LBNews.com., KAB. BOGOR – Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi bareng jeung Menteri Kehutanan Raja Juli Antoni melakkeun 50.000 bibit tatangkalan keur Ngahejokeun kawasan Puncak, Bogor, dina lahan anu legana 200-300 hektare.
Ieu kagiatan teh, pikeun sakumna warga Jawa Barat mah kaasup salasahiji pagawean anu sacara mayeng dilakukan dina tradisi alam kabeheulaan. Disebutna nyumponan ngretakeun bhumi lamba, hiji gerakan anu dikokojoan ku pihak karaton baheula sangkan lingkungan alam tetep weuteuh henteu kagunasika.
Ngretakeun bhumi lamba sorangan, boga harti ngaraharjakeun tanah. Sejahterana jelema, lamun sagala kabutuhan hirupna kacumponan.Tapi, sejahterana alam mah, lamun tanahna dileubeutan ku tatangkalan jeung katincakan sasatoan liar.
Matakna, dina kagiatan ngretakeun bhumi lamba, henteu ngan saukur sakral. Tapi deuih boga ajen jeung prakna. Sakabeh masarakat dikeprak, ulah aya nu kaliwat, wajib melakkeun tangkal samampuna bari jeung ngaleupaskeun sasatoan anu dikurung atawa dikarangkeng sina liar deui ka alam bebas. Anu wangkelang, nya pasti aya sanksina.
Ieu kagiatan teh memang geus ratusan taun leungit di tatar Sunda, ti saburakna Pajajaran nepi ka danget ayeuna. Salila 446 taunan urang Sunda teu ngalaksanakeun upacara ngretakeun bhumi lamba.
Wajar lamun mah Gupernur Jabar dina konteks kaayeunakeun nyebutkeun, melakkeun tatangkalan di leuweung-leuweung tatar Sunda geus jadi tradisi ti babaheula, jadi cikal bakal warga Jawa Barat ti baheula mula. Mangkana, inyana nyebutkeun tujuan melak tatangkalan di daerah aliran sungai(DAS) Ciliwung pikeun ngajaga ekosistem jeung kalestaraian lingkungan di wilayah pagunungan nu geus loba ngalaman parobahan alih fungsi.
“Melakkeun tatangkalan teh kawajiban asasi pikeun warga bumi, kaasup warga Jawa barat, sabab warga Jabar mah anut pisan kana ajaran ideologi tatangkalan. Tatangkalan teh sumbert kahirupan. Ceuk urang Sunda, ‘gunung mudu awian, lengkob mudu balongan, lebak mudu sawahan’. Intina, sakabeh areal ekosistem mudu dijaga,” ucap Dedi Mulyadi dina lolongkrang waktu kagiatan di kawasan Puncak, Kabupaten Bogor, Sabtu (22/3/2025).
Gupernur Dedi Mulyadi ngungkabkan gerakan melak tatangkalan dilakukeun minangka bentuk tina ‘tobat ekologi’ enggoning ngarawat ekosistem lingkungan sangkan tetep asri.
Sebenerna ieu teh ngingetan pikeun ngalaksanakeun tobat ekologi. Hartina tobat dina poe ieu masing jadi hiji kasadaran mulangkeun deui kawani, ngayakeun tindakan-tindakan anu henteu kagok, melakkeun deui tatangkalan sacara gede-gedean, pikeun mukakeun deui pori-pori tanah anu geus loba teuing katutupan ku bangunan beton. Ieu bagean tina runtuyan kawijakan anu kudu terus dilakukeun, ceuk Gubernur nambahkeun.
Sawatara, Menteri Menteri Kehutanan Raja Juli Antoni negeskeun, kagiatan ngalaksanakeun melak tatangkal;an di Kawasan Puncak Bogor, dipiharep henteu ngan saukur dilakukeun tempo aya bencana alam wungkul. Tapi leuwih alus lamun sakabeh pihak konsisten dina ngalakukeun prakna melakkeun tatangkalan pikeun ngahejokeun deui Kawasan Puncak.
Insyaaallah, terus dibaladah upaya ngahejokeun kalayan dipiharep sakabeh pihak konsisten, henteu geledug ces, haneut-haneut tai hayam, Ukur rame usum loba bencana. Ti dinya nganpleng deui. engke mah kudu konsisten babarengan mulangkeun deui Kawasan Puncak Bogor bisa hejo deui, ngemploh deui tatangkalanana, Raja Juli Antoni nandeskeun.***
Dadan Sungkawa/Sumber Humas Prop. Jabar