Rabu, 18 Jun 2025
Balabar Kawat

15.852 Guru Ngaji Sakola SD jeung SMP Narima Bantuan Cadangan Pangan jeung Tambahan BPJS Pelayanan Jaminan Hari Tua

Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb dibarengan Asisten Perekonomian dan Pembangunan Kabupaten Bandung Kawaludin, Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Enjang Wahyudin jeung pihak lainna anu sacara simbolis masrahkeun bantuan cadangan pangan Pemkab Bandung ka para perwakilan guru ngaji di Aula Kecamatan Cangkuang..***

LBNews.com. CANGKUANG, – Pamarentah Kabupaten Bandung masrahkeun bantuan cadangan pangan ka para guru ngaji sacara mareng ngaliwatan virtual di Aula Kecamatan Cangkuang, Senen (24/5/2024) pebeubeurang. 

Aya kana 15.852 guru ngaji sakola SD jeung SMP anu narima bantuan, nyaeta.  12.000 guru ngaji sakola SD jeung 3.852 guru ngaji sakola SMP. Sakabeh nu narima mangpaat bantuan cadangan pangan teh ditujulkeun pukeun guru ngaji nu sumebar di 31 kacataman sa-Kabupaten Bandung. Para penerima

Bupati Bandung Dadang Supriatna dina lolongkrang kagiatan ngalaksanakeun ibadah umrah di Tanah Suci Mekkah Arab Saudi, turut mere sambutan sacara virtual anu diluuhan Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb dibarengan Asisten Perekonomian dan Pembangunan Kabupaten Bandung Kawaludin, Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Enjang Wahyudin jeung pihak lainna anu sacara simbolis masrahkeun bantuan cadangan pangan Pemkab Bandung ka para perwakilan guru ngaji di Aula Kecamatan Cangkuang.

Bupati Bandung Dadang Supriatna sacara virtual umajak ka sakumna nu hadir katut sakabeh pihak sejenna pikeun ningkatkeun rasa syukur ka Allah SWT. Inyana oge ngadoakeun muga-nuga bae ibadah puasa Ramadhan kaom muslimin sakabehna ditarima ku oleh Allah SWT. Aamiin yra.

Bupati Bandung oge miharep, para guru ngaji nu geus ngayakeun transformasi kaelmuanana masing ngajadikeun amal ibadah jeung pahala ti Allah SWT. 

Saterusna, Kang DS – sebutan akrab Bupati Bandung Dadang Supriatna ngahaturkeun nuhun ka sakumna guru ngaji sa-Kabupaten Bandung anu jumlahna nepi ka 15.852 guru ngaji anu danget ayeuna dibere bantuan cadangan pangan.

“Seserahan bantuan cadangan pangan dilaksanakeun saban taun. Naha danget ayeuna dibagikeun dina bulan suci Ramadhan sareng caket ka iedul fitri 1446 H., ku pangira kondisi ekonomi danget kiwari pamarentah atanapi nagara nuju ngayakeun pembenahan,” sebut Kang DS dina sambutanana.

Nurutkeun inyana, maksud pembenahan di dieu dina harti kumaha carana bisa mere pangladen nu sahade-hadena. Tapi, sacara umum kaayaan ekonomi nagara aya dina peningkatan.

Pareng dina bulan suci Ramadhan ieu, Kang DS miharep moga-moga Allah SWT maparin kahadean pikeun kamajuan bangsa jeung nagara.

Leuwih jauh deui, Bupati ngungkabkeun, diamasar kana UUD 1945, salasahijinya tumali jeung jeung upaya mencerdaskan kehidupan bangsa.

“Utamina guru ngaji. Peranan guru ngaji kalintang luar biasa,” pokna.

Kang DS nyebutkeun, dina raraga ngabentuk akhlak. Henteu cukup ku guru di sakola. Tapi pikeun ngabina karakter anu ngabogaan ajen akhlak mulia di dieu guru ngaji bisa hadir mere peran nu saestuna nurutkeun papagon agama.

Nyikepan tumali jeung pembentukan karakter, Kang DS nyebutkeun, memang henteu gampil. Dina danget ayeuna, Pa Gupernur geus wanti-wanti nerapkeun pola atikan Sunda atawa Pendidikan karekter anu ngakar kana adat kasundaan, dina harti nerapkeun ajen-inajen kaluhungan budaya Sunda kalayan didadasaran ku papagon agama, jelasna. .

Nurutkeun Kang DS, ngaliwatan pendidikan karakter, saurang guru hormat tilawat ka guruna, saurang guru mikaheman ka muridna.

“Pendidikan agama teu aya sanes penguatan spiritual dina ngawangun karakter anak bangsa,” pokna.

Saterusna Kang DS ngungkabkeun salama inyana jadi Bupati Bandung, pikeun guru ngaji bakal salawasna ditalingakeun tur diperhatikeun.

Peranan guru ngaji kalintang luar biasa, lantaran geus mampuh nga-edukasi para pamilih pikeun ngalaksanakeun hak pilihna. Kabuktian partisipasi masyarakat Kabupaten Bandung dina ngalaksanakeun waktuna nyoblos, angka partisipasi masarakat ngaronjat nepi ka 72 persen, jelasna.

Kang DS negeskeun, Bupati jeung Wakil Bupati lain raja. Lain sultan. Tapi Bupati jeung Wakil Bupati turta sakabeh para ASN (Aparatur Sipil Negara) sa-Kabupaten Bandung taya lian nyaeta pangladen masarakat.

“Kalebet ayeuna, di ieu tempat sim kuring ngahaturkeun nuhun ka para guru ngaji anu parantos ngahibahkeun dirina sareng ngawakafkeun dirina kanggo nyanggakeun anu pangsaena dina  raraga ngamekarkeun atikan kaagamaan,” pokna.

Kang DS nyebutkeun pikeun guru ngaji, tumali jeung pelayanan BPJS Ketenagakerjaan, anu samemehna narima pelayanan jaminan kecelakaan kerja jeung pelayanan jaminan kematian, tapi ayeuna ditambahan deui ku pelayanan jaminan hari tua pikeun guru ngaji.  

“Upami toh misalkan aya peningkatan atanapi tambihan insentifna, insya Allah tinggal heula PAD (Pendapatan Asli Daerah) supados tiasa langkung ningkat. Sareng panuhun, para palaku usahana didorong kangggo ngalaksanakeun kawajiban mayar pajeg daerah,” pokna deui nambahankeun.

“Taat mayar pajak teh tujuanana pikeun ningkatkeun pangwangunan di Kabupaten Bandung, kaasup kanggo insentif guru ngaji sareng insentif RT/ RW turta perangkat desa sanes,” pokna deui.

Nurutkeun inyana, insentif guru ngaji ngahontal angka Rp 109 miliar sataun di Kabupaten Bandung kaasup nu panggedena di Indonesia.  

“Ieu salasawiosna anu kedah ditampi ku rasa syukur.  Naon anu nuju dlakukeun tur aya mangpaatna kanggo kamajuan Kabupaten Bandung. Insyaallah, ku ayana kolaborasi antara Pemkab Bandung sareng para guru ngaji ieu, bawiraos baris nangtoskeun sareng oge ngabuktoskeun yen Kabupaten Bandung bakal langkung bedas deui dina lima taun ka payunna, amiiin..,”pokna nepikeun pamungkasna..

 Sawatara, Kepala Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania netelakeun, distribusi bahan pangan pikeun guru ngaji sa-Kabupaten Bandung dilaksanakeun secara hibrid di Aula Kecamatan Cangkuang. Acara babagi bantuan cadangan pangan teh, salian ti disaksikeun Bupati Bandung sacara virtual oge diluuhan ku para guru ngaji lainna di 31 kacamatan sa-Kabupaten Bandung.

“Ieu distribusi bantuan cadangan pangan teh ngarupikeun wujud nyata program pengendalian harga bahan pangan sareng kepedulian Bapak Bupati Bandung,” pokna.**



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *