LBNews.com. BANDUNG, – Situ Aksan téh situ nu aya di Kota Bandung. Sakurilingna pinuh ku tatangkalan, kayaning caringin, loa, kihujan, huni, kopo, campaka, garédog, waru jeung tatangkalan séjénna. Tempatna liuh, tiis jeung asri, cocok pisan jang tempat ngareureuhkeun pikir. Harita Situ Aksan jadi tempat pavorit kaom nonoman jeung tempat pangimpungan jalma réa.
Loba aktivitas karaméan diayakeun di Kawasan Situ Aksan, saperti pasar malem, taman ria nepi ka perayaan imlék jeung Cap Goméh anu dilaksanakeun ku warga Tionghoa nu nganjrek di Kota
Dina mangsa taun 1950-1960-an, Situ Aksan masih kénéh jadi tempat wisata pavorit. Di tengah-tengah situ aya sababaraha pulo leutik. Mun rék nyorang éta pulo téh, biasa ngagunakeun parahu anu diolah ku kai pangwelah. Bandung.
Ku pamaréntah Belanda mah kungsi dijadikeun Kawasan Konsérvasi. Dina mangsa harita, jaman pamaréntah kolonial Walanda disebutna Westerpark. Ari ngaran jalanna disebut Westerpartkweg (ayeuna jadi Jalan Suryani).
Ngaran situ dicokot tina istilah dano dina basa Sunda. Sedengkeun ngaran Aksan, taya lian nyaéta anu ngabogaan lahan situ, katelahna Haji Aksan.
Kakara dina taun 1980-an mimiti dugdeg pangwangunan di sabudeureun Situ Aksan. Ti harita ieu tempat téh mimiti kagiridig. Lila-lila, lahan situ beuki ngurangan, nepi ka ngilesna. Robah jirim jadi pamukiman tug nepi ka danget kiwari.
Aya nu boga anggapan yén Situ Aksan baheulana urut Dano Bandung Purba. Tapi deuih aya nu nyebutkeun, ceuk sakaol mah Situ Aksan asalna tina urut galian lio batu bata. Jadi kaasup kana dano buatan anu teu ngahaja rék dijieun dano.
Awalna mah kira taun 1800-an, aya saurang warga Walanda, ngaranna Dr. Ir. R. van Hoevel. Inyana ngirim surat anu ditujulkeun ka Jendral N.J. Duymaér van Twist di Batavia perkara niatna hayang ngadegkeun kota Bandung. Éta usulan téh, nya disatujuan pikeun ngawangun Bandung sakalian mindahkeun puseur dayeuh Priangan ti Dayeuhkolot ka alun-alun Bandung.
Salila rentang taun ti mimiti 1860 nepi taun 1930, nya dilaksanakeun pangwangunan kota Bandung anu dirarancang jadi ibu kota Hindia Belanda.
Haji Mas Aksan anu tadina kaasup pangusaha lokal, apal kana réncana pamaréntah Hindia Belanda bakal ngawangun gedong-gedong di Kota Bandung, ahirna ngamangpaatkeun lahan sawahna nu upluk-aplak dijadikeun lio bata. Lahan sawah anu legana 4 héktar téh laju waé digali, jerona kira antara saméter nepi ka saméter satengah. Di béh kuloneun sawah Haji Mas Aksan téh aya walungan Leuwilimus, anu ngalir ti béh kaléreun Bandung.
Alatan ngabutuhkeun cai, pihak pamaréntah Walanda ngidinan cai walungan téh dibélokkeun ka lahan anu rada handap anu panjangna 600 méter, nepi ka antukna mah cai téh ngabalong, nya disebut wé balong Aksan minangka tempat jang panampungan cai bari sakalian bisa dipelakkan lauk.
Lila ti lila balong téh terus dibebenah bari jeung dilegaan nepi ka ahirna jadi situ anu réa didongdon ku jalma loba. Ti dinya mimiti robah sebutan, anu tadina sempet disebut Balong Aksan, robah jadi Situ Aksan. (Koran Langlang Budaya)***