LBNews.com. SOREANG – Bunda Literasi Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna nepikeun apresiasi dina acara gelaran Bedas Literasi Ramadhan atawa Berlian Fest Tahun 2025 anu dilaksanakeun Dinas Perpustakaan dan Arsip (Dispusip) Kabupaten Bandung di Soreang, Rebu (12/3/2025).
Nurutkeun Hj. Emma Dety,ieu kagiatan teh ngarupakeun komitmen sakabeh pihak pikeun ngarojong visi pangwangunan enggoning ningkatkeun masarakat Kabupaten Bandung nu leuwih bedas, maju tur mayeng dina ngawujudkeun generasi emas.
Alatan kitu, Emma Dety miharep ieu kagiatan Berlian Fest 2025 teh jadi perhatian husus ti rupa-rupa pihak minangka salasahiji tolok ukur kamajuan bangsa.
Emma Dety oge umajak ka sakumna pamilon Berlian Fest, kaasup generasi nonoman pikeun mulangkeun deui kana ngabiasakeun maca.
Inyana miharep ngaliwatan kagiatan Berlian Fest, bisa ngahasilkeunn masarakat nu produktif, kreatif, jeung inovatif keur pangwangunan di Kabupaten Bandung.
Leuwih jauh, Emma Detty neundeun harepan gede ka sakumna Bunda Literasi Kecamatan, Bunda Literasi Desa jeung Bunda Literasi RW anu teu bosen-bosen salawasna terus ngayakeun edukasi kumaha ngalarapkeun literasi di lingkungan sorangan dina prak-prakan sapopoe. “Urang kawitan bae tina macakeun ngadongeng, sabab tina ieu kabiasaan macakeun dongeng teh bisa ngalatih numuwuhkeun ide-ide luar biasa tur teu bisa disangka-sanjka,” poknya.
Emma Dety nyebutkeun maksud kagiatan Berlian Fest 2025, diantarana pikeun ngawanohkeun kumaha asyikna berliterasi dina numuwuhkeun sumanget literasi jeung ngahasilkeun karya. Kalayan harepan masarakat mampu nembongkeun peran aktif dina pangwangunan di Kabupaten Bandung.
Dina pamungkas cumaritana, Emma Detty nepikeun rasa kareueusna lantaran Kabupaten Bandung geus nembongkeun prestasi nu luar biasa dina widang kagiatan literasi nepi ka ngahasilkeun sababaraha penghargaan tingkat nasional.
Ieu penghargaan teh dipiharep jadi motivasi jeung ngamekarkeun kreativitas enggoning ngalahirkeun karya-karya pinunjul, salian bisa diimplementasikan di masarakat. Lantaran, karek Kabupaten Bandung nu ngabogaan Bunda Literasi pangeuyeubna sa-Indonesia, pokna.***