Selasa, 17 Jun 2025
Kandaga

Nyungsi Seni ti Bihari Nyawang Sunda ka Hareupna (Bagean: 3)

Kolom DADAN SUNGKAWA

Dina pamaréntahan Sukarno, kasenian tari ogé ngalaman kamekaran, turta mimiti ngirut bangsa-bangsa deungeun. Saperti tari kukupu, tari merak, tari kijang anu pamirigna waditra tradisional, ditambahan pamirig unsur sora piano. Ngan lebah dieu Sukarno henteu panuju kana modifikasi kasenian tradisional. Naha saurna tarian Sunda maké ditambahan unsur musik Barat sagala? Nu geus klasik mah, keun baé sina angger jadi klasik, jadi ciri mandiri kasenian Sunda. Tapi, ku lantaran meureun hayang disebut éksklusif, tina adu manis harmonisasi piano téa, nya tari-tarian Sunda anu dikokolakeun diantarana ku penari Irawati Durban. Tari-tarian Sunda,  mimiti midang ka panggung-panggung bergengsi saperti hotél-hotél. Samalah remen jadi tarian pangbagéa para présidén ti mancanagara nu ngayakeun perjalanan muhibah ka nagara urang. Atuh kungsi rombongan tari Sunda Irawati Durban téh, ngalanglang nagara-nagara deungen, kalawan meunang aprésiasi anu hadé. Jadi, ti mimiti jaman Orde lama mula, kasenian Sunda munggaran manggung di luar negri.

Harita pamaréntahan Orde Lama ngahucuhkeun rahayat sangkan gugon kana naon anu disebut “Kapribadian Nasional” téh ngaliwatan policy atawa politik will pamaréntah (ketak pamaréntah) ciptaan Sukarno. Tah, lebah instruksi présidén ka rahayat, yén kudu ngajaga jeung ngariksa kepribadian Nasional ieu, Indonesia buktina mampuh ngahontal kajayaan seni budayana anu mandiri. Bener-bener seni budaya deungeun téh bisa dibendung dina jaman pamaréntahan Sukarno mah.

Hal éta bisa kalaksanakeun, lantaran Sukarno, lian kaceluk negarawan ulung, ogé kaasup figur anu mikacinta turta gedé katineungna kana seni jeung kabudayaan Nusantara. Inyana kaasup présidén atawa pamingpin anu kharismatik (komaraan), simaan, jago dina orator (biantara), jeung otoritér (paréntahna teu bisa dipumpang). Atuh sagala piwejangna, paréntahna téh sok langsung digugu ka rahayat, nyaéta ngaliwatan biantara-biantarana anu matak ngirut haté rahayat. Dina biantarana Sukarno remen nétélakeun, yén rahayat Indonésia kudu iatna, “caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket,” kana bahaya pangaruh “nékolim” atawa “néo-kolonialisme.” (wangun penjajahan anyar) ngaliwatan kapitalisme. Nyaéta wanda penjajahan anyar ngaliwatan ekonomi, oge sosial jeung budayana. Atuh dina prak-prakanana, para pembantu Sukarno, sok over acting, ngagunakeun prakték represif (kekerasan). Sapertina baé, kanyahoan wé aya masarakat nu henteu gugon kana policy pamaréntah, ngajaga-ngariksa kapribadian nasional téa, sok tuluy dituding “kontra révolusi”. Anu hartina, teu bina jeung musuh pamaréntah, malah musuh rahayat. Atuh sabalikna mun masarakat mampu némbongkeun kasatiaanana kana intruksi Presiden, maranéhanana sok diondang ka istana nagara. Ku kituna rahayat mingkin soson-soson, ngulik turta nyipta rupa-rupa kasenian daérahna séwang-séwangan, lantaran hayang kaanggo téa ku pamaréntah. Nya patingpucunghul kréasi-kréasi kasenian tradisional, méh di unggal propinsi. Puncakna mah mangsa kajayaan kasenian Nusantara, kaasup kasenian Sunda, kadokumentasikeun nalika pembukaan pésta olah raga Asian Games di Jakarta taun 60-an. Dina acara pembukaan, diwanohkeun ka tatamu ti mancanagara, saperti, tarian Seudati asal Acéh, tari Angin Mamiri, Makasar, Tari Ngremo Jawa Timur, Tari-tarian Dayak, Kalimantan, tarian perang Papua, tari kukupu jeung tari merak asal Jawa Barat jeung kasenian tradisional Nusantara lianna. Nya dina mangsa-mangsa taun 60-an, para seniman di tatar Sunda bisa disebut ngalaman masa kasuburan kréativitas, anu pangaruhna karasa nepi ka generasi kiwari, nyaéta, ketak ngagali wanda seni buhun, tuluy diropéa, jadi wanda kréasi anyar. Conto kréativitas jaman harita, salah sahijina, mimiti ngawanohkeun kasenian calung jeung wanda seni olahan anyar nu katelah,“kaulinan urang lembur.” Eta dua wangun kasenian, asalna ukur kasenian rahayat leutik di padésaan. Tapi sanggeus diropéa kana wanda anyar, nya calung jeung rupa-rupa kaulinan urang lembur téh, bisa ditabeuh ku para siswa sakola menengah.

Atuh keur kalangan rumaja, sagala bentuk seni, kudu ditaker kana pasaratan Kepribadian Nasional. Ku stréng-stréngna harita, dina raraga ngajaga ngariksa Nasionalisme, nepi ka para pembantu présidén, nyebar intelején pikeun moncongok réngkak polah para rumaja. Mangsa harita mah sok aya “cakcak bodas“ nyulusup kana pésta-pésta rumaja. Misilna mun katangén aya band rumaja ngamaénkeun musik rok ‘n roll atawa musik The Beatles, sok gancang pésta téh dibuburak ku aparat. Apan kajadian grup Koes Bersaudara (Koes Plus) unggah balé watangan turta dijebloskeun kana pangbérokan. Koes Bersaudara kabuktikeun di pangadilan, yén “kontra révolusionér,” henteu milu ngadukung program kepribadian nasional, lantaran mintonkeun lagu-lagu The Beatles dina konsér-konsérna. The Beatles harita anu nyieun révolusi musik rumaja, anu ceuceuleuweungan jeung ajrét-ajrétan, nurutkeun Sukarno, musik nu kitu henteu luyu jeung kapribadian urang, anu matak kudu dihulag, ulah nepi ka nyebar ka kalangan rumaja salemah cai. Bener-bener werit jaman harita mah, para rumaja bener-bener ditalikung teu bisa mingé, pésta dangsa dibuburak, piringan hitam grup-grup Barat dijabel, buuk gondrong jeung calana merecet digunting ku tentara. Oprasi kapribadiana nasional téh lumangsung dimana baé, teu di sisi jalan teu disakola-sakola.

Pikeun gaganti dangsa rock’ n roll, anu geus diharamkeun pikeun kaum rumaja jaman harita téh, nya ku para seniman jamanna diciptakeun tarian pergaulan anu disebut tari lénso. Eta tarian mun dibandingkeun jeung jaman kiwari mah, érék mirip jeung tarian poco-poco jaman ayeuna. Ku dariana pamaréntahan harita dina raraga ngabendung mahabuna dangsa rock ‘n roll  nu asalna ti Amérika, nepi ka Présidén Sukarno ku anjeun ngiring sosialisasi ka masarakat, ku cara anjeunna ngaréngkénék jeung garwana di Istana Nagara. Atuh pada motrét ku para wartawan tur jadi bahan berita utama dina surat kabar-surat kabar jaman harita, anu diémbél-émbélan katerangan pers, yén presiden nyalira mikalandep tarian lénso, turta saur presiden diwanohkeun minangka tarian pergaulan muda-mudi. Anapon tarian lénso téh hasil kréasi anyar tina tarian serampang 12, anu asalna tina seni tari di Sumatra Barat.***



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *