LBNews.com. MARGAASIH, – Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb datang langsung ka lokasi masarakat anu katiban banjir di Kampung Rancamalang Desa/Kecamatan Margaasih, Kituna teh bari jeung sakalian ngamonitor kondisi SDN Margaasih anu tembokna jebol kahantem banjir, di dua rohangan kelas, Salasa 18/3/2025).
Kadatangan Ali Syakieb ka lokasi banjir, salian ti ngalaksanakeun monitoring ngungkulan musibah, oge bari masrahkeun bantuan santunan paket sembako ka warga anu kakeunaan dampakna.
Wabup Ali Syakieb nyebutkeun pihak Pemkab Bandung terus ngupayakeun ngungkulan banjir jeung ngayakeun koordinasi jeung pamarentah pusat katut lembaga anu aya pakuat-pakait lainna.
Nurutkeun Alie Syakieb, tina kagiatan monitoring ieu teh anu dipiharep pikeun: ”percepatan penanganan” banjir sarta ngaringankeun beban warga anu katiban musibah. Mudah-mudahan warga anu keur katalangsara akibat banjir teh dibere katabahan, jeung kataqwaan dina narimna ieu cocoba, pokna
Disebutkeun upaya pananganan korban banjir anu dipiharep mah bisa lungsur langsar, nu afekna bisa langsung karasa ku masarakat anu kamusibahan.,pokna deui.
Ali ngadadarkeun Pemkab Bandung ngaliwatan BPBD geus ngalakukeun upaya pendataan karuksakan turta ngayakeun koordinasi pikeun mulangkeun deui kaayaan imah nu ruksak. Kaasup SDN Margaasih nu dua rohangan kelas tembokna ambrol katarajang banjir.
Samemehna diberitakeun, datangna cai tina hujan lilintungan mimitina neumbrag benteng pangwates irigasi nepi ka jebolna di Kampung Rancamalang. RT 1/RW 10, Desa/Kecamatan Margaasih Kabupaten Bandung, sabtu (15/3/2025) sekitar pukul 17.00 WIB.
Cai beuki mudal terus narajang pamukiman, akibatna tembok imah waga milik Asep Suryana jebol nepi sakulawarga kalayan 4 jiwa dievakuas ka tempat nu leuwih aman.
Salian ti imah warga, banjir ge mawa dampak gede kana ngahantem bangunan SDN Margaasih, cai caah terus narekab langsung aasup ka area sakola nepi ka nimbulkeun karuksakan signifikan, 2 rohangan kelas SDN Margaasih ruksak berat akibat ambrukna tembok sakola
Sedengkan 8 kelas lainna rusak ringan, ukur kakeueum ku cai. kitu deui buku-buku sakola, alat elektronik jeung peralatan diajar lainna jigana hamo kapuluk deui .
Sawatara, minangka upaya rikat pasca bencana, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Enjang Wahyudin, dibarengan Kepala Seksi Sarana SD, Setiawan, turun langsung ka lokasi ngayakeun monitoring jeung panalingaan kondisi sekolah anu kakeunaan musibah.
Pihak Dinas Pendidikan langsung turun ka lapangan ngayakeun pendataan tina karuksakan sarta ngyakeun koordinasi pikeun mulangkeun kana kaayan samula sangkan proses diajar tetep bisa lumangsung.
Enjang nandeskeun, pihak Disdik Kabupaten Bandung satekah polah nanjeurkeun komitmenna enggoning mulangkeun deui kaayaan fasilitas pendidikan di sakola anu kakeunaan musibah alatan caah rongkah.***
Dadan Sungkawa