LBNews.com. KOTA BANDUNG, – Wali Kota Bandung, Muhammad Farhan miharep para purna Bintara Pembina Desa (Babinsa) masih keneh tetep bisa mere kontribusi pikeun pangwangunan di Kota Bandung.
Maksudna mah enggoning ngaronjatkeun kadisiplinan, sayaga bencana, nya kitu deui ngajaga katengtreman, fungsi umum jeung panyalindungan masarakat (Ketentraman, Fungsi umum, dan perlindungan masyarakat) atawa nu disebut Trantibumlinmas.
Eta hal teh kaungkab dina acara silahturahmi Walikota Bandung Muhammad Farhan jeung para Purna Babinsa di Pendopo Kota Bandung, poe Jumaah, (28/3/2025).
Salasahijina, pasukan Linmas bisa dibor ku para Purna Babinsa sangkan kadisiplnan leuwih optimal. Harepanana, purna Babinsa jeung Linmas mampuh ngayakeun sinergi dina nyiptakeun katengtreman wilayah,’ jelas Farhan.
Alatan kitu, Farhan geus ngarencanakeun ngadatangan 30 kacamatan nu aya di wewengkon Kota Bandung anu baris dilakukeun sabada lebaran nu bakal datang.
Dalah dina prungna mah, lain wae ngajak para Purna Babinsa, Farhan ge baris ngajak para Babinsa aktif pikeun milu andil ngajaga katentreman di wilayahnaTak hanya para Purna Babinsa, Farhan juga akan mengajak para Babinsa aktif untuk ikut andil menjaga ketentraman di wilayahnya. (Diskominfo Kota Bandung/Fauziah)***
Dadan Sungkawa/Sumber Diskominfo Kota Bandung