LBNews.com. KAB. LEBAK, –Situs prasejarah titinggal kabudayaan ti jaman megalitikum. Pernahna di Kampung Cibedug, Désa Citorék Barat, Kacamatan Cibeber, Kabupatén Lebak, Banten. Legana jurang leuwih 40 kilometer persegi
Bangunan utama anu kapanggih nyaeta pundén berundak nu kawilang tohaga disusun tina batuan andesit campur tanah lempung winangun pasagi sabaraha undakan. Beuki luhur beuki ngaleutikan, ngawangun punclut piramida.
Di saban bagean juru masing-masing undakan aya batu tihang anu dijieun tina bahan batu andesit.
Palebah puncakna adegan pundén dijieun ti batuan andesit mangrupa opat batu aripis, anu disebut batu pipih. Pikeun muru ka puncak undagan, aya aksés mangrupa batu-batu pamanjatan di béh kulonna.
Lintang pundén berundak, ogé kapanggih batu ménhir atawa dolmén, meja batu, sarta batuan gurat anu diperkirakeun tempat upacara.
Situs Cibedug dikokolakeun jeung dipiara ku kolompok masarakat adat Kampung Lebak Cibedug. Ieu situs téh mimiti kapanggih dina taun 1931. Tapi, saméméhna Dinas Kapurbakalaan Hindia Belanda kungsi ngalaporkeun ti taun 1896.
Dilansir tina laman Kemendikbud, punden berundak di Situs Lebak Cibedug dibangun dina manngsa “bercocok tanam” anu diperkirakan sajaman jeung zaman neolitikumm kira-kira 2500-1500-an Samemeh Masehi.
Dina mangsa harita, manusa geus mikawanoh system kapercayaan jeung biasa ngalaksanakan ritual pikeun ngahormat para luluhur. Roh-roh para luluhr dipercaya nyicingan tempat -tempat anu luhur anu diasosiasikeun jeung sawarga atawa kahyangan.
Pangwangunan pundén berundak kaasup salasahiji cara masarakat pra-aksara pikeun ngahormat kakuatan panguasa alam di tempat pamatuhanana. (Koran Langlang Budaya)***