LBNews.com. SOREANG, – Bupati Bandung HM. Dadang Supriatna nyebutkeun, pihaknya baris ngarobah pola “tilu besar” lomba desa. “Tilu besar” hasil Lomba henteu cukup ku dibere sacewir piagam penghargaan, tapi leuwih kana kacenderungan winangun pembinaan atawa program.
Eta hal teh kaungkab dina acara ngalantik Pangurus TP-PKK, jeung Pangurus TP-Posyandu Kabupaten Bandung periode 2025-2030 di Gedong Mohamad Toha Komplek Pemkab Bandung, Soreang, Kemis (13/3/2025).
Kang DS ngeceskeun, ngeunaan tata laksana lomba desa, pihakna geus ngayakeun komunikasi jeung gupernur Jawa Barat.
Gupernur Jabar bakal mere pembinaan mangrupa program, lain bentuk duit. Tapi mangrupa program anu ngabogaan niley Rp 7 milyar diajangkeun pikeun “tilu besar” dina lomba desa tea. Kabupaten Bandung oge, bakalna kawas kitu, nyaeta nyiapkeun Rp 5 milyar pikeun pembinaan atawa program. “Tapi, lain desa eta-eta keneh, tapi diteangan desa nu lainna. Supaya aya kawalatraan (pemerataan) jeung kasumangetan pikeun desa sangkan leuwih bisa ngembang deui jeung bisa mandiri deui,” ceuk Kang DS ngeceskeun.
“Naon nu jadi Indikatornya? Indikatorna nyaeta salasahijina lingkungan bersih, sehat, sejahtera, anu dimimitian tina kondisi imah, cai bersih, kaasup jalan jeung insfrastruktur, bisa nembongkeun kondisi desa nu sehat,” ungkabna.
Sawataram, tutas dilantik Bupati Bandung, Ketua TP-PKK Kabupaten Bandung Hj. Emma Dety Dadang Supriatna langsung ngalantik 27 Ketua Tim Pembina Posyandu Kecamatan sa-Kabupaten Bandung, sedengkeun opat kecamatan lainna tacan kalantik sabab masih dijabat ku Plt. Camat ti 31 kacamatan se-Kabupaten Bandung.
Bupati Dadang Supriatna nyebutkeun, PKK jeung Posyandu kaasup salasahij garda di garis hareup pikeun bisa mawa karaharjaan jeung mantuan pangwangunan pamarentah, boh pusat, provinsi atawa kabupaten.
“Ieu Kader PKK jeung Posyandu langsung ka grassroot. Ti baheula, para kader PKK jeung Posyandu teh gajihna ngan sajuta alias sabar, jujur jeung tawekal. Tapi danget ayeuna, sacara tahap demi tahap, geus mimiti aya perhatian, mangrupa Insentif jeung BPJS Ketenagakerjaan kalawan pool. “Alhamdulillah di Kabupaten Bandung mah tos dilaksanakeun tur dijalankeun,” ceuk Kang DS. ***