LB News.com, CIPARAY. – Ti awal mula, rarancang revitalisasi Pasar Ciparay, galagat rupaning pasualan geus mimiti timbul, bangun dihaja diciptakeun sina rame. Sina panas. Padahal sabenerna, pihak pamarentah Desa Ciparay anu ngabogaan hak dina hal ngokolakeun pasar Ciparay geus satekah polah ngayakeun fasilitas pikeun kapereluan warga pasar. Rupa-rupa carana. Ti mimiti diskusi, dialog katut komunikasi aktif sejenna. Anu dipamrih sangkan ka hareupna Pasar Ciparay henteu katingali keumeuh, tapi nembongkeun hiji kaayaan pasar nu bersih, rapih tur nyaman ka sarerea. Jadi pasar tradisional anu modern. Nyaman keur sakumna warga Ciparay, warga pasar jeung warga anu ngadon balanja. Ciparay bisa ngahudang ajen kapiraray, kitu paniatan awal kades Ciparay ngabebenah pasar nu aya di wilayahna.
Pamarentah Desa Ciparay ngaliwatan Bumdes rampak gawe jeung PT Pradasa mimiti ngalaksanakeun proses Revitalisasi Pasar Ciparay, tur satekah polah kalayan daria ngalaksanakeun revitalisasi Pasar Ciparay sakumaha prosedur anu geus jadi katangtuan. Ieu niat hade teh, naha bet geuning kalah loba disambut ku rupa-rupa gerakan ti luar anu terus ngaganggu ku cara ngamangpaatkeun dunia medsos, ti mimiti tiktok, facebook katut media jejaring social sejenna. Padahal samemehna nada protes nu jul-jol make tayangan ormas, geus direngsekeun. Utamana ngeunaan kakurangan-kakurangan anu kudu dijalankeun dina revitalisasi pasar Cipray.
Kapela Desa Ciparay nganggap, yen sakabeh tekanan kitu deui bulli-an anu tumiba ka dirina meureun bisa disebutkeun minangka proses demokrasi atawa proses pendewasaan anu ditujukan sacara gamblang, anu temahna jadi positif, ku cara ngayakeun instrosfeksi bisi enya aya nu salah.
Goncangan tekanan nu menta ditangguhkeun teh terus-temurus disuarakeun ku pihak katilu, nepi ka ngalentab nyerang pribadi pa kadesna sorangan. Teu cukup ku kitu, malah mamawa para pajabat nagri, bangun nu ngababi buta. Bangun hayang nepi ka viral. Sabab canah, jaman kiwari mah nanaon ge hayang viviralan.
Ahirnya Bupati Bandung anu kakara kapilih nu kadua kalina, nepi ka wayahna turun tangan. Kang Ds langsung ngumpulkeun sakur nu boga wewenang jeung nu baroga kapentingan, duduk Bersama. Ti mimiti kepala Disperdagin, Kepala Dinas lingkungan hidup, Kepala kantor Perijinan (DPMPTSP), DPUTPR, kontraktor pasar Ciparay nepi ka kepala desa Ciparay selaku pemilik jeung mu ngokolakeun pasar Ciparay di ruang rapat Bupati, Kamis 6 Maret 2025.
Sanggeus ngabandungan sakur persoalan nu keur disanghareupan, Kang DS sacara langsung, tandes ka pihak OPD kakait sangkan sagancangna sakabeh kaperluan perizinan diproses. Kang DS hayang pangwangunan pasar gancang mitembeyan ulah diengke-engke, komo nepi ka diluli-luli, sangkan para padagang bisa nempatan pasar anyar nu leuwih nyaman.
“Oke, pokokna minggu hareup sakabeh perijibab mudu beres. Ulah dilila-lila malar pangwangunan bisa gancang dimimitian,” kitu ceuk Kang DS ka para kepala OPD nu kakait. Inyana oge meredih ka pihak PT Pradasa, salaku pengembang milu proaktip dina mngalaksanakeun kalengkepan perijinan anu horeng masih keneh aya kakurangan. PT Pradasa ge nyanggupan tur ngarasa sadar ngeunaan pentingna ieu pasualan.
Satuluyna Kang DS mere bongbolangan jeung solusi dina ngupayakeun ngarengsekeun pasulan perijinan, kitu deui dina proses pangwangunan pasar Ciparay sangkan bisa lumangsung kalawan lungsur langsar, boh keur masarakatna, boh keurpamarentahan desa Ciparay. Solusi anu ditepikeun ku Kang DS teu burung we jadi angin seger ka sakumna pamarentahan desa Ciparay nya kitu deui warga pasar anu terus digoreng ku isyu isyu nu teu jelas
Leuwih jauh bupati negeskeun deui, yen lokasi pasar Ciparay ngarupakeun tanah milik desa Ciparay. Jadi anu boga kawenangan tangtuna oge Kepala Desa Ciparay jeung masarakat desa Ciparay.
“Sakali deui sim kuring nandeskeun, ieu tanah kapemilikan desa Ciparay.P enkab Bandung mung mere ijin wungkul. Ulah lepat tafsir. Danget ayeuna pengembang aya sababaraha kakirangan perijinan, nya urang bantu. Insya Allah minggon payun, rengse,” ceuk Kang DS.
Swatara nnngguan perijinan beres, Kang DS ngabageakeun PT Pradasa salaku pengembang Pasar Ciparay pikeun meresan areal pasar heubeul sakalian nyiapkeun material di lokasi pasar nu rek dibangun.
Kepala Disperdagin Kabupaten Bandung Dicky Anugrah ngaku ngarasa longsom sabada bupati Bandung Dadang Supriatna turun tangan ngayakeun solusi kongkrit pikeun kajelasan pangwangunan pasar Ciparay.
Ieu teh ngarupakeun anugrah pikeun kepala Desa enggoning nyinglar rupa-rupa goncangan negative nu salawasna hayang ngagagalkeun ti mimiti rarancang pangwangunan pasar dijieun. Sakumaha anu geus mindeng kabandungan, upaya revitalisasi pasar Ciparay loba rambat kamalena nu remen dijadikeun tutunggangan pihak nu henteu tanggung jawab. (Gun)***