LBNews.com, DAYEUHKOLOT, – Wakil Ketua DPR RI, H Cucun Ahmad Syamsurijal, ngalaksanakeun inspeksi mendadak (sidak) ka lokasi banjir di Desa Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung, Salasa (11/03/2025).
Dina ieu kagiatan sidak teh, inyana dibarengan perwakilan Kementerian Sosial (Kemensos), Badan Nasional Penanggulangan Bencana (BNPB), Bupati Bandung Dadang Supriatna, Polresta Bandung, TNI, turta aparatur satempat.
Ieu Wakil Ketua DPR RI Bidang Korkesra teh nyebutkeun ngahaja turun langsung ka lokasi banjir Dayeuhkolot anu kawilang parna pikeun mastikeun yen sakabeh pemangku kapentingan nu jadi mitra DPR RI nembongkeun gawe sacara optimal enggoning ngungkulan musibah.
Nurutkeun inyana, diperlukeun tarekah strategis minangka solusi kongkrit jeung terus-tumerus pikeun ngaminimalisir musibah banjir nu taya kendatna saban taun di wilayah Dayeuhkolot, Baleendah, Bojongsoang jeung daerah sejenna di Kabupaten Bandung.
“Kanggo solusi, ka payun diperlukeun ayana kolan retensi, embung sareng bendung kanggo panampungan cai sangkan teu lebet ka walungan. Ieu teh baris janten solusi kongkrit kanggo ayeuna sareng jaga,” pokna.
Cucun anu oge ngajabat Wakil Ketua Umum PKB nembrakkeun kamadangna, diperlukeun rarancang nu asak jeung tindakan nu gancang pikeun nyinglar ieu pasualan. Ngarengsekeun pasualan banjir, nurutkeun Cucun, henteu bisa ku ngan ukur reaktif mangsa banjir datang, tapi mudu dibarengan ku upadaya panyinglar anu tuluy-tuluy.
Inyana nyontokeun kumaha banjir di walungan Ciliwung anu danget kiwari ngurangan sabada difungsikeun dano Ciawi. Ieu hal dniley efektif dina ngurangan resiko banjir di daerah Ciliwung.
“Sim kuring parantos ngayakeun diskusi sareng Pa Bupati. Bawiraos, kedah janten bahasan sasarengan rencana pangwangunan embung sareng dano retensi kana rapart-rapat DPR, “tambah Legislator nu asalna ti Dapil II Jabar.
Minangka bagean tina fungsi pangawasan DPR RI, Cucun oge nekenkeun rehna mangsa kajadian musibah banjir, anu penting nyaeta mastikeun kasiapan pamarentah dina nyukupan bantuan tanggap darurat. Utamana nyadiakeun katuangan pikeun warga anu kakeunaan musibah.
“Kemensos sareng BNPB kedah mastikeun bantuan katuangan siap saji sayaga tur sadia kanggo warga anu kakeunaan musibah. Ulah dugi ka aya warga anu kasulitan alatan teu mendak tuangan,” ceuk Kang Cucun, sesebuan akrabna.
Satuluyna, Kang Cucun nandeskeun yen kasalametan masarakat kaasup nu prioritas utama dina ngungkulan musibah. Inyana umajak ka sakumna elemen masarakat pikeun ngurangan dampak musibah. Inyana oge umajak, sakumna elemen masarakat iatna ngajaga lingkungan jeung ngaronjatkeun kasadaran lebah mitigasi bencana.
“Kedah ngawitan ti diri urang nyalira enggoning ngajaga lingkungan. Pamarentah sareng masarakat peryogi rampak gawe kanggo ngurangan dampak bencana,” pokna.
Kang Cucun oge nyebutkeun yen kahadiran salaku pimpinan DPR RI nu ngawidangan kasejahteraan rakyat boga tujuan pikeun mastikeun tanggap darurat tiasa kalaksanakeun sakumaha anu geus ditepikeun dina rapat-rapat DPR.
Legislator jebolan Ponpes Cipasung Tasikmalaya teh, kalintang ngapresiasi progamn 100 poe, ngapreisiasi program Citarum Harum nu geus hasil nerbitkleun bangunan liar di bantaran Sunngalah tur ngalakukeun normalisasi aliran walungan. Nurutkeun H, Cucun, ieu lengkah teh geus nuduhkeun hasil positif, dina ngurangan risiko banjir.
“Pihak DPR baris terus ngaroris tur ngabahas di DPR ngeunaan pihak anu tanggung jawab dina ngokolakeun bendungan jeung ngurus wahangan, naha di BBWS atawa instansi sejenna nu ngayakeun rampak gawe sareng TNI,” tambahna.***
Naskah: Dadan Sungkawa