LBNews.com. SOREANG, – Kondisi lingkungan salila arus mudik Lebaran Idulfitri 1446 Hijriyah/2025 Masehi tina panalingaan sawatara nepi ka danget ieu, Selasa (1/4/2025) lumangsung kalayan kondusif. Taya kajadian musibah alam anu matak ngageumpeurkeun atawa ngahariwangkeun, seug komo nepi ka ngadatangkeun gangguan kana kalancaran lalu lintas kandaraan.
Ieu hal disebutkeun Bupati Bandung Dadang Supriatna sakumaha anu ditepikeun Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama dina kateranganana di Posko Utama BPBD Kabupaten Bandung, Soreang, Salasa pabeubeurang.
Uka Saska ngabeberkeun, salila dilaksanakeunana Siaga Darurat Bencana PAM Lebaran 1446 H, dumasar laporan ti Posko Utama BPBD Kabupaten Bandung, “Alhamdulillah dugi ka dinten Salasa ieu, teu aya kajantenan musibah alam,” ceuk Uka Suska.
Sok sanajan kitu, Uka Suska tetep miharep kawaspadaan masarakat dina nyanghareupan usum hujan kaayeunakeun anu sipatna kaasup kana ‘cuaca ekstrim’ anu henteu gampil kaprediksi kitu wae.
Uka Suska ge ngingetan rehna dumasar kana analisi Prakiraan Cuaca BMKG (Badan Meteorologi, Klimatologi dan Geofisika), dina usum hujan katompernakeun ieu aya kamungkinan hujan turun nepi ka bulan April 2025 kalayan intensitas ringan, sedeng jeung hujan badag.
Saterusna Uka Suska ngungkabkeun, salila mudik jeung balik Lebaran Idulfitri, Posko BPBD Kabupaten Bandung disiagakeun di sababaraha titik lokasi, diantarana di Rancabali, Pangalengan jeung Nagreg. Sedengkeun Posko Utamana museur di Kantor BPBD Kabupaten Bandung, Soreang.
“Tilu posko anu disiagakeun BPBD di lapangan, ieu kanggo ngagampilkeun layanan BPBD ka sakumna masarakat dimana aya kajadian musibah alam, boh urug, lini, hujan angin, tatangkalan nu runtuh, caah atanapi musibah sanesna anu tiasa janten gangguan kana kalancaran arus mudik sareng arus balik lebaran,” Uka Suska mungkas pituturna. (ds-k)***