Jumat, 28 Mar 2025
Balabar Kawat

24.976 Personel Gabungan Dikerahkeun keur Ngamankeun Mudik Lebaran

Dedi Mulyadi sabada mingpin apel Operasi Ketupat Lodaya di buruan Gedung Sate, Jalan Diponegoro, Kota Bandung, Kamis (20/3/2025).

LBNews.com, BANDUNG, – Aya kana 24.976 personel gabungan dikerahkeun dina Operasi Ketupat Lodaya 2025 pikeun ngamankan arus mudik jeung Idulfitri 1446 Hijriyah.

Ieu para personel gabungan baris ngalasanakeun tugas salila 17 poe, ti 23 Maret nepi 8 April. Personel ngawengku 15.549 anggota Polri, 9.327 TNI, sejenna ti Dishub, Satpol PP, Damkar kabupaten/kota, jeung para relawan saperti pramuka. 

Gupernur Jabar Dedi Mulyadi ngajamin petugas gabungan siap nyadiakeun pangladen nu optimal ka masarakat ti mimiti awal mudik, poenan lebaran nepi ka arus mulang jeung ngayakeun aktivitas normal sabiasana.  

Dedi miharep, mudah-mudahan di jalanna sing lalancar, teu aya krimilitas, jeung angka kacilakaan zero, jadi harepan sarerea, ceuk Dedi Mulyadi sabada mingpin apel Operasi Ketupat Lodaya di buruan Gedung Sate, Jalan Diponegoro, Kota Bandung, Kamis (20/3/2025). 

Dina Operasi Ketupat Lodaya, Polda Jabar geus nyiapkeun 341 pos nu sumebar di sakuliah tatar Jabar di antarana 253 pos pangamanan, 64 pos pelayanan, jeung 24 pos terpadu bareng jeung Dishub, Jasa Raharja, dan Jasamarga. 

Dedi meredih ka masyarakat nu rek mudik sangkan patuh kana arahan patugas di lapangan. Direncanakeun inyana ge baris turun ka lapangan. Milu nalingakeun ka sasabaraha jalur padat mudik anu sok biasa nimbulkeun kamacetan pohara.

Dedi ge kacida ngajenan jeung nepikeun apresiasina ka para patugas nu ngalaksanakeun komutmen gawe mangsa poenan lebaran kalayan ngorbankeun teu bisa ngariung jeung kulawarga.

Gupernur mastikeun yen kasiapan jalan, sacara umum jalur relatif hade, ceuk KDM – landihan akrab Dedi Mulyadi.  

Gupernur ge nyatet ayana jalan provinsi nu ruksal alatan kahantem ku banjir atawa urug. Danget kiwari, Pemdaprov keur ngeureuyeuh ngomean jalan nu ruksak sangkan bisa digunakeun ku kendaraan kalayan nyaman tur aman. 

“Pikeun jalan provinsi nu kondisina bolong-bolong akibat hujan, pihakna geus antisipasi jeung fokos ngabeberes, kaasup jembatan nu ambruk bakal dianggeuskeun samemeh poenan lebaran, ceuk Dedi ngajelaskeun.***

Sumber: Humas Prov. Jabar

Dadan Sungkawa



Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *