LBNews.com. KUTAWARINGIN. – Bupati Bandung Dadang Supriatna ngabuktikeun jangjina pikeun ngabagikeun paket sembako (kebutuhan pokok masyarakat). Ieu paket sembako teh dibagikeun sacara tahapan, dimimitian ka para tukang ojeg pangkalan (opang) anu lobana 10.730 urang jeung 233 urang Petugas B3S (Bandung Bedas Bersih Sampah).
“Alhamdulillah, dinten ayeuna tos dibagikeun sembako ka para ojeg pangkalan anu seueurna 10.730 paket, sareng para patugas B3S sa-Kabupaten Bandung anu seueruna 233 paket. Janten, totalna dugi ka 11 ribuan paket sembako. Pamugi janten barokah,” jelas Bupati Bandung waktu launching ngabagikeun sembako di Aula Kecamatan Kutawaringin, Rebu (12/3/2025).
Dina prak-prakanana ngabagikeun ieu 11 Ribu Paket Sembako teh di-drop ka sakabeh kantor kacamatan. Para opang jeung patugas kabersihan ti B3S ngarumpul di kantor kecamatan sewing-sewangan.
“Paket sembago dibagikeun kalayan mareng di 31 kacamatan disaksian jeung dibagikeun sacara simbolis ngaliwatan zoom di Aula Kantor Kacamatan Kutawaringin,” ceuk bupati nambahkeun
Nurutkeun bupati, ku ayana paket sembako anu dibagikeun ka warga masarakat teh pikeun ngabantu-bantu jeung ngahampangkeun kaayaan ekonami masarakat leutik, hususna dina nyumponan kabutuh para panarima mangpaat di bulan Ramadhan nepi ka rek prungna usum lebaran.
Bupati ngungkabkeun, milu ngarasakeun kumaha kabutuhan masarakat dina kaayaan bulan Ramadhan. Tangtuna para tukang ojeg anu panghasilanana teu bisa ditangtukeun kawas bulan-bulan samemehna. Ngangkut panumpang oge rada sepi, ditambah kabutuhan saperti bahan poko terus nambahan mangsa mapag lebaran.
Inyana nambahkeun rehna paket sembako anu dibagikeun ngaliwatan Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) Kabupaten Bandung, ieu oge kaasup kana bagean dina raraga ngajaga katahanan pangan jeung ngadalikeun inflasi sajeroning mapag idul fitri.
Bupati nyebutkeun dina ngajaga tingkat inflasi di Kabupten Bandung, pihakna oge baris nindak kana kagiatan gelar Operasi Pasar Murah (OPM) anu baris dilaksanakeun mimiti tanggal 17 Maret nu bakal datang. “Dugi ka danget ayeuna, alhamdulillah inflasi Kabupaten Bandung masih aman tur aya dina kadali,” pokna ngajelaskeun.
Lintang ti kitu, Kang DS bareng jeung jajaran oge baris ngayakeun sidak ka pasar tradisional, bari sakalian nalingakeun kana kondisi harga komoditas sajeroning mapag idul fitri, “Ulah dugi ka kajantenan lonjakan harga di pasaran wilayah Kabupaten Bandung” ceuk Kang DS.
Ke hareup, Bupati Bandung ngajangjikeun, lain wae sembako anu rek dibagikeun teh, tapi deuih kapesertaan BPJS Kesehatan jeung BPJS Ketenagakerjaan pikeun sakumna tukangi ojeg pangkalan jeung petugas B3S. Bupati miharep ka para ojeg pangkalan jeung patugas kabersihan sangkan tetep sumanget nganafkahan kulawarga.
Bupati ge sempat cacarita pernah ngalaman jadi supir angkot, jadi tuklang bata, padagang kaki lima, “Teu perelu gengsi. Didungakeun sing gede hate, sumanget, anu penting kumaha jadi manusa mangpaat, minimal jang kulawarga,” ceuk Kang DS bangun nu ngumbar panineungan.
Sawatara, Kepala Dispakan Kabupaten Bandung Ina Dewi Kania nambahkeun, ieu distribusi bahan pangan anu dibagikeun teh minangka wangun kepedulian Bupati Bandung ka masyarakat, utamana mapag lebaran Idul Fitri.
Sasaran nu narima paket sembako teh diprioritaskeun pikeun para pagawe rentan jeung masarakat rawan pangan. Diantarana, nyaeta tukang ojeg pangkalan, guru ngaji ustaz jeung ustazah, oge seniman budayawan, kaasup buruh. Paket sembako dibagikeun sakumaha jumlah masing-masing kolompok panarima sasaran. Eusi paket eusina nyaeta beras 5 kiloan, cukup keur lima poe tuang sangu, aya deuih minyak goreng jeung gula bodas, jelas Ina.
Disebutkeun, dina taun samemehna, dina taun 2024 wae, Bupati Bandung geus ngabagikeun 150.000 paket sembako. Sumber dana paket sembako antara lain asalna tina dana insentif daerah (DID) atawa insentif kinerja Pemkab Bandung anu diterima ti pemerintah pusat. Sakurangna disokong ku dana tina APBD ngaliwatan Dispakan.***
Naskah: Dadan Sungkawa
Sumber: Rilis Humas Kab. Bandung