Rabu, 18 Jun 2025
Balabar Kawat

Satgas Pemberantasan Premanisme Kabupaten Bandung Resmi Kabentuk, Warga Sebut: ‘Gaya Premanisme Aparat’ Kedah Dileungitkeun

Pemkab Bandung resmi ngabentuk Satgas Pemberantasan Premanisme bareng jeung kagiatan apel Kasiap-siagaan Satgas Pemberantasan Premanisme, di Gedung M. Toha, Kemis (27/3/2025).***

LBNews.com. SOREANG, – Pemkab Bandung resmi ngabentuk Satgas Pemberantasan Premanisme bareng jeung kagiatan apel Kasiap-siagaan Satgas Pemberantasan Premanisme, di Gedung M. Toha, Kemis (27/3/2025).

Kabentukna Satgas Pemberantasan Premanisme minangka lajuning laku tina arah Pemprov Jawa Barat tumali jeung kaluarna SK Satgas Pemberantasan Premanisme, sakumaha kauni dina SK Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi tanggal 24 Maret Nomor 300 Tahun 2025.

Ku dibentukna Satgas Pemberantasan Premanisme, nurutkeun salasaurang warga sakumaha anu katarima dina saluran selular, ulah nepikeun ka malah ngadatangkeun pasipatan anyar ‘gaya premanisme aparat’ di kalangan patugas anu nimbulkeun kahariwang, “Gaya premanisme aparat kedah dileungitkeun” tulisna.  

Wabup Bandung Ali Syakieb ngawakilan Bupati Bandung Dadang Supriatna waktu mingpin apel ngungkabkeun, kabentukna Satgas Pemberantasan Premanisme Jabar aya pakuat-pakaitna jeung Operasi Jabar Manunggal anu digagas Gupernur Jabar Dedi Mulyadi, pikeun numpes premanisme jeung nyiptakeun kondisi kaamanan jeung kondusivitas di Jawa Barat.

Ayana Operasi Manunggal teh, targetna nyaeta kolompok-kolompok kriminal, saperti geng motor jeung jaringan preman nu mindeng ngalakukeun Tindakan meres, pungli, sarta gangguan ka masarakat jeung investasi sacara kakoordinasi tur kaintegrasi, ceuk Wabup Ali Syakieb dina biantara pamapagna.  

Satuluyna, Pemkab Bandung geus ngayakeun lajuning laku tina Surat Gubernur Jabar Nomor 2337/Ar.06.04/Pemotda tanggal 21 Maret 2025, ngaliwatan sababaraha kali tahapan pembahasan anu satuluyna ngahasilkeun katetepan, nyaeta Kaputusan Bupati Bandung Nomor 300.1/KEP.205-SATPOLPP/2025 tentang pembentukan Satgas Pemberantasan Premanisme di wilayah Kabupaten Bandung.

Kaputusan pikeun ngabentukna satgas didadasaran alatan pentingna ngajaga katartiban anu jadi fondasi utama pikeun kalumangsungan pangwangunan jeung kasejahteraan di Kabupaten Bandung.  

Ieu Satgas tehngabogaa tugas pikeun ngalakukeun proses penindakan tina aksi kriminal,saperti ngayakeun pemerasan, intimidasi jeung pungutan liar (pungli) anu bisa ngahambat investasi sarta ngaganggu stabilitas social, ceuk wabup nandeskeun.

Lintang ti kitu, Ali nambahkeun, satgas oge ngajalankeun pamarekan preventif ngaliwatan sosialisasi jeung pembinaan ka sakur kolompok anu ngandung potensi nimbulkeun gangguan kaamanan, sangkan ngajadikeun kagiatan nu leuwih produktif tur aya mangpaatna.

Kaberhasilan satgas bisa diukur tina sababaraha rupaning indikator, kaasup nurunna angka krimilitas, ngaronjatna rasa aman di masarakat, sarta nambahna daya tarik Jawa Barat dina ngajadikeun tujuan investasi, jelas Ali.

Ku ayana lingkungan nu leuwih kondusif, dipiharep para investor beuki percaya jeung ngarasa jongjon pikeun nerapkeun modalna, anu balukarna ngadatangkeun kontribusi kana tumuwuhna ekonomi daerah ngaliwatan sinergi antara OPD kakait, TNI/Polri, kajaksaan, pangadilan jeung intelijen daerah.

Nurutkeun Ali Syakieb, ieu operasi teh lain ngan saukur ngabogaan sipat represif, tapi oge ngabogaan orientasi dina upaya ngalaksanakeun pencegahan dangka waktu nu panjang.

“Cindekna, satgas pemberantasan premanisme jadi tonggak penting dina nyiptakeun kaamanan jeung katartiban anu terus-timerus di Jawa Barat umumna, jeung hususna di Kabupaten Bandung, Ali Syakieb nandeskeun.(*)

Dadan Sungkawa

Tags:Ali SyakiebBupati BandungDadang SupriatnaDedi MulyadiGupernur Jawa BaratSatgas Pemberantasan PremanismeWabup Bandung


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *