Sabtu, 26 Apr 2025
Balabar Kawat

Mapag “Hari Kesiapsiagaan Bencana Taun 2025”, BPBD Kab. Bandung Ngawanohkeun Edukasi & Simulasi Kabencanaan ka Para Siswa jeung Masarakat

BPBD Kabupaten Bandung bakal ngagelar kagiatan edukasi atawa simulasi kabencanaan teh dilaksanakeun pikeun para murid PAUD, TK, SD, SMP, SLTA jeung paguron luhur katut masarakat umum.***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Pamarentah Kabupaten (Pemkab) Bandung ngaliwatan Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) bakal ngagelar saruntuyan kagiatan Hari Kesiapsiagaan Bencana (HKB) 26 April.

Leuwih lengkepna, BPBD Kabupaten Bandung nyebutkeun aya sajumlah runtuyan kegiatan HKB nu bari digelar, kahiji kagiatan zoom nasional dina 26 April 2025. Kedua, Pemkab Bandung melalui BPBD ngaluarkeun Surat Edaran HKB, katilu ngayakeun produksi video nabeuh kentongan atawa nakol kohkol, ucapan HKB jeung simulasi.  Anu kaopatna ngalaksanakeun simulasi jeung pelatihan Penanggulangan Bencana di Desa Tanjungwangi Pacet kolaborasi bareng TNI jeung Desa satempat. Kalima, masang spanduk HKB atawa banner HKB, jeung kagenep ngalaksanakeun simulasi bencana gempa di lingkungan Pemkab Bandung.

“Kagiatan mieling HKB ieu saban taun dilaksanakeun kalayan inisasi Badan Penanggulangan Bencana Nasional (BNPB) kanggo lajuning lakuna saterasna dilaksanakeun kalayan mareng ku pamarentah daerah hususna BPBD Kabupaten Bandung kanggo ningkatkeun kawaspadaan masarakat tumali sareng kabencanaan di daerah rawan bencana,” ucap Bupati Bandung anu ditepikeun ku Kepala Pelaksana BPBD Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama di Soreang, Rabu (23/4/2025).

Nurutkeun Uka Suska, kagiatan HKB, Khususnya pikeun tingkat Kabupaten Bandung bakal dilaksanakeun di lingkungan Pemkab Bandung, anu dimimitian ku sora sirene jeung kentongan. Diteruskseun kana kagiatan simulasi bencana gempa pikeun ningkatkeun kasiapsiagaan bencana.

“Ngalangkungan kagiatan HKB, Pemkab Bandung baris ngaluarkeun Surat Edaran Bupati Bandung pikeun disebar ka para OPD (Organissi Perangkat daerah) kacamatan digi ka tingkat desa sareng kalurahan di Kabupaten Bandung,” ceuk Uka Suska.

Inyana nyebutkeun ieu kagiatan HKB teh ngarupakeun bagean tina edukasi ka masarakat sangkan salawasna ningkatkeun kawaspadaan jeung kasiapsayagaan kana datangna musibah anu memang henteu bisa kaprediksi.

“Edukasi anu didugikeun ka masarakat teh diantawisna ngalangkungan kagiatan simulasi kabencanaan, boh sateu acanna, boh dina waktu kajadian musibah atanapi pasca kajafian musiban,” pokna deui ngajelaskeun.

Kepala Pelaksana BPBD nyebutkeun, kagiatan edukasi atawa simulasi kabencanaan teh dilaksanakeun pikeun para murid PAUD, TK, SD, SMP, SLTA jeung paguron luhur katut masarakat umum. 

“Ku ayana proses kagiatan edukasi jeung ngalaksanakeun simulasi, maksadna mah supados masarakat langkung siap dina waktu ngayonan musibah sareng sagala rupi kamungkinan tina musibah alam sanesna, sapertos musibah caah cileungcang, caah bandang, lini, urug, taneuh bagerak, angin puting beliung, kahuruan lahan atawa leuweung. Margi Kabupaten Bandung diniley kalebet daerah anu masih rawan musibah,” jelasnya.**

Tags:BPBD Kabupaten BandungUka Suska Puji Utama


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *