawa Barat' anu tempatna di Mabes TNI AD, Jakarta, Jumat (14/3/2025).***

LBNews.com., DAERAH KHUSUS JAKARTA — Pemda Provinsi Jabar jeung TNI AD geus ngayakeun kasapukan nanda tangan perjangjian rampak gawe (kerja sama) pangwangunan dina sagala bidang, anu eusina ngawengku 9 ruang lingkup kerja sama, nyaeta: 1. Penyelenggaraan jalan, jembatan, dan irigasi, 2. Kegiatan pengelolaan SDA dan drainase, 3. Giat ketahanan pangan, 4. Pengelolaan sampah dan pelestarian lingkungan hidup, 5. Pencegahan kejahatan lingkungan, 6. Pelatihan karakter bela negara, 7. Perbaikan rumah tidak layak huni bagi masyarakat berpenghasilan rendah dan penataan kawasan permukiman kumuh, 8. Elektrifikasi atau pemasangan tenaga listrik, jeung 9. Penanganan status keadaan darurat bencana, sakumaha dikutip CNN sabada konfirmasi jeung Kepala Dinas Penerangan TNI AD Brigjen Kristomei Sianturi.

Ieu kasapukan naskah kerja sama anu tajukna ‘Sinergi TNI AD Manunggal Karya Bakti Skala Besar untuk Pembangunan Daerah di Provinsi Jawa Barat’, kalayan babarengan ditanda tangan Antara Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi jeung Kepala Staf TNI AD Jenderal Maruli Simanjuntak, anu tempatna di Mabes TNI AD, Jakarta, Jumat (14/3/2025).

Rampak gawe antara Pemdaprov jeung TNI AD teh nyakop sababaraha widang garapan. Dina widang infrastruktur, Dedi miharep TNI bisa turun langsung ka tengah-tengah masarakat jeung nyerep aspirasi. Infrastruktur bakal leuwih museur di Jabar bagean kidul jeung kaler.

Di daerah pakidulan, masih kurang akses pangladen kasehatan, akses pasar, katut akses pendidikan. Sawatara di wewengkon tebeh kaler, masih keneh mikabutuha perhatian alatan remen kajadian musibah.

“Para anggota TNI bakal bagerak deui ka masarakat, ngawangun jeung beuki karasa deui kadeukeutan jeung warga, sabab ari TNI mah manunggal, hartina teu bisa dipishkeun jeung rahayat,” ucap Dedi Mulyadi.

Dina widang pangolahan runtah, Dedi miharep, babinsa nu aya di padesan busa ancrub dina pangolahan runtah jeung dirojong nyayakeun produksi mesin pangolah runtah.

Atuh di sektor lingkungan, Dedi miharep TNI aktif nangtayungan leuweung jeung ngjaga kasaimbangan antara hulu jeung hilur daerah aliran sungai. Inyana oge mere catetan penting saperkara fenomena sempadan atawa tanggul walungan atawa solokan sungai anu loba diklaim jeung disertifikatan, boh ku perorangan atawa ku perusahaan.

Loba keneh widang-widang lain anu dikerjasamakeun jeung puhak TNI AD.  Dedi miharep ieu rampak gawe teh bisa nuluy, terus-tumerus (berkalanjutan).

Sawatara, Kepala Staf Angkatan Darat Jenderal Maruli Simanjuntak kalintang ngapresiasi ku ayana kasapukan rampak gawe jeung Pemdaprov Jabar.

Maruli ngarojong ayana data mutakhir baik, voh timalu jeung kondisi geografi, demografi, jeung aspek lainna pikeun ngabuktikeun parobahan sabada ieu program rampak gawe dilaksanakeun.

“Kedah dibuktikeun dina sakian taun bakal aya parobahan signifikan. Mudah-mudahan anu didugikeun Pa Gupernur tiasa jalan sakumaha mistina kalayan disarengan support ti stakeholders nu sanesna,” tandes Maruli.***

Diropea tina sawatara sumber/Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *