Sabtu, 26 Apr 2025
Balabar Kawat

Nyoko kana Kaarifan Budaya Lokal, Dina Momen HKB 2025, BPBD Kabupaten Bandung Ajak Masarakat Hirupkeun deui Tangara Sora Kentrungan Kohkol

Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama, umajak ka sakumna masarakat Kabupaten Bandung pikeun ngotimalkeun deui fungsi kentrungan sora kohkol (kentongan) di tingkat RT, RW jeung desa/kalurahan di sabudeureunana.***

LBNews.com. KAB. BANDUNG – Mieling Hari Kesiapsiagaan Bencana (HKB) nu biasa dilaksanakeun tanggal 26 April saban taunna, aya informasi penting anu kudu ditepikeun ka masarakat Kabupaten Bandung.

Informasi penting nu ditepikeun  Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaliwatan Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Bandung Uka Suska Puji Utama, umajak ka sakumna masarakat Kabupaten Bandung pikeun ngotimalkeun deui fungsi kentrungan sora kohkol (kentongan) di tingkat RT, RW jeung desa/kalurahan di sabudeureunana.

“Ngahirupkeun deui kentrungan sora kohkol kalayan optimal minangka bentuk kearifan lokal warga sabudeureun, dina waktu aya kajadian musibah alam, musibah kahuruan, jeung bentuk bewara lainna anu geus jadi tradisi ti babaheula tumali jeung kaayaan social masarakat sabudeureun,” ceuk Uka Suska anu harita dibarengan Sekretaris BPBD Kabupaten Bandung Hendra Hidayat di celah-celah nyiapkeun kagiatan HKB  di Kantor BPBD Kabupaten Bandung, Soreang, Kemis (24/4/2025).

Uka Suska nyebutkeun dina momen HKB, BPBD Kabupaten Bandung bakal ngalaksanakeun simulasi mandiri di lingkungan Pemkab Bandung. Sakalian sacara mareng nabeuh kentrungan kohkol dikolakorasikeun jeung sirine kalayan ngalibetkeun para OPD (Organisasi Perangkat Daerah) atawa para ASN sarta masarakat lainna di sabudeureun lingkungan Pemkab Bandung, pokna.

Tumali jeung HKB, Uka Suska negeskeun yen pihakna geus diniatkeun hayang nguniangkeun deui ngagunakeun sora kentrungan kohkol di lingkungan masarakat Kabupten Bandung. Pangna kitu, sabab danget kiwari fungsi kentrungan kohkol (kentongan) di tengah-tengah kahirupan masarakar geus mimiti sirna. Dina ayana oge ngan saukur jadi papaes di pos ronda atawa di kantor-kantor RW atawa RT jeung desa. Henteu enya-enya difungsikeun.

Uka Suska netelakeun, samemeh kondisi kawas kaayeunakan dina jaman modern jeung sarwa teknologi canggih, kentongan atawa kentrungan sora kohkol geus jadi tradisi minangka kaarifan budaya local jadi alat informasi anu jetu di kalangan masarakat sabudeureun.

“Pihak Pemkab Bandung miharep kentrungan kohkol digiatkeun jeung dibudayakeun deui di satiap poskamling, henteu mung saukur janten sakadar pajangan. Nanging difungsikeun deui kalayan optimal,” pokna ngungkabkeun deui kabiasaan masarakat nu geus meh leungit.

Uka Suska ngajelaskeun sora kentrungan kohkol atawa kentongan anu ditabeuh kalayan ragam ketukan ngajadikeun rupa-rupa informasi bisa langsung katarima ku masarakat, najan dina wirahma ketukan nu beda-beda, boh sora kentrungan dina waktu aya musibah, atawa kajadian-kajadian anu kaalaman ku patugas ronda malem, saperti kajadian aya nu ngalahirkeun tengah peuting atawa kajadian aya jelema anu boga galagat goreng.

“Ku ayana kagiatan HKB ieu, BPBD Kabupaten Bandung ngajantenkeun momen nguniangkeun deui nabeuh kentongan kanggo difungsikeun deui minangka budaya kaarifan local di saban poskamling, boh RT/RW atanapi Desasewwang-sewangan,” ungkab Uka Suska.

Disebutkeun, fungsi kentongan jadi alat bantu pikeun ngabewarakeun katartiban jeung kaamanan di lingkungan masarakat sabudeureun. Sora kentrungan kohkol atawa kentongan lain wae dina kabencanaan, tapi deuih leuwih kana kasiapsiagaan dina waktu nyanghareupeun pinangih jeung  kaayaan kadaruratan, ceuk Uka Suska netelakuen.

Lebih jero deui Uka Suska nandeskeun yen kentrungan kohkol atawa kentongan pikeun difungsikeun. Sabab, kiwari kentongan geus jarang kapalire tur digunakeun ku masarakat.

Ngabudayakeun deui kentongan atawa kentrungan kohkol moal kapangaruhan ku kendala kondisi teknologi jaman kaayeunakeun. Sabab kentongan atawa kohkol mah dijieunna tina awi atau kai, tapi sorana baga aweuhan nu jauh. “Nu jelas, BPBD Kabupaten Bandung dina raraga HKB seja nguniangkeun  budaya tradisi kohkol atanapi kentongan minangka kearifan lokal anu masih keneh tiasa dilarapkeun dina zaman modern mangsa kayeunakeun,” pokna nandeskeun.

Uka Suska nambahkeun yen ngahirupkeun deui kentongan atawa kohkol mibanda ajen neruskeun warisan budaya ti babaheula.

Malah, Kabupaten Bandung kudu jadi pioner pikeun dijadikeun warisan budaya tak benda (WBTB) Kabupaten Bandung ku ayana Kohkol Geumpeur Sakaten atawa Kohkol Atom nu geus aya dina jaman revolusi kamerdikaan minangka tradisi dina jaga-jaga ngayonan para penjajah jeung ngayakeun kagiatan gotong royong.

“Ngamangpaatkeun kentongan atanapi kohkol henteu perlu biaya mahal. Cukup tina Awi sareng kai, anu di lembur-lembur mah henteu sesah ngadamelna,” pokna.**

 

 

Tags:BPBD Kabupaten BandungBupati BandungDadang SupriatnaKohkol AtomKohkol Geumpeur SakatenPemkab BandungUka Suska Puji Utama


Baca Juga

Komentar

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *